Anda di halaman 1dari 1

Di wewengkon Garut aya talaga nu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaeta Talaga B

agendit. Kacida kajojona the. Saban poe Ahad atawa poe pakanci. Ramena teh luar
biasa. Ti nu deukeut ti nu jauh jelema teh munggah merul nu rek ngadon sukan-suk
an, babakuna lalayaran.
Cek sasakala mah, cek dongeng nu sok didongengkeun deui eta Talaga Bagendit asal
muasalna kieu:
Baheula, geus rebuan taun ka tukang, aya hiji randa beunghar katelah Nyi Endit.
Ieu the saenyana mah nenehna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manehna the k
acida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana. Salian ti pakac
ar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Estuning lain babasan eta mah ni
rup nyorangan the. Kajaba ti teu aya nu ngawawuhan, Nyi Endit the memang jalma n
unggul pinang, geus teu kadang warga, hirup the estu nunggelis. Ari beungharna t
ea mah tetela. Beh kebonna beh sawahna, imahna ge panggedena di salembur eta mah
. Turug-turug ngahaja mencilkeun maneh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk
-aplak. Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sie
un kasoro tea. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.
Kacaturkeun keur usum panen. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat. Ka sawah Nyi E
ndit oge rea nu gacong. Ari sarengse dibuat jeung sanggeus parena dikaleuitkeun,
sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebe jeung sawatara ta
tangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tara
pti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung
the nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ngan sakoteap g
eus beres bari tingkaretap keneh.
Keur meujeuhna balakecrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku
pribumi teu ditarik teu ditakon, nya pok aki-aki waleh, yen teu kawawa ku lapar
, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang the Nyi Endit bet nyarekan, nyeklek-nyekl
ekkeun, pajarkeun the taya kaera, teu ngahutang gawe, menta bagean. Tungtungna n
epi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Memeh indit manehna ngomong k
ieu: Sagala ge boh ka nu hade boh ka nu goring, moal taya wawalesna.
Ngomongna kitu teh kasaksianku sakur anu aya di dinya.
Sarengsena nu dalahar tuluy amit rek baralik. Kakara ge pating laleos, rug-reg n
garandeg, sabab aya nu tinggarero: Caah! Caah! cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb bae pakarangan Nyi Endit th
e geus kakeueum/ Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur,
asal salamet dirina bae. Nyi Endit ge nya kitu, niat rek nyingkirkeun cai, tapi
barang kaluar ti imahna, cai the nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah
Nyi Endit. Imahna terus kakeueum meh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bias mah teu weleh-weleh sasamb
at menta tulung. Tapi henteu kungsi lila jep bae jempe, sihoreng geus tikerelep.
Imahna ge geus teu tembong. Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar
cai. Lembur sakuriling bungking geus salin rupa jadi talaga, anu nepi ka ayeuna
disebut Talaga Bagendit tea.
Sumber: LIMA ABAD SASTRA SUNDA (SEBUAH ANTOLOGI JILID 1)

Anda mungkin juga menyukai