Anda di halaman 1dari 1

Budaya Ciciren Bangsa

Alhamdulillah puji syukur urang panjatkeun ka hadirat Allah Anu Maha


Welas, Maha Asih, turta hanteu pilih kasih, nyiptakeun manusa anu beda-beda, boh
dina jenisna, bangsana, rupana, etnisna, bahasana, katut kayakinana. Sholawat
saeng salam mugia dilimpahkeund ka Nabi urang sadaya Muhammad Rosulillah
SAW, oge ka kulawargina, para sohabatna, sareng kasadayana umatna.

Kanca mitra sadaya!


Budaya the basa Sanskrit, hartina pikiran, akal, pangaweruh. Ari sagala
rupaning hasil budaya disebutna kabudayaan. Lamun aya bangsa anu geus jembar
akalna, luhung elmu pangeweruhna sok disebut “Bangsa berbudaya”. Sabalikna
lamun aya bangsa anu ngalajur nafsu ngumbar amarah, ngaheulakeun otot tibatan
otak, tingkah laku kitu teh disebut “tidak berbudaya”, jig asato. Malah dawuh
Allah :
“ Jeung satemenna Kami ngajadikeun eusi naraka jahannam the ti golongan jin
jeung manusa, marenehna boga hate tapi teu dipake mikir, boga panon tapi teu
dipake nempo, boga ceuli tapi teu dipake ngadenge. Maranehna the badis saperti
sato, malah maranehanana mah kasarung leuwih jauh, tah maranehna teh jalma-
jalma anu campoleh”. (QA.7:179).

Jadi lamun aya jelema sok sanajan dedeg pangadegnam kasep ngalenggereng
koneng parenting gandang, tapi lamun panona, hatena, jeung akal pikirannana tara
dipake tafakur kana kaagungan ilahi, eta dicap ku Allah kal an’am balhum adhollu –
saperti sato, malah leuwih kasasar jauh tibatan sato. Ku jelema modern disebut
makhluk tidak beradab alias tidak berbudaya.

Kancamitra sadaya !
Saenyana loba produk budaya karuhun anu kudu dipihara, dirawat, dipusti-
pusti, disagigireun loba oge budaya anu kudu dilempengkeun, malah kudu
dipiceun lamun eta budaya teh patukang tonggong jeung ajaran ilahi. Ngarusak
aqidah nyered kana pamusyrikan, khurafat jeung tahayul. Sabab, pangna Allah
ngurtus Rosul-Na ge justru pikeun ngarobah budaya

Anda mungkin juga menyukai