Anda di halaman 1dari 11

PUPUH

Dina sastra Sunda pupuh teh aya 17 rupa nyaeta :

1. Kinanti
2. Sinom
3. Asmarandana
4. Dangdanggula
5. Magatru
6. Mijil
7. Durma
8. Pangkur
9. Maskumambang
10. Pucung
11. Wirangrong
12. Jurudemung
13. Balakbak
14. Gambuh
15. Gurisa
16. Lambang
17. Landrang
1. Kinanti

Palanggeran Kinanti: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i

Conto:

Budak leutik bisa ngapung

babaku ngapungna peuting

nguriling kakalayangan

neangan nu amis-amis

sarupaning bubuahan

naon wae nu kapanggih.

2. Sinom

Palanggeran Sinom: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a

Conto:

Aya hiji rupa kembang

rarangeuyan tapi leutik

rupana bodas kacida

matak lucu liwat saking

hanjakalna teu seungit

lamun ku urang diambung

kitu soteh ti beurang

ari seug mungguh tipeuting

sumeleber nyambuang sapakarangan


3. Asmarandana

Palanggeran Sinom: 8-i, 8-a, 8-e/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a

Conto:

Eling – eling murangkalih

kudu apik jeung berseka

ulah odoh ka panganggo

mun kotor gewat seuseuhan

soeh geuwat kaputan

ka nu buruk masing butuh

ka nu anyar masing lebar

4. Dangdanggula

Palanggeran Dangdanggula: 10-i, 10-a, 8-e/o. 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-I, 7-a

Conto:

Keak kerak merak lir careurik

heulang julang kalong ngalanglangan

geuri-geuri ting garero

maung bati ngahiung

kuwiwi mah bati ngecewis

sagala ngiring lara

ka sang putri wiku

jeung paa bijil alpukah.

sato-sato berhala gunung Sirinding


bumela ka nu lara

5. Magatru

Palanggeran Manggatru: 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o

Conto:

Nun sumuhun nu ieu namina curuk,

nu ieu namina jariji

nu teungah nami jajangkung.

nu alit namina cinggir.

indung leungeun anu pondok.

6. Mijil

Palanggeran Mijil: 10-i, 6-o, 10-e, 10-ii, 6-i, 6-i ,6-u

Conto:

Beurang peuting tambah cape ati

jeung tambang rampopoy

wungkul ingeut ka salaki bae

mugi aya kadar panggih deui

mun teu panggih deui

anggur pondok umur


7. Durma

Palanggeran Durma: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i

Conto:

Kangjeng Ratu memeh dugi ka mangsana

teras mapatkeun aji

nagri teh dicipta

sina jadi talaga

dupi eta jimat encis

kersa Jeng Raja

ngajadi hoe mati

8. Pangkur

Palanggeran Pangkur: 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i

Conto:

Sakur durjana dursila

pada giris repeh teu wani julig

rasana tangtu karingkus

najan kabur diudag

tara weleh mun tacan datang ka tumpur

bengis keras ponggawana

ngajaga ponggawa nagri.


9. Maskumambang

Palanggeran Maskumambang: 12-i, 6-a, 8-i, 8-a

Conto:

He barudak kudu mikir ti leuleutik

Maneh kahutangan

ku kolot ti barang lahir

nepi ka ayeuna pisan

10. Pucung

Palanggeran Pucung: 12-u, 6-a, 8-e/i, 12-a

Conto:

Pupuh pucung ti tungtung nepi ka tungtung

ka tungtung babasan

babasan marepeh hate

silokana kumaha tungtunganana


11. Wirangrong

Palanggeran Wirangrong: 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a

Conto:

Barudak mangka kaharti

ulah rek kadalon-dalon

engon- enggon nungtut elmu

mangka getol mangka tigin

pibekeleun sarerea

modal bakti ka nagara

12. Jurudemung

Palanggeran Jurudemung: 8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u

Conto:

Badan anu katempuhan

da bongan ngalanjur napsu

peurihna kapanggih

rek bongan-bongan ka saha

ayeuna bati kaduhung


13. Balakbak

Palanggeran Balakbak: 12-a, 3-e, 12-a, 3-e,12-a, 3-e

Conto:

Nanggung tolok pinuh barang bubututan

rarombeng

Wanti kabeh ape kiran rorombotan

garoreng

leumpangna teh rada ngigir ngalieukan

Mendeleng

14. Gambuh

Palanggeran Gambuh: 7-u, 10-u, 12-i, 8-i, 8-o

Conto:

Ngahuleng banget bingung

henteu terang ka mana ngajugjug

turug-turug harita teh enggeus burit

panon poe geus rek surup

keueung sieun aya meong


15. Gurisa

Palanggeran Gurisa: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a

Conto :

Hayang teuing geura beurang

geus beurang rek ka Sumedang

nagih ka nu boga hutang

mun meunang rek meuli soang

tapi najan henteu meunang

teu rek buru-buru mulang

rek tuluy guguru tembang

jeung diajar nabeuh gambang

16. Lambang

Palanggeran Lambang: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a

Conto:

Nawu kubang sisi tegal

nyiar bogo meunang kadal

atuh teu payu dijual

rek didahar da teu halal


17. Landrang

Palanggeran Landrang: 10-i, 8-a, 8-i, 12-a

Conto:

Aki Dartam leumpangna ngagidig

gancang pisan gancang pisan

bari aya nu dijingjing

mawa kisa eusina ucing anakan.


TUGAS BAHASA SUNDA
PUPUH

disusun oleh:

nama : Trisya Afrilya Suryadi


kelas : 5-B
no : 41

SD NEGERI MANDIRI 1 CIMAHI


Thn.Ajaran 2009/2010

Anda mungkin juga menyukai