Anda di halaman 1dari 2

Dialog Bahasa Sunda Bi Kulsum : Para pemirsa kaom dangu nu mulya.

Wilujeng tepang deui dina acara Tembang Pasundan, nu dipidangkeun ku Radio Swara Sunda, kalayan gelombang 105,3 FM di Bandung, sarta biasa midang ti tabuh 10.00 enjingenjing dugi ka tabuh 11.00. Bi Kulsum : Ieu acara teh diasuh ku Bi Kulsum sareng Mang Anang Sujana. Sakumaha biasana, ieu acara teh mangrupa pidangan lagu-lagu Pop Sunda Kiwari. Mangga ka para pemirsa, anu bade request atawa ngintun sareng nyuhunkeun hariring asing ti radio Swara Sunda Bandung, dihaturunan. Mang Anang: Request lagu tiasa langsung nelepon atanapi ngalangkungan SMS. Telepon nu tiasa ditepangan nyaeta nomer 022 1356792 kanggo luar Bandung, 022 5691324 kanggo wewengkon Bandung. Atanapi para pamirsa tiasa nga-SMS ka nomer 08562127360. Namung aya pamundutnya, ka para pamirsa nu lebet ngalangkungan telepon kedah nyebatkeun heula Tembang Pasundan! Lusi, Anita : Hallow Tembang Pasundan! Bi Kulsum, Mang Anang: Mangga, sareng saha ieu? Di mana? Lusi : Ah, Bi Kulsum, Mang Anang maenya hilap ka urang. Ieu teh kapan Lusi sareng Anita ti Jatinangor! Mang Anang: Oh, muhun si eneng geulis tea, neng Lusi, Anita kumaha damang? Anita : Damang atuh Mang Anang, ari mang Anang sareng Bi Kulsum daramang deuih? Bi Kulsum, Mang Anang : Pangesto Neng! Mang Anang: Naha geuning maraneh meni nembe deui nelepon ka Mamang, kamana wae geuning meni lawas ti lawas? Lusi : Ih, kapan kuring sareng Anita teh kiwari ngiringan kursus modelling di LPK Ariana, Mang, kenging tilu sasih. Nya Alhamdulillah ayeuna mah tos rengse kursusna, malihan kuring teh kalebet kana jajaran modelling anu engke

kapaercantan ngawakilan kota Bandung ka Jakarta. Atos ah, bilih pajar kuring promosi sareng adigung saur nu sanes teh. Bi Kulsum: Nya atuh Mang Anang sareng Bi Kulsum ngawilujengkeun ka Neng Lusi sareng Neng Anita, mudah-mudahan janten Modelling anu sajati, lakuning istri nu sajati oge. Anita : Hatur nuhun ka Mang Anang sareng Bi Kulsum ngawilujengkeun kana piduana, ku Lusi katampi pisan. Mang Anang nu kasep sareng Bi Kulsum nu geulis, Lusi teh bade nyungkeun lagu Mojang Priangan tiasa henteu? Eta teh lagu nostalgia kuring sareng Lusi wayah SMA, omat putarkeun laguna, nya! Lusi : Eh, ieu lagu teh bade dikintunkeun kanggo Kang Bambang di Cikudapateh, Ua Eni di Cisarua, Kang Yayat di Pasir Koja, sareng Ceu Ayu di Bale Endah. Ah kum we kanggo para pamiarsa Radio Swara Sunda di Bandung. Anita : Oge teu hilap haturan Mang Anang sareng Bi Kulsum. Mugia tetap jaya di udara. Radio Swara Sunda Bandung milik urang balarea. Lusi, Anita : Hatur nuhun Mang Anang sareng Bi Kulsum! Mang Anang: Sami-sami. Oh kitu kutan teh. Mangga engke ku Mang Aneng sareng Bi Kulsum urang puterkeun laguna. Bi Kulsum : Ka Neng Lusi sareng Neng Anita, sarta para pamiarsa nu ku Embi sareng Emang dipikacinta, mangga wilujeng ngadangukeun lagu Mojang Priangan, mugia tiasa nyugemakeun sareng janten pangbeberah kana manah! Mang Anang: Para pamiarsa anu micinta lagu-lagu Pop Sunda, nembe parantos diputerkeun lagu Mojang Priangan. Mangga anu sanesna bilih bade ngiringan request, tiasa ngalangkungan SMS atanapi langsung nelepon ka urang, nya Bi! Bi Kulsum : Pamiarsa sadaya, teu karaos geuning waktos parantos nyerelek. Tambi lumayan, Embi sareng Emang sateuacan pamitan. Wilujeng tepang enjing, dina waktos anu maneuh. Mangga wilujeung kantun para pamiarsa, daaahh.

Anda mungkin juga menyukai