Anda di halaman 1dari 2

3.

PENAMPIAN
Nu ngarinding lain ngajak tanding ngibing.
Nu ngarandang lain dating nantang perang
Sihoreng dating sarombongan ngajak bebesanan
Ngajajap ujang………… nu seja jatukrami
Kukituna atas namina Bapak Komarudin sakalih
Ka Pangersa Bapak……………………. kanggo nampian
Dihaturanan
…………………………………………………
Sapatotos sapagodos
Sajiad satujuan
Muga ujang………tinekanan
Geuning nu sumping ditampi pamaksadan
Sakalian urang akadan
Namung sabar heula
Majar teu jingjing teu bawa
Geuning cacandakan mani rarebo
Bilih tatamu beurateun nanggeuy
Sumangga ka ibu pribumi
Geura tampi pamasih
………………………………………………….
4. ACARA AKAD NIKAH
Hadirin Rohimakumulloh
Geus cunduk kana waktosna ninggang kana mangsana
Neda panyakseni tisadaya kulawargi
Akad nikah Neng……………………sareng ujang…………………….
Seja dikawitan, kalayan runtuyan acara……………….
1. Khutbah nikah bade didugikeun ku Pangersa Bapak……………
2. Pelaksanaan Akad Nikah
3. Do’a
Kanggo ngelaksanakeun ieu acara bade dipingpin ku petugas ti KUA
Kacamatan cijeungjing. Sumangga dihaturanan
……………………………………………………………………….
Alhamdulillah acara akad nikah parantos rengse salamet teu aya halangan harungan.
Hatur nuhun ka petugas ti KUA Kecamatan Cijeungjing anu parantos mingpin
pelaksanaan akad nikah, oge hatur nuhun ka tanu sadaya anu sami-sami ngiring nyakseni
eiu acara kalayan neda pido’ana muga ieu panganten tinekanan waluya walagri.
Kalayan Bewara rehing Neng………………..Jang ADE KADIR parantos syah
jatukrami. Sok bilih katingali ayang-ayangan mugi teu dibetahkeun.

5. SUNGKEM
Neng……….., Ujang……........ hideup duaan caah ku kabungah, bungah kacangking
udagan, rengse diakadan hidep seja ngambah sagara rumah tangga kukituna cag hidep
geura munjungan ka ibu rama neda jiad neda do’ana ka ibu rama hideup duaan.
Caaag hideup geura munjungan sasalaman neda jiad neda do’ana ka ibu rama miwah ka
kulawargi.
……………………………………………………..
6. TUTUP
Alhamdulillah runtuyan acara parantos dilaksanakan
Hatur nuhun kana kasumpinganana
Hapunten anu kasuhun tina sagala kakiranganana
Kalayan urang pungkas ieu acara ku do’a kifaratul majlis sasarengan
Subhanaka Allohumma wabihamdika
Asyhadu anllaa ilaaha illa anta astagfiruka waatubu ilaik
Sakitu anu kapihatur
Hasbunallohu Wani’mal Wakil Assalamu’alikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai