Anda di halaman 1dari 4

Asal mula desa Bayuning

Sajarah Bayuning moal bisa dipisahkeun jeung sajarah Kuningan, sabab ditempo
tina wewengkonna kaasup wewengkon Kuningan, sarta teu jauh, ngan saukur
.kaheuleutan ku pasir bungkirit wungkul
Lamun dina taun 752 Masehi, atawa dina awal abad ka 8 di Kuningan geus aya
karajaan, anu harita anu jumeneng rajana kakasihna Seuweukarma, ngagem agama
Hindu, tangtu bae Bayuning oge kaasup wewengkon karajaan Kuningan, anu
.rahayatna ngagem agama Hindu
Unggal-unggal wewengkon pasti aya anu pangheulana bumen-bumen ditempat eta,
.anu saterusna jadi kokolot atawa anu ngababakan didinya

Di urang, di Bayuning ayeuna, anu harita ngababak-babakna teh nyaeta Senapati


Artawiguna, katelah Pangeran Bayuantara, ari istrina kakasihna Pangeran
.Andayasari atawa Pangeran Bayuningsih
Istri sareng pamegetna the estuning sauyunan pisan, dina kahirupanana
ngaluyukeun kana kaayaan alam harita, cai curcor ti unggal ci nyusu, caina
.canembrang herang, pantes lamun anjeunna betah bumetah di tempat ieu
Nurutkeun unggeling carita mah, garapana oge dibagi wewengkon sewang-
sewangan, carogena nyaeta Pangeran Bayuantara Beulah wetan, ari istrina nyaeta
.Pangeran Bayuningsih Beulah kulon
Ari nu disebut beulah wetan nyaeta wewengkon cipulus ka wetankeun, anu ayeuna
disebut Birit Dayeuh. Hanca garapan istrina, nyaeta pangeran bayuningsih beulah
kolon the pusatna di Karamat, kampong Pahing ayeuna, sok disebut oge Bujal
.Dayeuh
Di Cibayuning, tapi ka kiwari masih keneh aya ciri, tutunggul batu jeng tutuwuhan
pipireunana., hanjuang jeng kacapiring, mun teu salah baheulamah didinyateh aya
.balong, anu caina tina ci nyusu
Aya Birit Dayeuh, aya Bujal Dayeuh, tangtu bae aya Hulu Dayeuh, anu pernahna
.kuloneun lembur ayeuna
Ceuk dongeng kolot baheulamah, yen Bayuning teh nu ngagegeuhna istri,
jenenganana Pangeran Andayasari, mun aya nu pareng ngawenehankeunmah
.geulis ka wanti-wanti, rambutna ngarumbay panjang kacida
Ku hal-hal anu tadi bisa nyieun kacieundeukan, yen bayuning teh nyandak tina
.ngaran anu ngababak-babakna, nyaeta bangeran Bayuningsih
Bayuning teh ngandung harti, arti bayu hartina angina, ning tina bening atawa
wening, hartina beresih, harti sagemblengnamah nyaeta angina anu beresih, muga-
muga bae saterusna Desa Bayuning teh desa anu angina beresih, disinglar tina
.polusi
Aya oge anu nyebutkeun yen Bayuning teh tadinamah Banyuning, ngandung harti
cai anu beresih atawa herang, ieu oge teu salah sabab Bayuning teh beunghar ku ci
.nyusu, anu caina canembrang herang
Di unggal tempat cinyusu, sok disebut oge hulu cai, baheula mah geueuman,
pikakeueungeun, sabab harieum ku tatangkalan anu galede, kayaning bunut,
caringin, pulus jalatong jeung rea-rea deui samalah tempat anu sarupa kitu teh sok
dianggap sungil, taya jalma nu ngulampreng, komo ngaganggumah kana tatangkalan
.anu aya didinya estu di pahing pisan
Eta teh akal karuhun urang sangkan ulah aya nu ngaganggu, tepikeun ka caina tetep
.ngagolontor, mereun ayena mah disebutna teh hiji usaha ngalestarikeun alam
Anyar keneh pisan, hulu cai cigugula, anu pinuh ku tatangkalan galede, nyaeta pulus
jalatong, di barukbak dijieun sawah, atuh dina parengna ayeuna butuh ku cai teh,
.hese bari jeng leutik
Numatak taya bayana urang anu jadi pangwaris karuhun urang, kudu aya hojah
.pikeun mulasara unggal-unggal hulu cai pikeun kahirupan balarea
Sakumaha anu kaunggel dina sajarah Kuningan, kira-kira dina taun 1481 Masehi,
Syeh Syarif Hidayatullah nyumpingan Luragung, Ki Gedeng Luragung lebet Islam di
saksesan ku Ki Gedeng Kuningan, sabab ari Ki Gedeng Kuningan mah geus asup
.Islam ti heula
Puseur Pamarentahan kaadipatian Kuningan di Winduherang ayeuna, anu jadi
Adipatina Kakasihna Pangeran Arya Kamuning, anjeuna boga kawajiban iwal ti
.ngatur pamarentahan , oge nyebarkeun agama Islam
Wates-wates kaadipatian Kuningan, ti kaler wates walungan Cilengkrang, kurucuk
ayeuna, ti kidul wates panjalu, ti wetan wates kaadipatian geban, da ciawi oge
haritamah kaasup erehan Kaadipatina gebang, nu matak ayeuna di sebut Ciawi
.Gebang
Bayuning teh ayana dina erehan Kaadipatina Kuningan, lir ibarat tepung wates jeung
.winduherang ngan saukur kahalangan ku pasir Bungkirit jeung pasirwangi
Tugas Adipati Kuningan, lian ngatur pamarentahan oge boga tugas nyebarkeun
Agama Islam, kukituna nyebarna agama Islam di Bayuning harita, tangtu sekeseler
atawa utusan ti kaadipatian, sanajan ceuk salah sahiji carita yen anu nyebarkeun
.agama Islam di Bayuning teh utusan ti Grage atawa Cirebon
Ari anu harita diutus teh diantarana bae Eyang Dapur, Eyang Tapan duanana
makamna di kebon kadu, Eyang Dalem Martanaya, Eyang Syukur Salim Makamna di
Cikalapa, Eyang Tubagus Pawenang makamna di pasir, Eyang Marmagati makamna
.di Munjul jeung Eyang Jaksa makamna di kebon pinang
Teu kacaturkeun ari Pangeran Bayuantara jeung Pangeran Andayasari asup Islam
atawa heunteu, da ari anu kacaritakeun mah Pangeran Bayuantara, sanggues
datang anu nyebarkeun agama Islam di Bayuning, anjeuna neruskeun
.lalampahanana ngajugjug hantara, tepi ka pupusna di Cipicung
Kumaha ari Pangeran Andayasari, anjeuna tetep-tumetep di Bayuning, dugi
kapupusna, ngan teu kacaritakeun dimana hunyuranana, moal kapaluruh sabab et
.amah agamana agama Hindu
Dina nyebarkeunana agama Islam di Bayuning make cara sewang-sewangan
.nurutkeun kaahlian gumantung kana pangaweruh jeung kasaktena
Salah sahiji conto kasakten Pangeran Tubagus Pawenang, nyacag rangrang awi, di
awurkeun dihiji tempat anu katelah nyangkoak, tepi kakiwari nyangkoak teh jadi
.kebon awi salilana
Nyangkoak teh ngandung harti tempat nyangkokeun awak, mun ku urang di
tapakuran ngandung harti tempat nyumponan pangabutuh balarea, sabab kabutuhan
manusa teu bisa dipisahkeun tina awi, ari harti anu sejen nyaeta tempat
pangnyamunian dina mangsana perang, eta duanana oge karasa ku sararea,
.babakuna ku masyarakat entragan jaman revolusi
Tempat-tempat sejen oge aya caritana, ngan et amah urang pisahkeun bae, sugan
jaga kasampeur, urang susun dina kumpulan sasakala tempat-tempat anu aya di
Bayuning, contona Cikalapa, Gubah, Kubur goong, pasir dogdog jeung nu liana,
.malakmandar aya mangfaatna pikeun ngajembaran carita balarea
Samemeh Pangeran Kuningan jeung Pangeran Arya Kamuning sawawa, anu nyekel
kalungguhan kaadipatian kuningan teh nyaeta kersana Dipati Ewangga, itung-itung
.ngawakilan ngatur pamarentahan
Dina bulan Muharam, pancegna pisan mah dina tanggal 1 September 1498,
Pangeran Kuningan geus sawawa pikeun nyekel kaprabon kaadipatian Kuningan,
.nuluykeun hanca garapan Dipati Ewangga
Nya ti harita pisan, tanggal 1 September dijadikan pikeun mangsa pangeling-ngeling
hari jadi Kuningan, sok direuah-reuah kacida rongkahna, samalah sok ngelehkeun
.pangeling-ngeling Kamerdekaan Republik Indonesia ramena teh
Sanajan geus aya kaadipatian oge, ari ngatur nepika padesaan mah tacan nepi,
kakara ngatur pamarentahan sa Kaadipatian wungkul, sakumaha nu geus di
.tangtukeun watesna-watesna
Ari nu ngatur rahayat Bayuning harita, boh aturan boh kahirupan, dipercayakeun ka
kokolot anu gede pangaruh jeung wibawana, sarta dipercaya ku kanjeng Adipati,
cindekna mah jalma pilihan, gede wibawana, dipikaserab ku balarea sarta daek
.kumawula ka kanjeng Adipati
Dina taun 1596 urang Walanda ti Erofa datang ka Indonesia, anu mimiti badaratna di
pelabuhan Anyer Banten. Mimitinamah maranehna rek dagang, ngadon dagangan ti
urang, jualeun di Erofa. Tapi lila-lilamah lain ngan saukur dagang, saterusna
mangaruhan raja-raja, babakuna raja-raja di pulo jawa, sangkan bisa gawe
.babarengan, pikeun kapentingan maranehna
Dina taun 1602 urang walanda ngadegkeun kongsi anu disebut Verinigde Osindice
Compagni disingget VOC anu puseurna di Batavia, anu ceuk letah urang sunda mah
.disebutna Batawi, Jakarta ayeuna
Lain saukur ngadegkeun kongsi. Lila-lila tujuanna robah, jadi ngajajah, nepikeun raja
kaya ti urang di bawaan kanagarana, atuh puguh bae ngarugikeun ka bangsa urang,
.nepi ka antuknamah loba raja-raja anu baruntak ngajorag merangan Walanda
Diantara raja anu baruntak, nepi ka ngajorag ka batawi merangan Walanda, nyaeta
.raja Mataram kakasihna Sultan Agung, dina taun 1628
Para prajurit Mataram katut rahayatna anu geus sawawa, ngeleut keungkeuy
ngabandaleut leumpang mapay pasisir kaler pulo Jawa, sebab angkeuhanna rek
.diserangna ti darat jeng ti laut
Ari dina prungna perang mah harita, prajurit mataram kadeseh, teu bisa walakaya,
sabab eleh ku pakarang, bubuhan walanda mah pakarangna oge geus samagreng,
.geus aya bedil jeung mariem sagala
Dina lalampahan prajurit mataram ngajugjug Batawi teh laleumpang, anu tangtu
sajajalan loba nu tinggaleun teu bisa neruskeun lalampahanana, teu saeutik anu
.terus tetep tumetep di tempat pangreureuhan
Ti harita pisan Pasundan, babakuna beulah kaler loba kapangaruhan ku budaya
mataram, hiji cirina nya eta ti mimiti Cirebon nepi ka banten basa sapopoena
.ngagunakeun basa jawa
Samalah kasauran Bapa Ayif Rosidi, urang Jatiwangi, anu nyepeng kalungguhan
guru besar di paguron luhur Jepang, baheula mah para Bupati ti pasundan, unggal
taun kudu seba ka mataram, sakalian bari mawa upeti. Dina waktu seba tea para
.bupati diajar tata titi di karaton, katut diajar undak usuk basa
Kulantaran harita geus aya anu disebut Bupati, anu ngereh sa kabupaten, ku
pamarenatah walanda harita, dilengkepan aya asisten wadana, aya kuwu. Mun teu
salah mah sesebutan ka bupati oge kanjeng dalem, ari ka asisten wadana nyebutna
.bendara, ka kuwu nyebutna juragan
Ku alam ayeunamah, paparentahan harita disebutna pamarentah peodal, sabab tata-
.titina jiga di karaton
Dina taun 1682 pisan desa Bayuning ngadegna, anu jadi pupuhu pamarentahan
harita disebutna kuwu, duka dipilih ku masyarakat kawas ayeuna, duka di tunjuk ku
asisten wadana atawa bupati, eta mah can kapaluruh, komo nepi kana hal lengkep
.atawa henteu jeung sekeseler pamong desana
Anu jeneng Kuwu munggaran di Desa Bayuning kersana Eyang Jaksa, nurutkeun
katerangan mah anjeuna nyepeng kalungguhan salila 50 taun, nyaeta ti taun 1628
.nepi ka taun 1678
Anu perlu dipaluruh, nyaeta Eyang Jaksa anu di pendem na di kebon pinang, jeung
.Eyang Jaksa anu jeneng kuwu munggaran, jalmana teh eta-eta keneh atawa lain
Keur waktu saha anu jadi bupatina di Kuningan, tanggal sabaraha bulan naon, eta
mah kudu kapanggih heula bisluitna, ngan biasana dina waktu jaman walanda mah
ari ngangkat pagawe teh dina tanggal munggaran bulan Agustus, kuring mere
kacindekan yen Desa Bayuning ngadeg dina tanggal 1 Agustus 1628, nepi kataun
.2002 teh geus 372 taun
Kuwu anu kadua, ngagentos eyang Jaksa, kersana eyang Sastra, sok disebut oge
eyang Bewu anu hartina lebena kuwu. Nempo ti sesebutan tadi tetela pamarentah
desa teh tacan lengkep kawas ayeuna, sabab sakalieun lebe oge masih keneh
.dirangkep ku kuwu
Eyang Sastra oge lila jeneng kuwuna teh, sarua jeung Eyang Jaksa, 50 taun, nya eta
ti taun 1678 nepi ka taun 1728. Naha geuning lalila kitu, sabab haritamah ereunna
.teh, atawa nyekel kalungguhan nepi ka pupus
Geura urang tataan saha bae jeneng kuwu di Bayuning nepi ka taun 2003, bari
: sakalian mangsana
I. Mangsa Jajahan Walanda
Eyang Jaksa 1628 – 1678 .1
Eyang Sastra (Bewu) 1878 – 1728 .2
Bapa Kolot Jairah 1728 – 1778 .3
Bapa Kolot Imu 1778 – 1815 .4
Bapa Kolot Idras 1815 – 1855 .5
Bapa Kolot Ibang 1855 – 1873 .6
Bapa Kolot Dikarama 1873 – 1876 .7
Bapa Karma Wijaya 1876 – 1884 .8
Bapa Jayanata 1884 – 1912 .9
Bapa Raksawijaya 1912 – 1928 .10
Bapa Kartawijaya 1928 – 1938 .11
II. Mangsana Jajahan Jepang
Bapa Natapraja 1945 – 1958 .12

III. Mangsa RI nepi ka kiwari


Bapa S . Amintadijaya 1945 – 1958 .13
Bapa U.Karnaplawira 1958 – 1968 .14
Bapa K.A. Sukandi 1968 – 1984 .15
Bapa Misju Ewo Somantri 1984 – 1993 .16
Bapa Soma Madjasutisna 1995 – 2003 .17

Ti taun 1993 nepi ka taun 1995 teu aya kuwu anu difinitif, saheulaan di jabat ku
kersana Bapa kaur ekbang nepi ka waktuna aya pilihan nyaeta taun 1995, kersana
.Bapa U.Usnadi
Dina jaman ngalawan walanda, ngarebut kamerdekaan, urang Bayuning henteu
kaasup anu hengker, sabab aya salah sahiji tokoh agama nyaeta Bapa Kiai Abdul
Jalil, salah saiji anggota sarikat Islam, kungsi dibuang ka Digul babarengan jeung
.Bung Karno
Mangsa revolusi teu tinggaleun babarengan jeung tentara gerilya, samalah gegeden
tentara harita markasna teh di Bayuning, Saperti Bapa Umar Wirahadikusumah,
.Bapa Rukman. Bapa Abi Manyu jeung deui nu lianna
Dina mangsa harita urang Bayuning pituin anu milu bajuang, teu wudu aya nu korban
nepi palastra ku pakarang musuh nyaeta walanda, samalah duaan anu di tawan ku
walanda teu mulang deui sarta teu puguh hunyuranana

Anda mungkin juga menyukai