Anda di halaman 1dari 2

Harti Dongeng Dongeng nyaeta carita rekaan nu mere kesan pamohalan tur ukuranana parondok.

. Kesan pamohalanna upamana bae aya sato bisa ngomong,aya parahu jadi gunung Eusi dongeng umumna ngandung atikan moral, contona anu bener salawasna pasti meunang pahala, budak nu teu nurut ka kolot bakal cilaka,jrrd Palaku atawa jejer dina dongeng bisa naon bae, bisa jalma, sasatoan, tutuwuhan, jin, siluman, jrrd Dongeng teh karya balarea, hartina tara kanyahoan saha nu ngarangna terus sumebarna sacara lisan Tehnik ngadongeng :1. lafalna kudu bentes 2. lentong kudu merenah 3. pasang peta ( aya mimik jeung gestur ) luyu jeung eusi carita Rupa-rupa Dongeng 1. Dongeng sasakala nyaeta dongeng asal-usul hiji tempat atawa hiji kajadian. Contona dongeng sasakala Situ Bagendit, Talaga Warna, Gunung Tangkuban Parahu 2. Dongeng sasatoan / fabel nyaeta dongeng anu palakuna sastoan nu boga kalakuan jeung ngomong siga jelema, contona : sakadang Peucang Maling Bonteng 3. Dongeng Babad karangan anu mangrupa sajarah hiji kajadian atawa hiji tempat, contona : Babad Kuta Maya, Babad Sumedang, Babad Sukapura 4. Dongeng Farabel nyaeta dongeng nu palakuna ngabogaan kalakuan nu teu lumrah jeung batur, contona dongeng si Kabayan 5. Dongeng Pamuk/ sage nyaeta dongeng nu palakuna ngabogaan kasaktian, contona : Mundinglaya Dikusuma Basa Lulugu jeung Basa Wewengkon Basa Lulugu ( baku, standar ) nyaeta ragam basa nu geus ditetepkeun tur dijadikeun standar makena ku hiji masarakat basa. Basa Sunda wewengkon ( dialek, geografis, regiolek ) nyaeta ragam basa Sunda nu mibanda ciri-ciri husus tur mandiri sarta dipake ku masarakat Sunda di hiji wewengkon. Gunana basa Sunda lulugu : 1. Tali mimitran, pikeun ngaraketkeun tali mimitran antara panyatur sawatara dialek 2. Ciri kamandirian, minangka jati diri panyaturna 3. Pananda komara , basa Sunda lulugu baris mawa komara jeung wibawa panyaturna dina campur gaul 4. Ragam Patokan, jadi patokan nu disaluyuan ku masarakat basa

Anda mungkin juga menyukai