Anda di halaman 1dari 4

Drama Sunda

KONTES DANGDUT
Ide Carita Nunung Nurjanah Skenario/Sutradara Erwin Tj
Kontes Dangdut diayakeun sa-Tatar Galuh. Acarana diiklankeun dina poster, surat kabar, jeung radio. Salahsahiji mojang hayang ngiluan ieu acara. Adegan 1 Di sakola. Nova : Aya naon, De? Meni bungah pisan? Maca naon eta teh? Pengumuman? Ade : Muhun. Ieu yeuh aya Kontes Dangdut sa-Tatar Galuh. Nova bade ngiringan? Nova : Lahabdi mah teu aya bakat nyanyi. Sok we atuh Ade ngiringan. Kapanan cita-cita Ade hoyong janten penyanyi sanes? Ade : Leres pisan. Ti kapungkur Ade hoyong pisan ngiringan kontes dangdut. Ieu kasempetan Ade kanggo ngahontal cita-cita. Ayeuna abdi bade nyuhunkeun idzin ka kolot. Nova : Sok lah, didukung jeung didoakeun ku Nova. Cing meunangcing sukses. Lamun tos terkenal tong hilap ka abdi nya! Ade : Jihmaenya hilap ka babaturan. Moal atuh. Pokona mah mun abdi sukses Nova bakal ditraktir jajan baso sawaregna. Hayu ahbade uih heula. Asalamualaikum! Nova : Walaikumussalam. Hmmm...boga babaturan, sumangetna luar biasa. Hebat...hebat... Adegan 2 Di imahna Ade. Haji Wibi : Naon? Rek ngiluan kontes dangdut? Astaghfirullohalladziim. Teu...Bapa teu satuju! Hajah Novi : Kunaon Bapa teu satuju? Kapanan eta teh cita-cita anak urang ti leuleutik. Haji Wibi : Cik atuh ari boga cita-cita teh nu waras...nu bener. Kapanan loba keneh pagawean nu leuwih mulia, leuwih terhormat, jeung masa depanna jelas. Jadi dokter misalna, guru, insinyur, atawa pengacara. Ieu mah kalahkah hayang jadi penyanyi dangdut, anu ku masyarakat dicap murahan...kampungan. Era atuh. Kapanan Bapa jeung Ibu teh haji...tokoh masyarakat. Naha Ibu narima lamun budak urang engkena dianggap awewe baong murahankampungan? Pokona mah Bapa teu satuju. Ade : Tapi Ade hoyong ngiringan, Pa Hajah Novi : Tos we, Pa, urang dukung kahayang budak urang! Haji Wibi : Pokona Bapa teu satuju! Teu satuju! Titik! Ade : Sanajan Bapa teu ngidinan Ade tetep bade daftar...bade ngiringan. Haji Wibi : Ngalawan maneh ka kolot? Ade : Sanes ngalawan pa, tapi Haji Wibi : Lamun maneh teu nurut ka kolot, indit siah ti imah ieu. Aing teu sudi boga budak jadi penyanyi dangdut... Hajah Novi : Paulah nyarios kitu! Haji Wibi : Indit siah!!! (Ade indit kaluar imahna) Hajah Novi : Ade...Pa...Pa...budak urang rek indit kamana? Haji Wibi : Keun wae! Antepkeun! Matakna ulah sok diogo teuing boga budak teh! Jadina wani ngalawan ka kolot. Ade kaluar ti imahna, disaksian ku indungna, leumpang euweuh tujuan. Sajajalan ceurik balilihan.

Adegan 3 Di pengkolan jalan lembur. Rival : Mabuk lagiahmabuk lagijudi lagiahjudi lagi Dikri : Heupheup! Nu baleg atuh nyanyi teh! Fals pisan maneh mah. Teu ngeunah kadengena. Rival : Eh..maneh ulah ngagangu kasenengan sayah atuh, kapanan urang teh keur mabok! Dika : Heueuhmabok sih mabok, tapi ari nyanyi mah nu bener. Ieu mah musik ka kalersora ka kidul. Teu nyambung, Man...teu nyambung... Rival: Maneh ngahina ka sayah? Dika : Naha maneh mah bet emosi, pira oge diomongan sakitu. Kritik ini mahkritik, Man. Rival : Tapi kuring teu ngeunah ku omongan maneh. Ngahina kitu mah. Irwan : Geusgeus montong parasea! Kapananan urang teh frend lain? Peacepeace! (Nenjo Ade leumpang lebah pengkolah). Hey barudak, itu aya Si Ade. Urang heureuyan yu! Dikri : Lah silaing mah, teu kaop nenjo awewe. Irwan : Hai Ade, bade kamana? (Bari nyampeurkeun ka Ade). Ade : Kumaha urang we. Dikri : Wah...Ade makin cantik aja nich. Ameng yu jeung akang! Ade : Iiih...teu sudi teuing! Barau alkohol akang mah. Dika : Wah kabeneran yeuh, urang bawa we ka saung tengah sawah, urang gawean. (Ngaharewos ka batur-baturna). Rival : Digawean kumaha euy? Dika : Lah silaing mah, maenya teu ngarti. Kasempetan euy, meungpeung manehna keur indit ti imah. Irwan : Hayu atuh. Ngan sakali sewang nya! (Ngarawel leungeun Ade). Ade : Iiih kurang ajar pisan. Lepaskeun siah! Tulungtulungtulung! (Kabeneran aya Kades Indra jeung Hansip Sandi). Kades Indra : Aya naon ieu teh? Ade : Tulungtulungan abdi pabade diperkosa. Kades Indra : Saha nu rek diperkosa teh? Ade : Abdi pa...abdi. Abdi bade diperkosa. Hansip Sandi : Saha nu rek merkosana? Manamana? dibabuk ku sayah. Ade : Ieu pa (Nunjuk ka pamuda). Hansip Sandi : Maraneh rek merkosa Si Ade?! Pamuda: Henteu, Pahenteu. Kita mah cuman heureuy pa. Swear! Kades Indra : Kurang ajar siah! Maraneh wani-wani nyieun masalah di wilayah sayah? Ngerakeun pisan siah. Hansip! Hansip Sandi : Siap Pa! Laksanakan! Kades Indra : Laksanakeun naon? Sayah can mere parentah. Hansip Sandi : Muhun...siap melaksanakan perintah, Pa. Kades Indra : Bawa ieu pamuda ka bale desa! Teangan kolot-kolotna! Ini mah termasuk tindakan kriminalperkosaan...perkosaan deuleu! Bahaya...bahaya! Hansip Sandi : Siap Pa! (Ngagiringkeun pamuda, dituturkeun ku Kades Indra). Pamuda : Ampunampunampun Pa! Moal sakali-kali deui. Kades Indra : Montong loba omong siah. Tah ieu akibat pangaruh minuman keras jeung narkoba teh. Leungit kasadaran akibat marabok. Omat penonton, ulah nurutan kalakuan barudak jiga kieu. Ingat! Jauhi minuman keras jeung narkoba! Waspadalah...waspadalah!

Adegan 4 Di Bale Desa. Bu Diar : Mana budak urang teh. Kurang ajar siah. Mabok jeung mabok we pagawean teh. (Ngagebugan Si Rival ku sapu). Rival : Ampun, Ma...ampun! Bu Diar : Ngerakeun aing siah. Dasar budak kurang ajar. (Bari terus ngagebugan Si Rival). Kades Indra : Sabar, Bu...sabar! Janten kieu ieu teh... (Jol Bu Isna). Bu Isna : Mana Si Irwan? Cing kalakuan teh ulah jiga sato maneh teh. Maenya rek merkosa? (Ngajewer ceuli Si Irwan). Irwan : Ampun, Mah...ampun. Kades Indra : Tenang, Bu...tenang. kamana kolotna Si Dikri jeung Si Dika? Hansip sandi : Teu araya, Pa. Nuju di sawah. Hansip Indra : Keun we atuh. Jadi kieu Ibu-ibu. Cing boga budak teh perhatikeun. Warah cing bener ameh teu baraong. Ieu teh akibat kurang perhatian ti kolot. Barudak jadi kacanduan ku minuman keras jeung narkoba. Bahaya nu kieu teh. Bisa ngaruksak moral generasi bangsa. Omat ulah sakali-kali deui maraneh nyieun masalah di lembur ieu! Rival : Muhun, Pa. Abdi kapok. Dikri : Moal sakali-kali deui, Pa. Dika : Tobat, Pa...tobat. Irwan : Swear, Pa...swear! Kades Indra : Heug atuh ari geus insyaf mah. Ku sayah dihampura. Jadi masalah ieu geus beres teu kudu ngalibatkeun polisi. Alus...alus ari maraneh geus tobat mah. Ke...ke...ari neng Ade ayeuna bade teras kamana? Ade : bade ngiringan kontes dangdut ka kota, Pa. Hansip Sandi : Wah...hebat atuh. Kita dukung. Kades Indra : Luar biasa! Bapa bangga warga urang sapertos Neng Ade boga potensi di bidang seni. Sok, ku Bapa didukung 100%. Bapa bakal ngerahkeun warga desa ka kota nyuporteran Neng Ade. Ade : hatur nuhun, Pa.

Adegan 5 Di tempat Kontes Dangdut. Ade ngiluan Kontes Dangdut sa-Tatar Galuh. Pesertana aya 75 urang. MC Nunung : Para hadirin sadayana, saatosna nyakseni 70 urang peserta, ayeuna urang bakal nyakseni penampilan peserta anu kagungan nomer undian 72, namina Nurul Arifyani. Wilujeng nyakseni! Nurul : (Loba gaya, nyanyi teu nyambung, fals, ku panongton dibaledogan, disurakan teu raresepeun). MC Yuli : Panongton sadayana mugi tenang! Acara urang teraskeun! Ayeuna urang bakal nyakseni penampilan dari peserta anu kagungan nomer undian 73, nami anjeunna Rinzy Primawanti Noor! Rinzy : (Geumpeur, teu nyanyi-nyanyi, ku panongton disurakan). MC Nunung : Saterasna urang sakseni penampilan anu kagungan nomer undian 74, namina Devi Shinta Cahyani! Devi : (Ceurik, teu daekeun nyanyi, ku indungna dicarekan dipaksa titah nyanyi). Bu Ita : Burukeun nyanyikan ku mamah geus dilatih di imah. Devi : Alim mahalimabdi mah teu tiasa nyanyi. Abdi mah hoyong janten dokter. Bu Ita : Dasar ngerakeun maneh mah. Peupeuriheun kuring mah ngiluan kontes eleh wae, atuh maneh ayeuna nyobaan. Hayu balik siah (ngajewer budakna, penonton nyurakan). MC Yuli : Ayeuna urang nyakseni penampilan anu pamungkas dina Kontes Dangdut ieu. Yu urang saksianpeserta anu nomer undianna 75, jenenganana Ade Ratna Sariningsih. Ade : Nyanyi, alus pisan, panonton heboh. MC Nunung : Numutkeun kaputusan Dewan Juri jeung teu bisa diganggu gugat, Juara Kontes Dangdut sa-Tatar Galuh Tahun 2009 , nyaeta peserta anu kagungan nomer undian 75, nyaeta Neng Ade. Yuuu hadirin, urang keprok keur Si Juara! (Panongton sarurak jeung nyaralaman Ade). Haji Wibi : Hampura Bapa Ade, Bapa rumasa salah, Bapa karek sadar yen jalan hirup maneh memang kudu jadi penyanyi dangdut. Ade : Hatur nuhun Pa, Bapa tos ngadukung kana cita-cita abdi. Insya Alloh abdi bakal jadi penyanyi anu professional, terhormat. Haji Wibi : Sok ayeuna mah didukung ku Bapa. Didoakeun sing sukses.

TAMAT

Anda mungkin juga menyukai