Anda di halaman 1dari 7

Kelas IX B SMP Negeri 6 Kota Cirebon

Carpon Basa Sunda


Fidha Hari Ayuningtias

2012

Jl . Elang Raya no.1 Perumnas Kota Cirebon 45141

Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu bntang anu tingkariceup. Geus teu kadng deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi. Asa ciknh, tur asa detik bieu pisan, kuring nnjo marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah sammh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun th; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema th kamomorkeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara ta tangkal samoja. Indit th stuning taya kereteg ti mmhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rk nyawang meletkna panonpo nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa rt ngaronghap. Datangna teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katmbongna mani geus saged, beberengkes, bangun rk indit-inditan. Hayu atuh! pokna. Hayu? Ka mana? kuring kerung. Har, apan kamari geus dibadamian. Urang th rk nyaba ka jauhna, ka alas peuntas. Urang nyiar kasenangan di ditu! Asa kakara ngadng kuring mah? Ah-ah, apan geus dibjaan ti tanghna og. Urang th rk nyaba ka ditu. Matak harita bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun sarta ulah natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel! Kumaha atuh, da kuring mah teu boga nanaon? Keun ba, kitu wh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal! Saha ba nu milu th? Loba. Geus taruluy batur mah! Mani asa rurusuhan indit th. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da ta, Pa rt mani ngabebereg, henteu mr pisan tmpo. Kuring nepi ka poho, henteu ngonci heula imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal samoja ka nu aya di lembur. Keun ba da engk og aya nu ngurus! ck Pa rt sajeroning leumpang. Nepi ka palabuan, enya ba geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring, misah di beulah wtan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Leb, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah Wirya, katmbong keur

ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu keur nyawang pikahareupeun. Kapal anu rk mawa kuring teuing ka mana, da Pa rt can kungsi ngcskeun geus ngajugrug di basisir. Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih tandinganana. Geus kumpul sarra? ck Pa Leb. Parantos sigana mah, Pa Kuwu nu ngawalon th. Hayu atuh urang indit ayeuna! Kabh asup kana kapal. Dipingpin ku Pa Leb. Tapi anh, ari barudakna mah henteu sina milu. Kalah ka diantep ngajanteng di sisi basisir. Katmbongna, maranhna bangun sedih naker. Loba nu carinakdak. Malah kadng lapat-lapat, aya nu ngahariring lagu Pileuleuyan. Euleuh, geuning aya nu maca tahlil sagala rupa. Basa hatong kapal disada, asa aya nu ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu pisan, saniskara katineung baris diteundeun, biheung kasampeur deui. Nepi ka ayeuna, sajeroning nangtung dina dk kapal, kuring bingung knh. Rk ka mana ieu th? Saenyana, ta pananya bisa ditepikeun ka Pa rt, atawa ka saha ba. Ngan can aya waktu nu rinh. Sabab kabh og, keur anteng narangtung bari nyawang cai laut nu ririakan kasorot bulan nu beuki pias. Nu ngajanteng di dk kapal th, nu keur ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing sabaraha urang. Ngajajar heuleut samter. Kawas nu dikomando, leungeun maranhna nangkeup harigu. Sorot panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup. Moal boa, ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus teu karasa. Pa rt ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu ngajanteng lebah dinya th Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun kapanasaran, Pa rte gancang ditol. Pa, rk kamana urang th? Engk og apal sorangan! walonna bari henteu ngarrt-rrt acan. Ngadng jawaban kitu mah, angger ba lebeng. Pokeun. Nya kapaksa ba, keur saheulaanan mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harnghng di lembur. Bisa jadi, pangna Pa Leb saparakanca ngajak miang th, lantaran kaayaan lembur geus henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit. Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, napel knh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak hran th, boh Pa Leb, boh nu sjnna, kawas nu mentingkeun

sorangan. Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu ba? Saha nu ngurusna? Kituna mah, aya alesan maranhna indit ninggalkeun lembur og. Alesan anu ku kuring karasa jeung karampa. Mh kabh anu ayeuna keur nangtung dina dk kapal, papada boga bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka maranhna miang og, biheung geus rngs. Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa rt. Dina panon Pa rt katara aya nu ngembeng. Boa manhna keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun th keur meujeuhna bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. Kuring apal pisan, hirup Pa rt ti baheula og henteu manggih kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus dngdk ka knca alatan dihakan umur. Ck bja, ti barang rumah tangga Pa rt hayang ngoman ta imah th. Keun bae panggung og, weweg-weweg atuh. Tapi tepi ka ayeuna og angger ba. Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka pamajikanana ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pdah hirup Pa rt taya menyatna. Hs geuning hayang ngawangun imah th, Jang! ck Pa rt harita, hareupeun Pa Leb. Ck kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg! walon Pa Leb. Enya, kawasna mah, pangna panon Pa rt nepi ka ngembeng og alatan inget ka dinya. Inget ka imah anu henteu kungsi kaoman. Kuring ngalngkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah anu diteuteup th. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti panon Pa rt. Naha Pa Olot th inget ka budakna anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot th geus masagi dina dunya barana mah. Ngan sapopona teu welh ngungun alum. Komo saprak Si Und mangkat rumaja mah. Si Und anu kakocapkeun sakola ka kota, mindeng nyieun masalah anu matak wirang Pa Olot. Komo apan, Pa Olot th jadi jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari ayeuna dikotoran ku kalakuan anak. Enya. Si Und anu sok mabok. Si Und anu ck Pa Olot jauh tina agama. Si Und anu kungsi ngagadabah Nyi Imas. Aing th henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa ngalelempang paripolah anak! kadng Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina hat nu pangjerona. Kuring ngalngkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu diteuteup th. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah katmbong geus aya nu ngalmbrh. Nyarakclakan. Murag kana dk kapal. Naon anu dipak sedih ku Pa Kuwu? Asana th taya cawadeunana. Tur kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh. Salila mingpin

dsa, asa taya codka nanaon. Malah kapak pisan. Enya, ari kabeungharanana mah misah ti batur. Imahna ngajenglng. Kakocapkeun bulan hareup mah rk meuli mobil. Pakayana nu lubaklibuk, ck manhna sorangan, lain hasil idek-liher di bal-dsa. Tapi meunang meres ksang, ladang dug hulu pet nyawa. Kari-kari ayeuna, Pa Kuwu og milu indit jeung Pa Leb. Naha henteu lebar ninggalkeun pakaya, ninggalkeun pamajikan bahnol, ninggalkeun kasugemaan hirup? Naon anu keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik og. Tapi sanggeus sakitu lilana didagoan, Pa Kuwu mr jawaban. Kawas nu surti, kuring th hayang nanya kitu. Di dinya moal apal, naon anu keur jadi kabingung. Sabenerna, ku di dinya og bisa dijawab. Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di dinya dipak handeueul satutas ninggalkeun lembur? pokna. Kuring mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus rk runtuh, sawah jeung tegal teu boga. Ukur hiji anu dipak hanjelu th, kuring geus ngamomorkeun amanat Ema, miara tangkal samoja! Lain, aya knh sajaba ti ta, Naon? kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna angger, teu riuk-riuk, teu nmbongkeun robahna semu. Pikiran ba ku sorangan! Lebeng. Henteu kapikir. Bagan Pa Leb anu diteuteup th. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah lain ngembeng deui, nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana sukuna. Pa Leb, kuring apal pisan. Lalaki anu sapopona teu welh basajan. Imahna lebakeun tajug, ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Leb anu tara leupas ti kopah jeung sakanyaho tara ninggalkeun istigpar. Nilik kahirupanana mah, Pa Leb henteu kasebut bisa usaha. Malah tepi ka kiwari, hirupna angger nyorangan. Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita, kawas henteu boga deui niat rarabi. Sapopona idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu hayang diajar ngaji. Padahal, naon anu dipak sedih pikeun Pa Leb mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu ninggalkeun kabeubeurat. Atawa melang ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan ta-tana anu dipak hariwang ku Pa Leb mah. Inggis taya nu bisa neruskeun tapak-lacakna. Henteu kaburu bisa ngawangkong. Sabab lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dk kapal th arasup ka jero. Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rk nuturkeun, ngan asa betah knh. Sabab bulan anteng maturan peuting, najan sorotna beuki pias. Cai laut angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur teuing ka mana. ***

Transmigrasi. Pindah ka alas peuntas. Nangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu ayeuna rk dijugjug. Ukur ta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rk ka mana deui, ari lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Leb saparakanca kapincut ku dongng Mang Satibi barto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit ninggalkeun lembur. Anu sjnna mah, harita, kalah ka tingbirigidig diajak nyorang sagara th. Ngan Mang Satibi anu beunang disebut nkad. Inditna kadua pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti harita, Mang Satibi nganjang deui ka lembur. Terus ngadongng, kumaha senangna di alas peuntas. Ck dongng Mang Satibi, di ditu th manhna geus bisa nyieun gedong, meuli motor, meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawan sapopona mah henteu hs, ukur ngurus kebon sawit. Pasti. Pa Leb saparakanca, kaasup kuring, rk transmigrasi. Rk ngarobah hirup di ditu, di alas peuntas. Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun, katurug-turug kawasna mah ingeteun kana dongng Mang Satibi ta. Ngan anhna, nu aya dina kapal, bet henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu rk dituju. Kalah ka patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah aya ti antarana anu nepi ka luhlah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rk nyanghareupan kabagjaan sebut ba kahirupan di alas peuntas th kabagjaan lain ngeluk tungkul siga nu bingung. Malah sakuduna bar marahmay. Taya salahna sapanjang jalan gogonjakan, seuseurian, patingcakakak sangeunahna. Enya, kaayaan di jero kapal th kalah matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu ngadon ngalamun. Taya nu katangn ngobrol ngalr-ngidul. Taya nu katmbong melenyun udud. Maranhna kawas nu jongjon jeung dirina swang-swangan. Kapal th terus nyemprung meulah jaladri. Geus henteu kadng sorana, awahing ku tarik. Ngan anhna, geus mangbulan-bulan, henteu nepi ba ka nu dituju. Kalah ka pengeusi kapal lir nu beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung dirina swang-swangan. Rk iraha nepina ieu th? kuring nanya ka Pa Olot. Tapi ditanya ngadon ngeluk, bari kapireng sorana inghak-inghakan. Ku naon Pa Olot? Henteu ngajawab. Nyampeurkeun Pa rt, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis Odang, Bah Wirya, sarua ngabaretem. Kapal angger nyemprung, teuing rk iraha eureunna. Pangeusina geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal angger nyemprung. Angger teu

soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda. Tapi taya sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana og keur milu ceurik. Teuing meunang sabaraha bulan, maranhna ceurik th. Lila-lila, tina ceurik th, jadi patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa rt, Pa Leb, Pa Kuwu, jeung nu sjnna. Hayang balik deui. Gancang balik deui! pokna. Tapi kapal henteu eureun. Jajauheun nepi malik arahna. Asa ketir nnjo kitu mah. Kaasup kuring bet hayang balik deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur th. Enya, asa aya nu tinggaleun. Moal, karah kumaha og, anjeun moal bisa balik deui! aya sora ti gigireun, basa kuring keur nangtung ngumbar katineung dina dk kapal. Sora anu agem. Tur kuring kakara ngadng sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu mak baju sarwa bodas ngajanteng. Saha anjeun? Pangeusi ieu kapal! Enya, tapi naha bet nyampeurkeun kuring? Pdah w, katmbongna siga nu bingung! Naha anjeun henteu milu ceurik? Naon nu perlu diceungceurikan? Itu geuning batur mah Enya, maranhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik w cenah. Aya nu tinggaleun di ditu! Kabh aya nu tinggaleun? Enya! Kaasup kuring? Bisa jadi! K, ari ieu kapal th rk kamana? Geuning henteu nepi ba? Engk og bakal nyaho! pokna bari terus ngalos. Kuring ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu gogorowokan beuki tarik. Sora Pa Kuwu mani pangtarikna. Hayang balik deui! cenah. Enya, dipikir-pikir mah, kuring og asa aya nu tinggaleun. Pamustunganana mah sapamadegan jeung maranhna : hayang balik deui. Tapi kapal terus nyemprung. Teu beunang dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus maruragan. Ngamalir dina dk-dk kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh. Pamustunganana kapal dngdk pinuh ku cimata. Terus dngdk. Pangeusina patingkocak. Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Sammh karem, kuring bisa knh neuteup bulan nu beuki pias ***

Anda mungkin juga menyukai