Anda di halaman 1dari 3

Assalamualaikum WrWb Girang pangajen, sareng pamilon anu ku sim kuring dipihormat, sarta rerencang sadaya anu dipiasih

ku sim kuring. Nepangkeun, sim kuring teh Andhiki Supono patandang .., ayeuna bade ngadongengkeun salah sahiji carita ti tataran Sunda anu judulna Sangkuriang Wilujeng nyaksening

Sangkuriang
Jaman baheula, aya hiji putri geulis kawanti-kawanti endah kabina-bina, ngaranna teh Dayang Sumbi. Ngan hanjakal anjeunna nandangan hiji panyakit nu teu cageur-cageur. Atuh, ku Raja teh diasingkeun ka hiji leuweung. Dina pangasingan teh, pagawean Dayang Sumbi ngan ukur ninun jeung ninun we. Hiji mangsa anjeunna nuju sibuk ninun, benangna teh lagrag ka handapeun saung. Harita teh Dayang Sumbi hoream turun ka handapeun saung, atuh anjeunna teh ngucap. Sahanya, anu tiasa pangnyandakeun eta benang, mun awewe rek dijadikeun dulur, mun lalaki rek dijadikeun salaki. Harita teh aya anjing jalu ngaranna Si Tumang. Si Tumang teh langsung nyokot eta benang diberekeun tah ka si Dayang Sumbi. Pas direret Dayang Sumbi teh reuwaseun. Aduh! Naha nya nasib teh goreng-goreng teuing, kapaksa kudu kawin ka anjing. Ahirna, Dayang Sumbi teh kawin ka eta anjing, nepi ka boga anak ngaranna Sangkuriang. Ti leuleutik Sangkuriang teh diasuh ku Dayang Sumbi. Karesepna teh moro ka leuweung. Hiji mangsa, Dayang Sumbi teh keur hoyong jajantung mencek, anjeunna nitah ka sangkuriang. Jang, Ema hoyong jajantung mencek, pangneangkeun nya! Sumangga ma. Sangkuriang teh indit ka leuweung dibaturan ku Si Tumang. Ti beurang nepi ka burit, Sangkuriang teh teu manggih hiji sato nanaon. Duh, kumaha yeuh, sato eweuh, rek balik dicarekkan. Ah, paehan we lah Si Tumang mereun we jajantungna teh sarua sareng jajantung mencek. Ahirna, Sangkuriang teh maehan Si Tumang. Tepi ka imah jajantungna dipasrahkeun ka Dayang Sumbi. Atuh Dayang Sumbi teh langsung we ngabersihan eta jajantung sareng diasakkan. Tuluy maranehna, balakecrakan ngadahar eta jajantung. Tapi, salila dahar, Dayang Sumbi teh ujug-ujug emut ka Si Tumang. Atuh anjeuna teh naroskeun ka Si Sangkuriang. Jang, ari Si Tumang teh ka mana kitu, geuning teu ningali ti tadi? Bari rada kasieunan sareng ngadeg-deg, Sangkuriang teh ngajawab bari aga-ege Hmm, hh.., mencek lumpat , tumang dipeuncit. Naon jang? Ngomong naon maneh teh? Punten Ema, yen jajantung anu dituang ku Ema teh jajantung Si Tumang. Naon? Jajantung Si Tumang? Sangkuriang, maneh nyaho teu, Si Tumang teh Bapa maneh! Piraku Ema, maenya Bapa kuring teh sabangsa anjing? Dayang Sumbi teh ambeuk. Dasar anak doraka! Eta teh bapa maneh!

Teu antaparah Sangkuriang teh sirahna ditakol tepi ka baloboran geutih, sareng diusir. Welasan taun kacarita, Sangkuriang teh tos jadi jajaka, kasep, gagah tur sakti mandraguna. Dina lalampahanana, Sangkuriang teh panggih jeung hiji putri, geulis pisan. Sangkuriang teh asup ka jero imah eta putri, nu sabenernamah eta putri teh indungna sorangan. Sampurasun! Punten! Rampes! Mangga kalebet! Unggal dinten Sangkuriang teh sok nganjang ka bumina eta putri. Eta teh lila pisan sok kitu, nepi ka poe rubah jadi minggu, minggu jadi bulan, bulan jadi taun. Lila kalilaan, Sangkuriang jeung eta putri teh jadi kabogoh. Nepi ka hiji mangsa Sangkuriang teh nuju macangkrama bari sare di lahunan eta putri. Ujug-ujug Dayang Sumbi teh ngarenjat ningali aya pitak dina sirah eta jajaka. Anjeuna curigaeun boa-boa eta jajaka teh anakna sorangan. Matakna Dayang Sumbi teh ragu keneh ngajawab, keur si jajaka ngajak kawin. Kanggo negeskeunkeun eta jajaka teh putrana atawa lian , anjeuna teh naroskeun ka eta jajaka. Akang, ari eta dina mastaka teh kumaha kitu mimitina? Oh, ieu, ke dijelaskeun! Saenggeus Sangkuriang ngajelaskeun kumaha bisa aya pitak pitak di mastakana, Dayang Sumbi teh reuwaseun, sabab eta jajaka teh rupina anakna sorangan. Jang, ieu teh Ema, indung maneh! Teu mungkin! Maenya, indung kuring sapantaran jeung kuring? Bener jang, ieu teh indung maneh! Kuring teu percaya! Naon, pedah embung dikawin ku kaula, maneh ngaku-ngaku jadi indung kuring! Bae, ari anjeun teu percaya kaula indung maneh. Kaula ge nampi ari maneh rek kawin ka kaula asal aya hiji saratna, maneh kudu bisa nyieun parahu sareng situ nu gede, dina waktu sapeuting! Sumangga! Ku kaula disanggupan! Sangkuriang gawe teu eureun-eureun. Peutingna Sangkuriang ngageroan guriang tujuh. Karek ge tengah peuting, Sangkuriang geus rek rengse migawe pagaweanana. Atuh, Dayang Sumbi teh ningalina reuwaseun. Anjeuna ngadua sareng nyuhunkeun tulung ka Sang Hyang Widi. Aduhh, Gusti. Kumaha ieu teh? Maenya sim kuring teh kudu kawin ka anak sorangan? Gusti, gusti, tulungan sim kuring atuh? Ahirna Dayang Sumbi teh dibere salendang sakti ku Sang Hyang Widi, nu bisa ngarubah peuting jadi beurang. Saenggeus eta, Dayang Sumbi teh langsung ngagunakeun eta salendang. Ahirna peuting rubah jadi beurang. Hayam ti mana-mana patingkongkorongok. Kabeh guriang tujuh teh kalabur sieuneun. Sangkuriang ngamuk. Maenya karek ge tengah peuting na jadi beurang? Ah, ieu mah pasti akal-akalanana Si Putri! AArrgghhh!!! Parahu teh ditalapung, nepi ka nangkub ka hiji bukit nu aya dina eta situ. Lila kalilaan ceunah, eta bukit teh rubah jadi gunung anu ayeuna disebut Gunung Tangkuban Parahu. Ari Dayang Sumbi teh lulumpatan sabab diudag-udag ku Sangkuriang. Ceuk sakaol, ti harita nepi ka ayeuna Sangkuriang teh masih keneh ngudag-ngudag Dayang Sumbi.

Tah hadirin, tos emut apan kana carita Sangkuriang teh? Buah tomat buah peteuy, tamat euy Tina eta carita urang tiasa nyandak hiji amanat, nyaeta urang teh lamun jadi jalma, ulah sok maksakeun kahayang sorangan wae. Rupina, mung sakitu nu kapihatur hapunteun bilih aya basa sareng tatakrama anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan langkung saur bahe carek, hapunteun anu kasuhun, hampura anu diteda. Wabillahitaufiq walhidayah wassalamualaikum WrWb

Anda mungkin juga menyukai