Anda di halaman 1dari 16

KUMPULAN DONGENG

SASATOAN

Disusun Ku:

Nadya Nurzakiah Mahmud

Yessy Dwi Amalia

Aulia maulida Fayza

Syifa Rahadatul Aisi

Arif Setiawan

Rindu Firdaus

Kelas IV B

SDN ROSELA INDAH

SUBANG
Nini-nini Jeung Lauk Gabus Kasaatan

Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten, papakéanana geus butut sarta
laip, disampingna ogé, ngan ukur bisa nutupan orat.  Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan
sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah datang ka potpisan sapoé dua poé henteu
manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai wungkul.  Ari buburuh dederep henteu
kaduga jeung geus henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang tanagana.  Jadi
kahirupanana taya deui ngan tina ngaroroték baé dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari
beubeunanganana dipaké nukeuran béas atawa cangkaruk ka tatanggana.

Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna, kitu
ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan, anu daék nulung
mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning
nunggul pinang.

  Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka gusti Alah,
ulahbon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu apal, pangrasana ieu
bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu midamel.

  Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih-manggih dadaharan,
sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré. Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di
imahna bari humandeuar pokna, “Aduh, cilaka teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh
langlayeuseun téh”.

  Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték deui ka tegal, bari sugan
manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba ulah
langlayeuseun teuing.  Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal kaso urut nyundutan, anu
deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui nyandingkeun walungan gedé.  Barang datang
ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-pirang, rék pindah tina walungan kana
talaga.  Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta tegal kabeurangan, panon poé geus kacida
teuing panasna, jadi deleg kabéh awakna taluhur kukumurna, ku tina seuseut datang ka
henteu bisa maju leumpangna.  Kusabab éta deleg kabéh pada nyandang susah tanwandé
manggih bilahi paéh kasaatan.

  Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung
meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu.  Tapi manéhna héran neuleu aya hiji
deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé pangheulana, kawas-
kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, “Samiun Alah kuring neda hujan! 
Samiun Alah kuring neda hujan!”  Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur.  Ari ku nini-
nini téh didéngékeun baé saomong-omongna éta deleg téh, hayang nyaho kumaha
kajadianana.  Barang geus kira-kira satengah jam lilana datang hujan gedé naker wani
cileungcangan, ti dinya éta deleg barisaeun deui leumpang tuluy kebat lumakuna, ari nini-nini
téh datang ka ngadégdég awakna tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu
barang bawa.

  Kacaritakeun éta nininini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari ngomong di
jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Alah téh, meureun di paparin, ari
piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan bédana aing  mah rék neda uwang.
  Ti dinya éta nininini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan ka luhur
nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Samiun Alah kuring neda uwang! Samiun Alah
kuring neda uwang!” Kitu baé omongna teu eureun jeung pikirna anték kacida panedana ka
gusti Alah, datang ka geus teu aya pikiran deui ka nu séjén.

  Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nininini téh, banget ngéwaeunana, ku
sabab gandéng jeung bosen, saunggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna éta
nininini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka nininini téh pokna, “Nini!
Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh deui kasab, moal enya Alah téh sumping ka dieu,
seba duit ka manéh; jeung kitu baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka leuweung
meureun aya hasilna; jeung deui; lamun manéh henteu beunang di carék, geura undur baé
imah manéh ulah ditangkodkeun ka imah aing.

  Panyentakna éta nu boga imah ku nininini henteu digugu, tonggoy baé ngomong
nyuhunkeun duit ka Alah anggur beuki tambah maksudna. Bareng geus nepi ka lima poéna,
anu boga imah téh, beuki kacida garétékeunana, henteu beunang dicarék, sarta dititah undur
henteu los. Ti dinya éta jalma tuluy nyokot karung goni beunang ngeusian ku beling, datang
ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel ambih beurat, niatna rék dipaké ngabobodo ka nini-
nini téa, sina di nyanaan duit paparin Alah ragrag ti luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang
tonggongna, ku éta karung ambih kapok moal ngomong kitu-kitu deui.

  Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para, tuluy
diponcorkeun tina sipandak ditindihkeun ka handap mener kana tonggongna nininini téh
kalengger tina bawaning nyeri. Ana geus inget, nénjo aya karung ngadungkuk kacida
atoheunnana, panyanana nya éta karung duit, paparin ti Alah.

  Anu boga imah téh suka seuri nénjo kalakuan nini dug-dug deg-deg, semu banget
atohna. Geus kataksir piengkéeunana bakal meunang éra kabobodo, karana nu dikarungan téh
tétéla pisan yén beling.

  Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun Alah!
Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur ajengan, aya kénéh nun?” Ti
dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana nu agung, dumadakan éta beling kabéh jadi
duit, aya uwang emas aya uwang pérak, jeung deui kumaha gedéna baé aya nu jadi ringgit,
aya nu jadi ukon.

  Ari isukna tatangga kabéh daratang ngadegdeg, yén éta nini-nini meunang bagja boga
duit pirang-pirang, asal tina dibobodo, malah kapala distrik sumping ka dinya ngalayad, sarta
tuluy dilaporkeun ka nagara jeung ditétélakeun asal purwana. Ari timbalan ti nagara, éta nini-
nini henteu kaidinan cicing di kampung, bisi aya nu nganiaya dipaling duitna, jeung diurus
dipangmeulikeun lembur imah, katut eusina. Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu
kinten-kinten.

  Kitu deui dipikanyaah ku menak-menak tina saregep kumawulana jeung tambah alus
budina, kalulutan ku jalma réa sobatna, tina suka tulung  ka jalma-jalma nu miskin,
sumawonna ka nu keur kasusahan, margi ngaraskeun kadirina basa keur malarat kénéh.

  Kacaritakeun éta jalma, anu méré karung beling téa, kabitaeun naker neuleu éta nini-
nini téa jadi beunghar, lantaran dibobodo karung beling ku manéhna.  Geus kitu boga niat
hayang nurutan.
  Ti dinya tuluy nganjang, sejana rék badami, supaya dibales ku éta nini-nini téa sina
nindih ku karung beling ka manéhna, pokna, “Nini saterangna éta duit téh asalna beling
beunang kula ngarungan, dipaké ngabobodo ka sampéan, kusabab satadina kaula giruk
ngadéngékeun ajengan ngomong baé nyuhunkeun duit ka Alah, tatapi ahir-ahir éta beling
dumadakan wet jadi duit kabéh.  Ku prakara éta ayeuna kaula rék neda dibales ku sampéan,
hayang ditinggang ku karung beling, karana tanwandé jadi duit ogé cara nu geus kalampahan,
tatapi kaula mah hayang ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeuh kaula leuwih
beunghar manan nini.  Wangsul nini téh, “Hadé heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”. 
Ti dinya éta jalma téh tuluy balik, sadatang ka imahna heug baé tapakur nurutan sakumaha
polahna nini-nini téa sarta ngomong, pokna, “Samiun Alah kuring neda uwang! Samiun Alah
kuring neda uwang!”  Kitu baé omongna jeung pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal
meunang duit ti Alah dua karung goni parinuh.  Bareng geus nepi ka lima poéna, nini-nini téh
tuluy ka imahna éta jalma nu keur tapakur téa, bari mawa dua karung beling beunang
méprékan, sarta tuluy dibawa naék nka para, ti dinya heug éta dua karunganana ditindihkeun
kana tonggongna.

  Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan malah-malah tulang tonggongna datang
kapotong. Arina inget ngageuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug karung téh
dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong nurutan cara omong nini-nini
téa, pokna, “Nuhun Alah! Nuhun! Naha maparin duit réa-réa teuing, mana ari keur ajengan? 
Aya deui?”

  Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé henteu daékeun
jadi duit, ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka ngalembah rék ceurik tina bawaning aral,
ség baé bijil omongna suaban ngahina ka gusti Alah pokna, “Ih naha Alah téh wét pilih kasih,
dipangnyieunkeun duit sawaréh? Ari kaula henteu? Jeung deui: kumaha naha atawa Alah téh
geus diganti deui tayohna, da nu baréto mah bisa nyieun duit ku beling, ari Alah nu jeneng
ayeuna tayoh-tayoh henteu bisaeun?

  Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng, tatamba kapirang-
pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Alah bisa cageur ogé, tatapi tanpadaksa, jadi bongkok
tonggongna, datang ka henteu kuat nyiar kahirupan rosa-rosa, lawas-lawas manéhna jadi
malarat cara nininini téa, kawas-kawas jadi tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa.

Nyutat ti Majalah Walanda,  TIJDSCHRIFT voor INDISCHE  TAAL, LAND EN VOLKENKUNDE,


wedalan taun 1872.  Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A. UILKENS, mangrupa  carita
ra’yat urang Ciamis.
Dongeng Sakadang Kuya Jeung Macan

DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal
kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.

Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik
ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.

“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan
Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang,
kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.

“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.


“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna
angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya
kolot ogé!”
“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun
mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus
kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun
hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”
“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.
“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”
“Ari suluhna ti mana?”
“Ngala ka leuweung!”
“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka
leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang
Maung.
“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!”
témbal Sakadang Kuya.
“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya.
Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana
tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus
yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.
Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik.
Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun
éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.
Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur
baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing.
Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari
Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di
handapeunana.
“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.
“Kuk!”
“Can paéh?”
“Encan, seuneuna kurang gedé.”
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Can paéh kénéh?”
“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Kuya teu némbalan.
“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”
Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging
kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku
lebu.
“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.
“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang
Kuya kalem.
“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung
deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”
Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”
“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep,
nya!”
“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih
gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”
“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada
sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.
“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.
“Diduruk? Moal panas kitu?”
“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya.
“Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”
Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang
sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.
“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.
Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé
hurung, tangka ngabebela.
“Sakadang Maung!”
“Heuy!”
“Hirup kénéh?”
“Hirup, euy, ngan panas geuning!”
“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.
Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku
Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”
Sakadang Maung teu némbalan.
“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.
Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu.
Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.
“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan
sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.
Gagak Hayang Jadi Merak

Jaman baheula, baheula gé baheula pisan.


Di hiji leuweung geledegan, aya dua tangkal kiara.
Éta tangkal téh kacida gedéna.
Perenahna ngaréndéng di sisi sampalan.
Ari sampalan téh paranti sato jarah nyatuan.
Éta kiara sok dipaké panonoban bangsa manuk.
Anu hiji panonoban bangsa gagak, ari anu hiji deui panonoban bangsa merak.
Kacaritakeun di antara bangsa gagak, aya hiji gagak ngora, gagak jalu
keur meujeuhna belekesenteng.
Ngaranna Si Candrika. Sanajan umurna ngora kénéh, Si Candrika mah loba onjoyna.
Awakna leuwih kuat jeung keker, uteukna ogé leuwih pinter deuih.

Sakabéh gagak di éta leuweung geus boga sangka yén dina hiji mangsa Si Candrika téh bakal
jadi kokolot gagak. Gaganti kokolot gagak anu ayeuna, anu umurna geus kacida kolotna.
Anu matak Si Candrika padangajénan, padangalem jeung ngadama-dama.
Tapi dina hiji mangsa mah aya nu anéh, Si Candrika téh béda ti sasari. Anu tadina lincah
luluncatan dina kiara, ayeuna mah jadi cicingeun.
Anu tadina hégar ngelak, malah sorana ogé sok pangtarikna, ayeuna mah tara kadéngé
sorana.
Ngabetem siga nu keur puasa nyarita.
Gawéna ngan ukur cindeten, mencilkeun manéh di nu buni.
Kabéh bangsa gagak ngarasa héran. Ku naon atuh Si Candrika téh?
Hiji ogé taya nu nyahoeun sabab-musababna. Ari sababna Si Candrika teu daék betus ka
sasaha, ditanya ku itu ku ieu téh anggur ngabetem.
“Keun baé antepkeun ulah diganggu, meureun keur mangsana mangkat birahi!”
ceuk kokolot gagak.
“Teu umum Olot,” ceuk gagak séjén.
“Anu keur mangkat birahi mah, biasana sok leuwih motah!”
“Sing inget, Si Candrika mah lain gagak biasa, tong disaruakeun jeung gagak biasa-biasa
atuh!”
Kokolot gagak nétélakeun, yén anu boga kaleuwihan mah, biasana sok loba kaanéhanana.
Gagak-gagak séjén ngahaminan.
“Enya ari kitu téa mah,” cenah.
Antukna mah Si Candrika padangantep.
“Keun, engké ogé cageur sorangan!”
ceuk kokolot gagak, yakin pisan.
Padangantep téh Si Candrika taya robahna, kalah beuki resep nyorangan.
Lamun keur cinutrun dina dahan anu suni, gawéna ngan nyérangkeun bangsa merak.
Komo mun isuk-isuk atawa pasosoré mah, dina mangsana bangsa manuk midang.
Panonna terus melong ka merak jalu anu keur mébérkeun buntutna.
“Leuh, tada teuing resepna lamun aing jadi gagak.
Bulu éndah, patinggurilap mun katojo panonpoé.
Na ari aing, bulu hideung lestreng, suku pacér pamatuk gedé, meni teu mararatut!”
ceuk Si Candrika dina jero haténa.
“Naha atuh aing téh bet jadi gagak?
Naha atuh henteu jadi merak baé?”
Tétéla Si Candrika téh hayang jadi merak.
Geus lila manéhna teu sugema ku kaayaan dirina, anu ceuk pangrasana mah manuk goréng
patut, manuk panggoréng-goréngna saalam dunya.
Manuk pangsial-sialna salam dunya.
Tong boroning bangsa manuk deui, malah bangsa manusa ogé loba anu teu resepeun.
Éta wé basa manéhna teu ngahaja ngaliwat ka lembur, jelema-jelema patingjorowok,
“Ka ditu sing jauh, ka Sabrang ka Palémbang!”
Malah aya anu ditungtungan ku, “Balikna mawa kurupuuuk!”
Nyel wé aya rasa keuheul, aya rasa ambek ka bangsana sorangan.
“Aing kudu jadi merak!” ceuk pikir Si Candrika.
Hayang jadi merak, kudu jadi merak, terus jadi panyileukan Si Candrika,
anu mangaruhan kana tingkah paripolahna sapopoé.
Lamun keur nyorangan, manéhna sok nurutan paripolah merak.
Leumpang rada diaced-aced, terus mébérkeun buntutna.
Buntutna kalah ka rancung teu puguh.
“Leuh, lamun seug aing jadi merak!”
Beuki ambek baé ka dirina, antukna ambék ka Déwata, anu nakdirkeun manéhna jadi bangsa
gagak.
“Naha atuh aing téh bet kudu jadi gagak?
Déwata henteu adil, henteu adil!” ceuk Si Candrika.
Hiji poé Si Candrika hiber néangan kahakanan, bari angger mikiran kahayangna:
hayang jadi merak.
Barang ngaliwat ka hiji walungan, manéhna nénjo baju merak, nambru di sisi walungan.
“Lakadalah, itu geuning aya baju merak!”
Ku manéhna dideukeutan.
“Ka mana anu bogana, nya?”
Si Candrika ngomong sorangan.
Luak-lieuk euweuh sasaha.
Buru-buru baé baju merak téh disamber, dibawa hiber ka nu jauh ti dinya.
Niatna rék dipaké ku manéhna.
Haténa kacida bungahna.
Clé dina tangkal anu suni.
Rap baju merak téh dipaké.
Tétéla logor teuing.
Waktu dicobaan dipaké hiber téh, kokoplokan.
“Kawasna mah kudu dirapet!”
Ceuk pamikirna, lamun éta baju dirapet, tangtu bakal pageuh napelna.
Manéhna bakal laksana jadi merak.
17. Henteu talangké, manéhna ngala leugeut teureup.
Éta leugeut diulas-olés kana awakna, tuluy diulas-ales kana baju merak téa.
Rap baju merak dipaké deui.
Pel baé napel rapet pisan.
Dicobaan dipaké hiber, najan karasana beurat, tapi leuwih ngeunaheun ti batan tadi.
“Laksana ayeuna aing jadi merak!” ceuk Si Candrika, paromanna marahmay.
Clé kana dahan pangluhurna.
Terus ngahuleng mikiran lampah saterusna. Keur kitu torojol aya gagak, clé hareupeunana.
Tétéla Si Culindra, batur ulinna ti leuleutik.
Si Culindra ngadeukeutan ka Si Candrika.
“Keur naon Sakadang Merak, hulang-huleng di dieu?” ceuk Si Culindra nanya ka nu keur
cinutrun.
Ngadéngé omongan Si Culindra kitu, Si Candrika ngomong dina jero haténa, “Si Culindra teu
apaleun ka aing, padahal batur ulin aing ti leuleutik. Nyebutna ogé Sakadang Merak.
Ayeuna aing lain Si Candrika, aing merak! Merak!”
Ana pok téh Si Candrika ngomong, “Tunya-tanya teuing atuh!”
“Pilakadar nanya, wajar wé da urang téh tatangga,” témbal Si Culindra.
“Tatangga sih tatangga, tapi bangsa andika mah teu pantes cacampuran jeung bangsa merak,”
témbal Si Candrika teugeug.
Si Candrika neruskeun caritaanana, “Sing ngarumasakeun manéh wé atuh, boga rupa goréng
patut, bulu hideung lestreng teu béda ti areng!
Béda pisan jeung bangsa kuring mah.
Sirah dimakuta kukuncung, buntut hurung-hérang éndah!”
Ngomong kituna téh bari ucad-aced.
“Na andika téh sombong-sombong teuing!” témbal Si Culindra, haténa nyeri dihina kitu.
“Ari geus, da kitu buktina atuh!” ceuk Si Candrika teugeug.
“Ngahina ka sasama mahluk!” “Da bangsa andika mah mémang hinaeun!” Si Culindra teu
ngomong deui, geleber baé hiber ninggalkeun Si Candrika, anu ayeuna mah geus maké baju
merak.
Si Candrika kacida bungahna. Ceuk pikirna, “Enya, ayeuna mah, aing téh geus jadi merak.”
Buktina Si Culindra ogé, batur ulinna ti leuleutik, teu apaleun.
Malah nyebutna ogé Sakadang Merak!
“Aing geus jadi merak! Aing merak! Merak!” Si Candrika igel-igelan dina dahan.
Buntutna patinggurilap katojo ku panonpoé.
Pasosoré, wanci bangsa manuk baralik.
Balik ka panonobanana masing-masing, Si Candrika ogé balik.
Ngan ayeuna mah balikna béda.
Balikna kana tangkal kiara panonoban merak.
Lain kana kiara panonoban gagak, anu perenahna pahareup-hareup.
Si Candrika eunteup di dinya, ngahiji merak-merak séjén.
Mimitina mah euweuh anu ngaharu-biru, da mémang mun diténjo saliwat mah, Si Candrika
téh méh taya bédana jeung merak séjén.
Kukuncungna, kitu deui bulu buntutna, sarua baé jeung merak jalu lianna.
Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu sok némbongkeun kamonésanana, adu manis
mébérkeun buntutna, pangpangna pikeun ngirut merak bikang.
Hiji-hiji merak jalu ngibing, buntutna patinggurilap éndah, katojo panonpoé nu geus
tunggang gunung.
Si Candrika ogé teu tinggaleun. Malah mah aya leuwihna. Manéhna hayang némbongkeun
kabungahna, pédah ayeuna geus jadi merak.
Bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipikaijid, pédah buluna
henteu éndah.
Si Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén.
Tayohna mah sagala tindak-tanduk Si Candrika, disérangkeun ku kokolot merak di dinya.
Kokolot merak nyampeurkeun Si Candrika.
Pokna, “Ké heula, Lur, ari andika téh merak ti mana?” Si Candrika kacida reuwasna,
“Ti dieu, ti ieu leuweung!” témbal Si Candrika gugup.
“Ti leuweung ieu lebah mana?” ceuk kokolot merak.
Si Candrika beuki gugup baé.
Pok kokolot gagak téh ngomong deui, “Lain, Lur, salila nyunyuhun kuncung, kuring kakara
nénjo merak kawas andika.
Suku pacér, pamatuk konéng, sora serak, henteu jauh bédana ti bangsa gagak.”
“Kuring merak Indo, puguh keur serak ieu téh!”
“Lain, andika mah lain bangsa merak!
Salila kuring nyunyuhun kuncung, can kabéjakeun di dieu aya merak Indo!”
Si Candrika keukeuh ngaku yén manéhna merak.
Keur kitu, rob atuh merak-merak sejenna daratang, kabéh ngaronom ka Si Candrika.
“Andika mah lain bangsa merak, sigana mah bangsa gagak anu maké baju merak!” ceuk
kokolot merak.
“Rék ngacowkeun bangsa merak éta mah!” ceuk merak séjén, sorana teugeug.
“Laan bajuna! Usir! Usir!” paramerak raong, tuluy ngepung Si Candrika.
Si Candrika dipaksa kudu ngalaan bajuna. Si Candrika nurut, bajuna rék diporosotkeun.
Tapi hésé, lantaran geus rapet pisan jeung awakna. Kawantu dirapet ku leugeut teureup
kacida lobana.
Baju Si Candrika padametot ku paramerak.
Tapi angger henteu bisa lesot, malah henteu ungger-ungger acan.
Kalah buluna baé anu caroplok téh.
Lantaran tanagana leuwih bedas, Si Candrika bisa leupas tina kepungan paramerak.
Geleber hiber, kalayang kakalangan sakeudeung, clé baé dina kiara panonoban gagak.
“Aya merak, euy!” ceuk hiji gagak.
Gebeg Si Candrika ngagebek, pok ngomong, “Kuring lain merak, kuring Si Candrika, batur
andika, bangsa gagak kénéh!” Ah, maenya aya bangsa gagak kukuncungan!”
Keur kitu, torojol kokolot gagak,
“Rék naon andika los-los ka dieu?
Tuh, di ditu panonoban merak mah!
Rék ngacowkeun bangsa gagak di dieu?”
Témbal Si Candrika, “Kuring lain merak, kuring gagak.
Kuring téh Si Candrika, piraku Olot poho ka kuring?”
Kokolot gagak nelek-nelek Si Candrika.
“Sorana mah enya, sora Si Candrika.
Matana, mata Si Candrika deuih,” kokolot gagak ngahuleng salila-lila.
Sanggeus ngahuleng, pok kokolot gagak ngomong, “Lain, andika mah lain Si Candrika.
Si Candrika mah bangsa gagak.
Buluna hideung cara bulu kuring.
Andika mah bangsa merak anu nyamur.
Andika mah rék ngacowkeun di dieu téh, nya?
Rék ngacowkeun bangsa gagak? Hayo jawab!”
Najan Si Candrika nyaritana nepi ka susumpahan, kokolot gagak angger henteu percayaeun.
Torojol Si Culindra, pok ngomong semu ambek, “Tah, ieu merak anu tadi ngahina bangsa
gagak téh!”
“Culindra, kuring sobat anjeun, Si Candrika!”
“Teu bisa! Si Candrika mah bangsa gagak.
Kuring apal enya ka Si Candrika,
manéhna mah moal ngahampas bangsana sorangan!”
“Kuring Si Candrika!” ceuk Si Candrika
bari ugal-ugil rék ngalaan baju merakna, tapi teu bisa, da geus pageuh napelna.
“Éta mah pangacow!”
“Usir! Usir!”
“Podaran wé sakalian!”
Gagak-gagak réang bari rék ngarempug Si Candrika.
Nénjo galagat kitu, Si Candrika buru-buru hiber.
Tuluy hiber teu eureun-eureun.
Wanci sareupna nepi ka sisi lembur. Clé waé di dinya.
Si Candrika kacida nalangsana.
Diusir ti ditu ti dieu. Ku bangsa merak teu diaku, sumawonna ku bangsana sorangan mah.
Anu matak peurih mah teu diaku jeung diusir ku bangsana sorangan, bangsa gagak anu
ngagedékeun manéhna.
Bangsa anu miharep ka manéhna, sangkan dina hiji mangsa jadi kokolot gagak.
Ka mana kudu lumampah?
Ras inget ka bangsa manusa.
Manusa mah teu resepeun téh ka bangsa gagak, ari ka bangsa merak mah kacida resepeunana.

Haténa kaubaran.
Geus gilig dina haténa, manéhna rék nepungan bangsa manusa, itung-itung ngabuang manéh.
Isukna, wanci haneut moyan, Si Candrika hiber ngajugjug ka pilemburan.
Nepi ka pilemburan, clé dina hiji suhunan.
“Aya merak! Aya merak!” ceuk hiji budak.
Teu lila rob atuh jelema ka dinya, ningali Si Candrika.
Kabéh ogé raresepeun kana merak mah. Teu cara ka bangsa gagak.
Nyaho kitu, Si Candrika jadi loba ceta. Ucad-aced, buntutna dibébérkeun.
“Euleuh, itu mani éndah kitu!”
“Patinggurilap nya, euy, kawas berlian!”
“Nyaho kitu silaing berlian?”
“Henteu!”
Si Candrika beuki cetaan.
Atuh puguh wé jelema téh beuki raresepeun.
Keur kitu torojol kokolot lembur, bari mawa bedil angin.
“Halik barudak, ulah ngahalangan, urang témbak!”
“Kadé ulah keuna kana buntutna, lebar!”
“Moal atuh,” ceuk kokolot lembur bari nyengir.
Dikécéng sakeudeung, ceplék bedil anginna dibekaskeun.
Mimisna keuna pisan kana hulu Si Candrika.
Koléang Si Candrika ragrag, leng teu inget di bumi alam.
Barudak sarurak ramé pisan.
Teu lila ti harita, buntut merak Si Candrika
jadi papaés di tepas imah kokolot lembur.
Sakapeung aya hiji-dua anu dibawa ngapung,
dipaké bubuntut langlayangan!
Satria

Aya maung keur ngalungsar waé handapeun kiara, geus teu bisa walakaya, tina kakolotan
jeung gering ripuh deuih. Beurang peuting ngan gegerungan waé gawéna, kahujanan
kapanasan téh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga ingkah, geus teu kuateun usik-
usik acan; ayeuna mah ngan empés-empés waé, sahoseun téh lain bobohongan.
Tadina mah sato-sato nu séjén mani gigis sarieuneun, euweuh nu wanieun deukeut-deukeut
acan ngadéngé gaurna maung téh. Tapi, barang geus kanyarahoan mah yén éta maung keur
sakarat, rob baé pada ngaronom, pada narempo, pada nalokéran sagala.
"Euleuh, kutan kitu bangusna anu sok nekuk batur aing téh? Cing pék aing udag, Coréléng!"
ceuk peucang ditompokeun kana ceulina bari keletrak tarang maung téh ditakol.
"Hayoh siah, ari wani mah urang jogol jeung aing, montong maké pépéléyéan!" ceuk
munding bari jekuk waé digadil ku tan¬dukna.
Ari beurit mah ngan kalacat waé kana sirahna, ngadon gagala¬cangan dina cukang irungna
bari iirihilan.
"Pék euy, pada nyurilam ka dinya éta mangkeluk téh, tuman! Bongan ka urang téh tara aya
pisan ras-rasan, kéna-kéna boga kuku rangéténg!" omong bagong.
"Na Sakadang Kuda ngan dikir waé, mun jeplak waé kadinya sépak tah iga burungna! Na teu
inget baréto anak sampéan, Si Belo, dikerekeb ku ieu mangkeluk?" ceuk peucang. Kuda
maléngos bari cumalimba, omongna, "Kadongdora wani ogé ka nu geus teu daya teu upaya.
Muga-muga ku Pangéran, aing mah jeung turunan aing, ulah dipaparin tékad hayang
nganiaya ka nu lian, sumawonna ka nu teu aya tangan pangawasa geusan ngalawan mah!"
Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Mimiti Sosobatan

DI hiji leuweung, hirup sabubuhan monyét. Di antara monyét anu sakitu lobana téh, aya hiji
monyét ngora anu kacida bangorna. Salian ti bangor téh harak deuih. Dipapatahan mah
dipatatahan, boh ku kolot-kolotna boh ku monyét mandahna, angger teu euih-euih. Bedegong
béak karep. Anu matak manéhna taya nu ngabaturan. Sasatna mah dipencilkeun wé ku
babaturanana téh.

Lila-lila mah manéhna ogé teu betaheun aya di dinya téh. Atuda rék betah kumaha, hirup
sosoranganan taya anu ngabaturan. Ulin sorangan, néangan hakaneun sorangan, nepi ka saré
ogé kudu sorangan. Euweuh batur heureuy, euweuh batur pakumaha, euweuh batur ngobrol-
ngobrol acan. Ari kalakuan teu daék robah. Angger baé bangor, bedegong, hayang meunang
sorangan, jeung harak deuih.

Ahirna manéhna indit ti dinya, ninggalkeun kelompokna. Ceuk pikirna, ti batan aing hirup di
dieu euweuh nu ngabaturan mah, mending indit ka tempat séjén. Sugan ari di tempat séjén
mah manggih batur anu daék diajak sosobatan. Da tétéla, teu genah geuning hirup euweuh nu
ngabaturan téh. Manéhna indit gugurayangan, luluncatan tina hiji tangkal kana tangkal
séjénna. Ari datang peuting, saré dina tangkal anu gedé. Lamun beurang, neruskeun deui
lalampahanana. Meunang sababaraha poé kituna téh. Ari dahareun mah, teu kurang-kurang,
da di leuweung geledegan. Ngan ari pisobateun mah can manggih.

Nepi ka hiji mangsa, manéhna anjog ka muara. Walunganana kaitung gedé. Tuluy diuk dina
tangkal kiara anu aya di sisi walungan. Rét ka handap, ku manéhna katingali aya kuya, keur
cicing dina batu lémpar di sisi walungan. Jigana mah keur moyan. “Lakadalah, ieu sigana
mah pibatureun aing téh,” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa. Jrut turun tina tangkal
kiara, tuluykeun nyampeurkeun ka kuya. Kuya batok anu umurna geus kolot.

“Keur naon Sakadang Kuya?” Sakadang Monyét nanya.

“Ah, keur kieu wé, keur moyan,” témbal Sakadang Kuya bari nelek-nelek Sakadang Monyét,
“Ké, uing mah asa kakara ningali anjeun. Anjeun téh anyar ka dieu nya?”

“Enya,” témbal Sakadang Monyét bari ngadeukeutan Sakadang Kuya, “Uing mah lain urang
dieu. Jauh asal mah, tuh ti leuweung beulah hilir, deukeut hulu cai walungan.”

“Ambu-ambu, atuh jauh nya ari ti dinya mah. Rék naon atuh los-los ka dieu? Piraku sugan ari
di ditu kurang hakaneun mah,” ceuk Sakadang Kuya.

“Ih, soal hakaneun mah, asal daék, loba jeung sagala aya deuih.”

“Enya, naha atuh los-los ka dieu?”

“Lah, nyaéta atuh. Keur naon sagala aya ogé ari euweuh batur mah,” ceuk Sakadang Monyét
ngahelas.

“Na euweuh bangsa anjeun kitu di ditu?”

“Loba, malah nya di dinya pisan apan bangsa uing ngabubuhanana téh. Ngan, nyaéta atuh,
hiji ogé euweuh anu daékeun babarengan jeung uing. Sasatna mah uing téh dipencilkeun wé.
Anu matak uing lunta ti dinya, indit sakaparan-paran,” ceuk Sakadang Monyét semu
humandeuar.

“Naon sababna cenah? Piraku sugan ari euweuh asal-muasalna mah. Da sagala rupa ogé apan
kudu puguh sabab-musababna,” ceuk Sakadang Kuya.

“Puguh éta anu matak uing teu ngarti téh. Pajarkeun téh cenah uing bangor, harak, hayang
meunang sorangan. Ah, loba-loba deui wé anu nyababkeunana téh. Padahal uing mah teu
rumasa kitu. Éta mah saririk meureun, pédah uing kaasup monyét anu pinter jeung loba
kabisa. Dasar monyét!” ceuk Sakadang Monyét, jadi ngarasa keuheul ka bangsana sorangan.

“Oh, kitu nya,” Sakadang Kuya mésem bari unggut-unggutan. “Ari ayeuna anjeun rék ka
mana?”

“Duka atuh.”

“Enggeus wé atuh cicing di dieu. Kabeneran uing ogé euweuh batur. Sorangan.”

“Na ka marana kitu anu séjén?”

“Geus parindah batur mah, ka béh hilir. Ka tempat anu leuwih tenang. Ari sababna, di daérah
ieu ayeuna geus aya bangsa manusa. Sarieuneun ku manusa.”

“Na atuh anjeun henteu milu pindah?”

“Nyaéta uing mah asa beurat mun kudu ninggalkeun ieu patempatan téh. Atuda ti leuleutik
nepi ka ayeuna geus kolot kieu, can kungsi ingkah ti dieu, ari lain kapaksa mah. Sakali-
kalieun. Hanas éta aya manusa, asal urang bisa nyingkahanana wé jeung ulah ngaganggu ka
manéhna, tangtu manéhna ogé moal ngaganggu ka urang.”

“Enya kitu.”

“Tah, lamun anjeun daék, enggeus baé cicing di dieu jeung uing.”

“Nya ari Sakadang Kuya daék mah sosobatan jeung uing, atoh wé nu aya. Uing henteu hirup
nyorangan deui. Sahenteuna atuh aya batur pakumaha,” ceuk Sakadang Monyét, paromanna
marahmay.

Tuluy baé duanana uplek ngobrol dina luhureun batu. Sagala dicaritakeun, sagala
diomongkeun. Duanana ngarasa bungah, copélna aya batur ngobrol. Jadi henteu tiiseun
teuing.

Tah, ti harita mimiti sosobatanana Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét téh.
Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Melak Cau

ANU pundung téh henteu lila. Ngan sapeuting. Isukna, isuk-isuk Sakadang Monyét geus
datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Keur naon?”
“Ah, biasa wé keur moyan,” témbal Sakadang Kuya anu keur cinutrung dina batu. “Ari tadi
peuting saré di mana Sakadang Monyét téh?” Sakadang Kuya malik nanya.
“Di ditu, di deukeut kebon Pa Tani.”
“Baruk? Naha Ujang teu sieun ku Pa Tani?”
“Ah, henteu, da Pa Tanina ogé areuweuh. Imahna gé katénjona karosong. Jigana mah keur
arindit jauh.”
“Kadé ah, sing ati-ati mun papanggih Pa Tani. Pa Tani téh manusa. Manusa téa hararak jeung
sagala beuki deuih!”
“Sing percaya wé atuh ka uing!”
Jempé sajongjongan. Pok Sakadang Monyét nyarita deui.
“Lain, Sakadang Kuya, uing téh kabita ku Pa Tani.”
“Kabita kumaha?”
“Kabita ku cara hirupna, meni asa garenah. Geura baé, mun hayang barangdahar, teu kudu
kukurilingan heula néangan dahareun cara urang. Béas kari nutu. Atuh deungeunna kari ngala
di kebon. Geus puguh sabangsa lalab mah. Asal daék ngalana. Kabéh aya di kebonna.”
“Atuh kudu daék ngebon Jang, mun hayang kitu mah.”
“Enya, kumaha lamun ayeuna urang ngebon nurutan Pa Tani? Meureun mun hayang
baranghakan téh teu kudu kukurilingan heula cara ayeuna. Kari ngala wé di kebon.”
“Alus tah, Jang, pikiran téh. Ngan melak naon nya anu pantes keur urang?”
“Ku lantaran uing mah karesep téh cau, kumaha upama melak tangkal cau?”
“Hih, da uing ogé resep kana cau mah!”
Duanana sapogodos rék melak cau.
“Tapi di mana melakna?” Sakadang Monyét nanya.
“Ah, di dinya wé tah, di hilir, di sisi leuwi. Di dinya aya tanah kosong, meujeuhna mun ku
urang dikebonan téh. Tanahna ogé alus di dinya,” témbal Sakadang Kuya.
“Naha lain di girang wé atuh, deukeut ka basisir?”
“Di dinya mah tanahna kurang hadé, geus campur jeung keusik.”
Sapuk baé rék ngebon cau di tanah kosong sisi leuwi.
Ari binihna rék ngala di kebon Pa Tani. Kabeneran Pa Tanina keur euweuh. Malah dina
ayana ogé, moal ambek sugan ari dipénta binih cau mah. Asal ulah diala cauna wé, komo anu
geus asak dina tangkal mah.
Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét indit ka kebon Pa Tani.
“Ari Sakadang Kuya rék melak naonana?” Jang Onyé nanya.
“Uing mah rék melak anakna wé.”
“Har, atuh lila kana buahanana ari melak anakna mah.”
“Éh, da kitu biasana, ari melak cau mah kudu anakna.”
“Ah, teu kitu! Uing mah rék melak jantungna wé,” ceuk Sakadang Monyét.
“Naha?”
“Ari Sakadang Kuya, bodo téh dibéakkeun ku sorangan. Yeuh, ari cau téh asalna tina jantung.
Anu matak uing mah arék melak jantungna, ambéh téréh kaala buahna,” ceuk Sakadang
Monyét bari semu ngécé ka Sakadang Kuya.
“Ah, uing mah rék nurutkeun tali paranti wé, melak anakna, anak cau.”
“Heug atuh, Sakadang Kuya melak anakna, uing melak jantungna. Ayeuna mah urang
paheula-heula buahan! Pasti pelak uing anu pangheulana buahan mah!” ceuk Sakadang
Monyét, yakin pisan.
Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau di tanah nu di sisi leuwi téa. Sakadang Kuya
melak anakna, anak cau, ari Sakadang Monyét melak jantungna.
Saminggu ti harita, pelak cau téh ditaréang.
“Sakadang Kuya, pelak cau téh geus kumaha?” Sakadang Monyét nanya.
“Karak lilir nu uing mah. Ari nu Sakadang Monyét geus kumaha?”
“Geus beukah, sakeudeung deui ogé geura, bijil buahna,” ceuk Sakadang Monyét, bungah
naker.
Saminggu deui ti harita, maranéhna naréang deui pelak cauna.
“Sakadang Kuya, pelak cau téh ayeuna geus kumaha?” ceuk Sakadang Monyét.
“Anu uing mah geus bijil pucuk. Ari nu Sakadang Monyét kumaha?”
“Pelak uing mah atung-atung énéh aé,” témbal Sakadang Monyét ngabéléhém. Maksudna
mah jantung-jantung kénéh baé.
Selang saminggu, pelak cau téh ditaréang deui.
“Ayeuna geus kumaha pelak cau téh,” Sakadang Monyét nanya.
“Tuh, geus bijil pucuk tilu. Ari nu Sakadang Monyét?”
“Atung-atung énéh aé.”
Beuki lila, pelak cau Sakadang Kuya beuki ngagedéan, malah morontod jadina ogé, kawantu
tanahna subur. Ari pelak jantung Sakadang Monyét mah, tibatan jadi kalah ka buruk.
Nampuyak digembrong laleur.
“Ning alah uyuk sia mah!” ceuk Sakadang Monyét bari nalapung pelak jantungna. Sakadang
Kuya ukur mésem nénjo kalakuan Sakadang Monyét kitu téh. Na jero haténa mah
nyeungseurikeun, bari ngagerentes, “Dasar kokolot begog! Henteu umum atuh melak cau
jantungna mah!”
Ahirna di dinya téh ngan aya pelak cau anu Sakadang Kuya. Geus kitu mah diarantep wé, teu
ditéang-téang deui. Engké cenah lamun kira-kira buahna geus arasak, rék ditéang deui bari
sakalian diala.

Anda mungkin juga menyukai