Anda di halaman 1dari 8

"Korupsi" dina Basa Sunda

Ku : Mamat Sasmita

Dina kamus Sunda-Inggris karya Jonathan Rigg anu diterbitkeun dina taun 1862 kecap
korupsi teu kapanggih, kitu deui dina kamus basa Sunda-Melayu karya R.Satjadibrata
anu terbit dina taun 1944 jeung dina kamus Sunda-Sunda Satjadibrata anu terbit taun
1948 kecap korupsi teu kapanggih. Dina kamus basa Walanda-Sunda beunang
S.Coolsma anu terbit dina taun 1910, kecap korupsi dina basa Walanda ge teu aya,
sigana Coolsma ngahaja teu ngaseupkeun kecap korupsi kulantaran euweuh
pisundaeunana.

Dina mangsa kiwari kecap korupsi teh geus diaku jadi basa Sunda, hal nu jadi tandana
nyaeta mindeng asup kana media citak basa Sunda, malah kapan Majalah Cupumanik
mah kungsi nulis ngeunaan korupsi, kecap korupsi dipake sagemblengna.
Anu jadi tanda sejenna kecap korupsi geus diaku jadi basa Sunda nyaeta geus asup kana
kamus basa Sunda dina Kamus Sunda-Sunda LBSS (Lembaga Basa Sastra Sunda) ngan
diejahna koreupsi, kamus ieu mimiti terbit taun 1975. Buku kamus Sunda-Sunda LBSS
geus mindo citak anu ka tujuh panungtungan dicitak taun 1992, kecap korupsi tetep
diejah koreupsi.

Hartina koreupsi ceuk kamus Sunda-Sunda LBSS nyaeta : koreupsi (tina basa Walanda);
kacurangan dina ngajalankeun papancen nguruskeun duit atawa milik nagara atawa
milik pausahaan jste, pikeun nguntungkeun diri pribadi atawa golonganana.
Buku kamus sejen anu ngasupkeun kecap korupsi nyaeta buku Sundanese-English
Dictionary yasana RR Hardjadibrata anu terbit taun 2003, dicutat sagemblengna :
korupsi noun (Dutch), corruption; ngorupsi, commit corruption with something,
misappropriate something, (eg public property etc).

Diakuna hiji kecap basa asing kana basa daerah (Sunda) aya sababaraha alesan
diantarana euweuh sasaruanana dina basa daerah sedengkeun eta kecap basa asing teh
mindeng dipake jeung hartina geus dipikawanoh ku masayarakatna. Ana kitu kecap
korupsi ge geus kacida dipikawanohna ku urang Sunda, bisa bae dipikawanohna teh
alatan mindeng kajadian ayana korupsi atawa ngan sakadar hiji berita anu pantes
dikanyahokeun ku masyarakat Sunda, bisa bae kajadian korupsi-na mah di luar tatar
Sunda. Tapi sigana mah korupsi ge kungsi jeung eukeur mahabu di tatar Sunda, malah
kungsi aya anggapan korupsi di Jawa Barat kaasup kadua panggedena (ilikan dina
www.google.com , entry korupsi jawa barat )

Mukaan kamus basa Sunda bakal kapanggih kecap basilat, hartina basilat ceuk
sababaraha kamus :

Kamus Sunda-Sunda Satjadibrata : neangan kauntungan nu ngarugikeun ka batur.


Kamus Sunda-Sunda LBSS : licik, curang, teu jujur; lampah basilat, lampah curang
ngarugikeun batur upama nipu, koreupsi.
Kamus Sunda-Inggris RR Hardjadibrata : (adj) sly, corrupt, dishonest, deceiful, act
deceitfully, distort the fact, corrupt practices. Dua kamus nyebutkeun basilat teh sarua
jeung korupsi.
Kecap basilat mangsa kiwari arang langka digunakeun ku media masa basa Sunda boh
media citak boh media elektronik, hal ieu teh bisa bae kulantaran hartina kurang
dipikawanoh, eleh populer ku kecap korupsi.

Hanjakal kecap basilat dina kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg teu kapanggih, sigana
kecap basilat harita can aya atawa memang kecap anyar anu asalna tina basa deungeun,
hal ieu bisa dibandingkeun jeung katerangan dina kamus Sunda-Melayu Satjadibrata anu
nyebutkeun kecap basilat asalna tina kecap bersilat basa Melayu, diilikan harti bersilat
tina kecap asal silat dina kamus eta keneh kapanggih : silat ; basilat (bandingkeun
bersilat Melayu) lancung (kepada orang ). Tapi lamun ngilikan dina Kamus Besar
Bahasa Indonesia hartina silat nyaeta olahraga ketangkasan menyerang dan membela
diri, aya anu kira kira bakal saharti nyeta bersilat kata (lidah) nu kira kira pihartieunana
debat, ngadu kapinteran silih tempas.

Kecap sejen kayaning ceceremed, cocorokot, maling, madog, maok, ngabangsat,


curaling, nipu, ngarah ngarinah hartina mah kapan eta-eta keneh, ari curaling, nipu,
ngarah ngarinah leuwih condong kana kalakuan teu jujur.

Rampog, begal, bajo mah teu kudu diasupkeun lantaran eta mah sanajan hartina ampir
sarua maling maling keneh tapi bari jeung aya unsur maksa mirusa, dilakukan kalawan
terang-terangan jeung dilakukeun biasana ku jalma leuwih ti saurang.
Nilik lobana kana kecap basa Sunda anu hartina maling, bisa bae disebut, eta teh
kabeungharan basa Sunda atawa boa boa bakating ku loba kajadian pulang paling jaman
karuhun baheula nya kecap basa Sunda nu hartina maling ge jadi loba atawa sabalikna
karuhun baheula teh geus wacis jeung mere tangara supaya urang Sunda ulah
ngalakukeun hal hal kalakuana anu goreng patut, lobana kecap teh sangkan jadi
bebenteng diri tina kalakuan goreng patut eta.

Lamun urang nyaksian boh gambar dina media citak atawa ningali dina televisi, anu
dituduh korupsi teh sok katingali perlente, make sapatu make dasi, terpelajar, leucir,
boga pangkat, pinter, boga nomer induk kepegawaian, capetang pertentang, teu eraan.
Kacida patojaiahna jeung anu katewak dituduh maling, beungeut kusut, tara nyisiran,
make sendal capit, make kaos buntung, calana belel, ngomong ge siga nu embung kaciri
beungeut.

Sigana anu jadi sabab nyaeta kecap korupsi mah asalna tina basa asing, basa deungeun,
anu hartina ngan sakadar apal dina biwir, teu nyerep kana hate, jadi ngarasa henteu
salah, beda deui lamun disebut maling, maok, sabab maling jeung maok mah kecap anu
geus kaharti kalawan nyerep kana hate.
Ana kitu ganti we atuh kecap korupsi teh ku kecap maling, sugan we korupsi teh jadi
ngurangan.

Mamat Sasmita
Pangsiunan pagawe Telkom, nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda
(Artikel ieu dimuat dina Majalah Cupumanik No.43 Pebruari 2007)
BASA SUNDA DINA MÉDIA CITAK
LOBA TEUING TINIMBANGAN? *)

ku Abdullah Mustappa
Katompérnakeun taun 1952, kantor Jawatan Kabudayaan di Bandung
ngaluarkeun majalah, ngaranna Budaya, dina basa Sunda. Ukuranana 14,5 sm ka 21,5
sm, kandelna 42 kaca (teu kaasup jilidna). Di béh handap, aya katerangan: Wawaran
Jawatan Kabudayaan Jawa Kulon Kamantrén PP & K1.
Nu hayang disabit di dieu, lantaran aya patalina jeung tulisan, nya éta istilah Jawa
Kulon. Majalah Budaya téh mangrupa wawaran atawa kalawarta anu medal kalawan
mayeng tur dikaluarkeun ku hiji kantor ti Jawatan pamaréntah. Matak beunang
disebutkeun istilah Jawa Kulon gé sasat resmi anu jolna, atawa rék ditawarkeun, ku
pamaréntah.
Tapi sakaterang mah, istilah Jawa Kulon téh henteu popular atawa terus dipaké jadi
sesebutan resmi dina hirup sapopoé. Malah ayeuna mah, apan sasat geus tara kadéngé
deui. Sakur média citak dina basa Sunda nu ayeuna aya kénéh, taya hiji gé anu nyebut
Jawa Kulon. Kum waé saréréa gé nyebutna téh Jawa Barat.
Naon sababna pangna istilah Jawa Kulon sasat henteu ditarima lain baé ku urang
Sunda tapi ogé ku urang Jawa Barat umumna, tangtu aya alesanana. Éta alesan téh bias
nyoko kana urusan basa, atawa bias baé nyoko kana alesan séjén, kaasup soal sikep
pulitik urang Sunda. Dina Kongrés Pamuda Sunda, nu diayakeun dina taun 1956
upamana, salasahiji proklamasi téh apan lain netepkeun sesebutan propinsi Jawa Barat
jadi Jawa Kulon tapi jadi propinsi Sunda. Nu diusulkeun jadi propinsi Jawa Kulon mah
nyaéta Jawa Tengah. Di sagigireun éta, aya anu ngahudang kapanasarn: nepi ka mana
silih pangaruhanana antara masarakat jeung media citak dina urusan basa? Nu dimaksud
di dieu tangtu wé antara media citak basa Suda jeung kahirupan sapopoé urang Sundana
sorangan.
Nurutkeun catetan Roesjan, urang Sunda geus boga média citak dina taun 1894. nya
éta ku kaluarna Sunda Almanak anu medal sataun sakali, dicitak ku Van Dorp di
Semarang. 2) Kangaranan almenak anu kaluarna sakali dina sataun, bias kaharti lamun
pangaruhna kana hirup kumbuh urang Sunda sapopoé téh teu sabaraha.
Duawelas taun ti harita, kaluar Panemu Guru. Nu ieu mah leuwih kerep, medalna
dua bulan sakali. Disebutkeun, “nu jadi rédaksina réngréngan ‘Mantri Sunda’ di
Bandung, basana puguh wé bérés”.
Sigana mah di dieu huluwotanana téh.
Media citak basa Sunda, ti baheula nepi ka ka ayeuna, méh salawasna dikokolakeun
ku réngréngan Mantri Sunda téa. Dalah anu narulis milu ngeusianana ogé henteu jauh ti
dinya. Kitu deui nu macana. Nu matak nepi ka ayeuna, media citak Sunda mah loa pisan
ulukutek dina urusan sakola jeung guru.
Nu digolongkeun kan réngréngan MantriSunda téh (wayahna, rang terus sebut kitu
baé susuganan bakal aya maunatna), tangtuna gé aranjeunna anu pangaweruhna kana
basa Sunda geus diaku kalayan resmi. Nu matak munasabah lamun basa Sundana
disebut bérés gé. Basa Sunda anu diparaké dina tulisan dina media citakna gé, tangtu
tuhu kana papagon basa sakumha anu diajarkeun di sakola-sakola.
Di lebah dieu bakal aya pasualan anu kawilang penting tapi salila ieu sigana mah
tacan ditembrakkeun kalawan daria. Geus jadi cecekelan saréréa anu sapopoéna icikibun
dina media cita, yén basa an dipaké dina media citak mah (kayaning Koran atawa
majalah anu medlna kerep; tapi lain bangsaning jurnal anu medalna ampleng-
amplengan), nya éta basa sapopoé. Hartina ragam basa anuhirup jadi alat komunikasi di
masarakat. Mindeng kajadian, basa anu komunikatif téh gugon kana pakem atawa
patokan basa anu bérés téa.
Mémang lain urusan gampang pikeun nyirikeunana téh. Basa anu dipaké tur hirup
sapopoé apan terus robah. Di sagigireun aya nambahanana, aya ogé nguranganana.
Jeung soal ieu téh kajadian jeung kaalaman ku basa naon baé. Ngan bédana téh
meureun, dina basa séjén mah robah-robahna basa téh terus dititénan jeung dicatet,dina
basa Sunda mah tacan nepi ka dinya. Salasahiji ukuranana, nepi ka kiwari tacan aya
kamus basa Sunda anu medal kalawan periodic, boh uggal taun boh dua taun sakali.
Padahal kamus téh penting minangka catetan ngeunaan tilem-timbulna kecap-kecap, boh
nu anyar boh nu heubeul.
Ari basa Sunda anu dipaké dina media citak téa, kumaha?
Dina majalah Budaya téa aya salasahiji tulisan nu ku nu nulisna disebut reportage
(reportase atawa laporan jurnalistik). Judulna, Sindang Sakedap ka Toko Buku
“Tempo”! (éjahanana disaluyukeun sareng ayeuna):
Upama urang mapay turut sisi jalan Dago téh urang ngalangkungan jalan Merdéka
tadi; leresan parapatan jalan Acéh jalan Dago, parantos katon papan-wawaranana dicét
konéng nganggo seratan: Toko-buku “TEMPO’ CV. Ti luarna kénéh salebeteun kaca
anu harérang, témbong rui-rupi buku ngagelar anu diatur rapih pisan. Sumangga urang
lebetan; tangtos urang diangken kalayan sugemana ku para juru-ladénna, kitu deui ku
Pangasuhna.
Took-buku “TEMPO” ieu nembé pisan campleng satengah taun ngadeg, parandéné
kitu parantos sagala rupi buku anu macem kumaha baé anu teu aya di dinya; sasat sayag
sapuratina, teu éléh géléng ku took-toko buku anu arageungna ogé di Kota Bandung. 3)
Bandingkeun jeung basa Malayu anu dipaké dina Koran Bintang Betawi (17 Juni
1905). Judulna, Komedie Bengalan di Gambir:
Semalem ada brapa banyak orang sudah dateng menonton di komedie Bengalan
di tanah lapang Gambir sampe tida ada tempat lagi buwat orang-orang bangsa
anak negri.
Dari permaenannya itu yang sudah di kasi tenjuk semuanya bagus apa lagi
badutnya yang di kasi beklai sama orang yang amat lucuny, maka siapa yang blom
tau menonton ini komedie baiklah dengen mata sendiri. 4)

Saméméh Sipatahunan, media citak basa Sunda umumna medalna téh bulanan
atawa mingguan. Jadi aya waktu anu cukup pikeun para rédakturna dina mémérés
tulisnana. Jadi dina mangsana medal téh, basana kapiara sajalan jeung patokanana. Dina
media anu saperti kitu, beunang disebutkeun langka aya tulisan anu wandana laporan
jurnalistik. Dina ayana ogé, sakumaha anu katémbong dina Manglé sabada frekuensi
medalna jadi mingguan. Leuwih loba nyaritana batan ngalaporkeunana.
Béda jeung anu kaalaman ku Sipatahunan anu kudu medal unggal poé. Di
sagigireun alesan-alesan séjén (bangsaning modal jeung urusan manajemén) anu jadi
sabab tutupna éta Koran téh apan lantaran medalna leuir baé. Béda jeung koran-koran
basa Indonésia anu subuh gé geus nepi ka nu maca, Sipatahunan mah bias kakara
katarima isukna lamun dikirim ka tempat nu jauh mah. Ari pangna kitu, lantaran
nyokona dina gawé rédaksi.
Para waratawan jeung rédaktur téh henteu bias nulis kalawan gancan lantaran kudu
nyalin sakumna warta anu méh kabéh sumberna dina basa Indonésia (atawa basa asing).
Naon sababna urang Sunda nu jaradi rédaktur ari nulis berita dina basa Indonésia bias
gancang tapi teu kitu mun kudu nulis dina basa Sunda?
Nepi ka ayeuna soal éta téh tacan aya bongbolonganana.
Waktu Tatang Sumarsono kapapancénan kudu nerbitkeun deui Kujang, anu
panghéséna téh cenah néangan sahanu bakal diajak jadi rédaktur jeung wartawan turta
bias langsung diajak gawé. Éta kajadian téh kaalaman dina mangsa-mangsa boh Unpad
boh UPI unggal taun ngawisuda lulusan ti jurusan Sastra Sunda.
Nepi ka ayeuna tacan kanyahoan kumaha atawa di mana merenahkeun média citak
basa Sunda dina hirup kumbuh urang Sundana sorangan. Naha cukup ku jadi média
panglipur sakumaha anu mindeng disebut-sebu kiwari? Atawa, naha aya kénéh
kamungkinan nyicingan makom minangka bagéan atawa parabot dina pajamanan
informasi saperti anu keur karandapan ku urang kiwari? Soal merenahkeun média basa
Sunda di mana-mana téh engkéna bakal aya pangaruhna kna peran basa Sundana
sorangan.
Nu matak seunggah ka sing saha anu sapopoé ulinna dina média citak basa Sunda
téh lain ngan semet héséna néangan tanaga anu tapis make basa Sunda, tapi ogé nyoko
dina basa Sundana sorangan. Nepi ka ayeuna, méh naon baé anu arék ditulis basa Sunda
sumberna téh keukeuh aya pakaitna jeung basa séjén, babakuna basa Indonésia tapi basa
asing gé (utamana basa Inggris) teu kurang-kurang. Wartawan anu ngawawancara atawa
rédaktur anu keur narjamahkeun, méh kudu baé digondéng ku kamus. Henteu anggeus
ku semet dinya, lantaran ungkara kalimah dina basa Sunda henteu salawasna sajalan
jeung ungkara kalimah dina basa séjén. (Bandingkun réportase basa Suda dina majalah
Budaya anu ambay-ambayan jeung berita basa Malayu anu togmol dina Bintang Betawi
di luhur). Nu disebut narjamahkeun gé lolobana mah leuwih pas lamun disebut
nyaritakeun deui. Pdahal pikeun bias nyaritakeun deui téh, nu nulisna kudu tapis lain baé
kana dua-tilu basa, tapi ogé ungkara-ungkara spesifik anu mémang geus nyampak dina
urusan éta.
Média citak anu alus umumna lain baé ngan semet akurat dina urusan matéri
tuisanana, tapi ogé nepi ka mana bias milu nyumbang, ngabeungharan basa nu dipakéna.
Dna basa Sunda, sanajan Sipatahunan geus lila teu terbit, tapi aya kénéh sababaraha hiji
média citak anu mayeng medal nepi ka ayeuna. Nepi ka mana sumbangan éta média
kana kabeugharan basa Sunda?
Lamun tadi dina awal ieu tulisan disabit-sabit soal istilah Jawa Kulon, éta mah
minangka salasahiji conto kumaha hiji istilah ditawarkeun ku média citak teu kurang-
kurang kahayang pikeun nawarkeun istilah atawa kecap anyar dina basa Sunda anu
maksudna susuganan bias ditarima ku balaréa. Tapi lolobana mah iat kitu téh henteu
nepi ka prakna. Tinimbanganana tampolana rupa-rupa.
Padahal conto anu positif. Basa nyanghareupan Kongrés Basa Sunda di Cipayung
kungsi padungdengan heula néangan kecap dina basa Sunda pikeun ngaganti kecap
peserta. Waktu ahirna sapuk milih kecap pamilon, éta gé henteu lulus bangles, aya anu
kalawan togmol nyebut éta kecap téh méngpar tina papagon anu geus aya.
Tapi kabuktian éta kecap téh bias ditarima tur diparaké nepi ka ayeuna. Dina urusan
make basa Sunda, nu disanghareupan ku média citak basa Sunda ayeuna bias
dipastikeun jauh leuwih beurat batan nu disanghareupan ku urang Siatahunan harita.
Babakuna sanggeus média komunikasi ceuyah saperti kiwari. Urang Sunda nu aya di
Bandung kungsi kagét waktu ngadéngé kecap euy dipaké ku hiji radio kalawan maksud
anu béda pisan. Asalna, éta kecap dina ‘wanda’ anu anyar téa, tétéla geing teu matak
nanaon. Kitu deui kecap jomlo nu diparaké ayeuna, babakuna di lingkungan artis, geus
méngpar tina harti asalna.
Kecap euy jeung jomlo bias disebutkeun jadi ku manéh. Sanajan teu aya réngkolna
dina kaputusan kongrés atawa perda tapi diparaké dina lingkunganana. Lingkungan
atawa komunitas anu saperti kitu mémang bisa leuwih laluasa, leuwih bébas malah bisa
leuwih nganteur kana pangabeuki jeung karesepna. Asal nu diajak nyarita henteu salah
harti, bérés.
Ari média citak basa Sunda henteu kitu. Kecap anu tinulis mémang henteu bisa
ceplas-ceplos saperti dina lisan. Tapi kuduna mah aya pangjurung anu leuwih kuat nepi
ka leuwih panceg, yén taya anu teu robah jeung teu aya basa anu teu kapangaruhan ku
basa séjén. Média citak dina basa Sunda, anu dina hirup kumbuh kiwari geus ditarima
jadi salasahiji alat komunikasi anu penting, kudu ulah bosen-bosen nawarkeun jeung
maké kecap-kecap anyar; bias bener-bener anyar, nyalin kecap tina basa deungeun kana
lapal létah urang, ngahirupkeun deui kecap heubeul anu geus tara dipaké, atawa méré
harti séjén kana kecap anu geus aya. Komo lamun niat kitu téh dideudeul ku lembaga-
lembaga anu aya patalina jeung urusan basa Sunda.
Lamun uarang bias ngumpulkeun sakur kecap nu kungsi aya dina basa Sunda,
boh nu hartina alus boh anu goréng, kaasup anu ayeuna geus tara diparaké deui, sigana
minangka keur modal anyar mah geus lumayan. Minimal basa Sunda bisa jadi pemegang
saham mayoritas dina system komunikasi papada urang sorangan.

Anda mungkin juga menyukai