Anda di halaman 1dari 8

Sawer Panganten Prolog : Assalamualaikum Wr.

Wb Hadirin nu dimulyakeun ku Alloh, nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, cunduk waktuna, sabada dirapalan, Ema jeung Bapa seja nembrakeun kabungah ku mangrupa papatah ka hidep (+) .. (-) reunyepkeun ku hidep duaan hariring Ema dina : Pangapungan (Istri) Run turun panganten sakalih, diaping diginding nya lungsur, nya rampes bari kumeumeut bagja lengkah tumaninah, sukagalih suka wening endah dipayungan emas, kuring diaping, dipirig gending, deuh ditawur kembang malati nyambuang sa patamanan. Kembang hidep kembang siang, bentang hidep bentang siang, sing terang salalamina. Jalan anu rek di sorang hayu ayeuna ulah ka palang, ayeuna cunduk waktuning nitih wanci ngararabi Neng miwah Cep Hamo beunang dihalangan Takdir ti Gusti yang widi Qodar ti nu Maha kawasa. Pameget : mulunggung jalan rahayu Ngembat jalan ngararabi Awalna nya tepung rasa Masket asih lahir batin Dipatri ku akad nikah Tingtrim asih laki-rabi Prolog : Neng .. miwah Cep . Hidep bakal jadi jadi indung Boga anak tur kudu jadi picontoeun Cep . Hidep bakal jadi bapa Jadi kapala rumah tangga Kudu bisa ngajaga tur ngariksa Silih titipkeun nya diri Regepkeun ku hidep dina kidung. (Istri ) Ayeuna nya nawaetu Ku asmana illahi Bissmillah mah jait jalan Rohman Rohim nu dipamrih

Ngambah hirup rumah tangga Kenging rahmat di yang widi Tumut ka papagah sepuh Tawis mah hidep mupusti Konci gedong kabagjaan Aya di sepuh utami Mundut mah anggur doana Sangkan mulus raki rabi Amiin Ya Robbal Alamin Mugi Gusti nangtayungan Kidung Bunga Jemplang Karang Malati ngajakan seuri Kembang wera ngera-ngera Kembang eros tumaros Kamana ari dunungan Dunungan anu miheman Sasarina sok ngalangkung Ka sim abdi ngalanglang Prolog : Sumangga acara kalung bunga dilaksanakeun Solawat Sallaloh ala wassalam Sallaloh ala muhammad Sallaloh alaihi wassalam (Secukupnya) Tolaal badru alaina, min sania watil wada .. Istri (Sinom Degung) (ketok 3x) Na tuh eta teh saha Ngetrok panto lain wanci Rek nyemah di lain wayah Inggis teuing diri abdi Istri (Sinom Degung) (ketok 3x) Na tuh eta teh saha Ngetrok panto lain wanci Rek nyemah di lain wayah Inggis teuing diri abdi Istri (Sinom Degung) (ketok 3x) Na tuh eta teh saha Ngetrok panto lain wanci Rek nyemah di lain wayah Inggis teuing diri abdi Istri (Sinom Degung) (ketok 3x)

Na tuh eta teh saha Ngetrok panto lain wanci Rek nyemah di lain wayah Inggis teuing diri abdi Bubuka Pintu Istri (Sinom Degung) (ketok 3x) Na tuh eta teh saha Ngetrok panto lain wanci Rek nyemah di lain wayah Inggis teuing diri abdi Pameget (Sinom Degung) Nu geulis bet lali deui Kapan urang tadi lawung Dirapalan di istrenan Maheutkeun pasini jangji Istri Naha leres naha leres Engkang teh panutan rasa Pameget Piraku engkang rek cidra Garoh bohong kanu geulis Istri Duh engkang hapunten teuing Sanes abdi bade nundung Mun leres engkang satia Ucapkeun kalimah kalih Dibarung pangjurung laku Dipayuneun sadayana Sumangga engkang sumangga Panto dibuka Prolog Bral anaking Enggeus ditampi Geura ucapkeun 2 kalimah sahadah Bissmillahirahmaniirahiim Ashadu Alla illaha iLillah Dst

Sungkem Prolog Pameget Sora bapa lagu indung gumulung Dina hariring Dua bapa restu Indung gumulung Ka bale nyuncung Istri Bral anaking bral anaking Mangka bagja salawasna Jung anaking jung anaking Patepung Hirup najung (Panganten masing-masing ka pangkonan ibu) (Papatah) Ibu abdi hapunten Duh ibu anu ngakandung Rumaos abdi teh laip Kirang tata kirang titi Kirang duduga peryoga Ti kawit abdi dikandung Mung nyesahkeun Ibu bae Mugi ageung pangampura PROLOG (Panganten ngalih ka pangkonan Bapa) PROLOG : Duh bapa nu bijaksana Sim abdi mundut pituduh Bekel hirup lahir bathin Didunya tur diakherat Mugia abdi duaan Kenging hirup kabagjaan Bapa Hapunten teuing jembar manah Pangampura (teras ngalih ka Bapa + Ibu Mertua) Ayun Ambing Prolog : Istri Ari ari ayun diayun ambing Di ayun ayun ku samping Nelengnengkung nelengnengkung Duh bapa asih indung Nelengnengkung ayeuna Ka bale nyuncung Pameget Ari ari ayun diayun ayun ambing kusamping

geulis yap ka dieu nu geulis pupunden ati Sasarenga Ayun ayun ambing Diayun ayun ku samping Katresna nu wening ti indung Nu tetep ngaping Poma ulah rungsing Sing janglar beurang jeung peuting Prolog Sungkem : - Ema, Abdi (-) .. abdi (+).. Sabada dirapalan seja neda doa Ti ema reujeung ti bapa mugia Dina raraga rumah tangga ginurur Rahayu aya dina kabagjaan + Bral anaking ! beber layang tarik jangkar Ema ngadoakeun, ya allah Mugia pun anak . + .. Sing ginurur karahayuan - ngalih kanu janten rama Kasep geulis - Bapa abdi + Abdi ti kawit abi leubeut ku nyusahkeun Bapa.. kalayan ku abdi katampi disuhun dua. Embun-embunan kanyaah bapa Atikan bapa ka diri abdi oge Mugia Alloh nyubadanan sakumaha Pamaksadan abdi bapa - Bral anaking geura miang Geura jengkat pikanyaah ku hidep Bojo hirup (Salaki hidep) Dua ema kalayan bapa marengan ka hidep duaan. PROLOG : (Ngalih ka Ibu Mertua) - Ema ieu abdi, putra mantu ema - Baeu (+) anaking ku ema Hamo disaha-saha, Baeu (-) hamo di nahaNaha, anak ema asal hiji jadi dua, poe ieu Ema munajat ka Allah Subhanawataala Tumamprak ku dua dampal leungeun, Nampa kadatangan hidep, baeu bangken Hidep anu dipikameumeut, nyaah Anu moal daek laos, moal arek luntur ku

Waktu, baeu anaking baeu anaking. (ngalih kanu janten rama mertua) - Bapa .abdi putra mantu Ieu aya kajabi sabada abdi rengse Akad pertikahan seja sujud mundut doa kalayan rido di salira + Bral anaking, mudah-mudahan Jodo hidep duaan aya dina rido Gusti Bapa ngajurung dua, Ya Allah Mugia pun anak aya dina ayem tentrem Repeh rapih cageur bageur lahir bathin Sareundeuk saigel, sabobot sapakayonan Aya dina panangtayungan anjeun ya Allah Bral anaking Doa bapa marengan hidep Robbana atina pidunya hasanah Wabilakhiroti hasanah wakina adza bannar Subhana robbul izzati ama ya sipun Wassalamalal mursalin walhamdulillahirrobbil alamin

Susunan Acara Siraman Pernikahan Solawat (Allohumasolli dst) (Ibu rama calik dina korsi panganten diapit ku keluarga jalan diamparan sinjang) Sungkem ka Ibu teras ngumbah dua dampal sampean indung - Sungkem ka Rama - Ka Ua, Bibi dst - Anggean panganten ku kembang sareng sinjang kebat Di rawu, dipangku ku ibu rama nuju ka tempat pangrereban Diibakan Ti kawit embun-embunan dugi ka sampean ku Ibu Rama ngangge cai kembang tina gentong kalayan disiuk ku gayung emas - diteraskeun ngibakan ku nini, aki, ua, bibi dst. Sesa cai dibanjurkeun ka panganten dugi ka seep Dipangku ku ibu rama nuju ka kamar (digentos anggoan)

Bismillah abdi ngawitan # nyebat jenengan pangeran Anu kagungan urusan # kana sadayana alam Alhamdulillah syukuran # ka allah nu sifat rohman Parantos resmi tikahan # aya dina kalancaran Samemeh bubar bubaran # urang teraskeun saweran Sanes abdi titiasaan # etang sukur ka pangeran Nyawer kanu nembe nikah # eusina wungkul papatah Pibatureun imah imah # sangkan rantut tumaninah Lulus banglus lakirabi # cara rumah tangga nabi Jauh ti bala cocobi # deukeut kana rohmat illahi Panganten pameget heula # heug regepkeun masing rela Ulah bari ngarasula # wayah na da moal lila Ujang ulah gegelendeng # da nyawer teh tara mindeng Bet moal sapoe campleng # moal datang kalelendeng Anaking cik keneh pisan # kupanaib dirapalan Ijab qobul pertikahan # jeung ngedalkeun patalekan Ku aya na ijab Qobul # ujang halal campur gaul Jeung istri anu ngajentul # digigireun ujang tungkul Tah istri teh bojo ujang # pibatureun wengi siang Jang batur hirup berjuang # dunia jeung ka akheratan Ti waktu ayeuna pisan # ujang boga pamajikan Sarta boga kawajiban # anu kudu di cumponan Ujang kudu ikhlas niat # pan kawin teh seja taat Reujeung seja nyiar rohmat # lain rek ngalajur sahwat Anaking ujang sing ngarti # bojo teh amanah ti gusti Sakitu cukup piwejang # di tujukeun ka si ujang Tinggal si nyai nu lanjang # urang sodoran piwejang Timimiti ieu waktu # nyai teh jadi minantu Gaduh panutan nu estu # putra mertua anu tangtu Caroge nyai teh nyantri # bageur pinter suci ati Keur kasep teh jeung raspati # ka nyai tangtu nu pasti Nyai kudu age age # ngaladosan kacaroge Budi pangarti sing hade # sing tiasa ngalap hate Nyai sing gaduh duduga # jeung budi anu peryoga Pikeun ngatur rumah tangga # teu cukup wungkul ku laga Nyai ngaleos jeung dangdan # lain keur midang ka jalan Tapi keur caroge pisan # ngarah hate na katawan Dina nalika tiiseun # nyai ulah sok cicingeun Anggur mah sing daek leukeun # kupat kaput juan jieun Sateras na seueur keneh # nu perlu di ulangi teh

Sawer urang tutup bae # mugi akibat na sae Panganten lalaki awewe # mugi rarapih harade Aamiin ya allah aamiin ya allah # aamiin ya robal alamin Waya mujibas saailin # waya mujiibal mukhdorin

Anda mungkin juga menyukai