Anda di halaman 1dari 1

Bismillahirrohmaanirrohiim.. Assalaamualaikum Wr.Wb. Alhamdulillahirobbil aalamiin, washholaatu ala sayyidina Muhammadin wa alaa aalihi washohbihi ajmaiin.

Amma badu: Sabadana manjatkeun puji kalih syukur ka dzat Allah Robbul ghofuur. Sholawat miwah salamna mudah-mudahan teras ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya. Kangjeng Nabi Muhammad. SAW. Teu hilap ka para kulawargina, para sahabat, tabiin, atbaut taabiiin sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadaya, oge urang salaku umatna tiasa kabagian syafaatuluzmaa ti manteuna. Amin ya Robbal alamin. Bapa/ibu juri muhadloroh anu ku simkuring dipihormat. Rekan-rekan sadaya anu ku simkurin dipikacinta sareng dibanggakeun. Hadirin sadaya, saleresna abdi ngadeg di ieu tempat the nuju bingung. Naha kitu beut bingung saur hadirin the. Kieu nya hadirin, teu bingung kumaha atuh. Pan abi the nuju nahan tuur anu tos ngageter tatadi, teras abi kedah nyarios anu teksna oge the teu acan apal, cing sook saur hadirin kedah kumaha.. Tapi pan urang terang deui yen salaku santri kedah nurut kanu janten guruna. Aliim teuing abi kalebet jalmi nu awon kanu janten guru. Kieu we nya hadirin, ari nu namina hirup di dunya mah moal liren tinu namina kabingung, jiga abi tadi ning. Nanging urang salaku manusa oge tos di piwarang nyareaat pikeun nyanghareupan eta kabingung. Nu pasti urang kedah emut kana ayat anu kieu ning. Taawudz. Fainna maal usri yusron. Inna maal usri yusron. Anu hartosna kirang langkung kieu, Wallahu alam: Saestuna ai dina kasulitan the eta aya kagampangan. Taah eta the dawuhan Allah anu moal mungkin bohong atawa lepat. Kumargi kitu hayu atuh urang sami-sami diajar ngayakinkeun oge ngarobih kabingung urang ku jalan usaha oge diajar ngarah urang janten jalmi anu sadar jeung sabarr.. nyambung teu nya hadirin.. Wios aah, pami wae aya nu saena eta mah tina agama, pami anu awona eta mah murni tina kabodoan simkuring. Panutup pihaturr. Wallahul muwafiq ilaa aqwaamith thoriiq Wassalamualaikum Wr.Wb

Anda mungkin juga menyukai