Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak . Asa kamari keneh sim
kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayuena tos kedah
paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah deui neraskeun sakola,
ngahontal hareupan sareng cita-cita.
Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu
bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah
pikabeutaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang-
riung bohdi kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal
guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal
jadi 'kenangan' nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu
Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu didugikeun kasim kuring
saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan
jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru pisan sim
kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu sae
sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang.
teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-
pirang kasaean Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca
teu tiasa males eta kasaean, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining
elmu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran nu ageung mangtikel-
tikel ti Gusti nu maha suci.
Atuh silami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola, kantenan bae
seueur pisan kalepatan. Seueur pisansikep sareng nyuhunkeun di
hapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan.