Anda di halaman 1dari 1

PENJELASAN AUNINGISASI

Bismillahi Rohmani Rohimi Assalamualaikum Wr. Wb Salam Suara Rakyat

Dulur-dulur pedagang nu ku simkuring dipihormat. Saung permanen (auningisasi) tempat icalan urang didadasaran ku pangemut sareng pertarosan. 1. Kunaon tempat icalan palih kaler ramena mung dugi ka tabuh 08.00 wib sementawis palih kidul jam 10 dugi ka jam 11 masih rame. 2. Kunaon nu icalan palih kaler kirang kreativ dina masarken icalannana (masih seueur anu ngagelar icalanna teu nganggo bangku) 3. Saingan usaha bakal abot margi sakedap deui pasar adang kamil bade dibuka sareng nu dagang seueur Bandar anu ti lebet Dumasar kana hal 3 eta, simkuring ngemut kumaha sangkan konsumen betah balanja dikaki lima, sarta nu dagang merenah nempatankeun dagangannana. Simkuring nyimpulkeun yen teu aya deui jalan iwalti kedah ngabebetah tempat icalan ku cara disaungan sing rapih supados konsumen betah balanja sarta nu icalan nempat keun dagangan sing narik konsumen. Dulur-dulur para pedangang nu kusimkuring pihormat. Kiwari aya kelompok anu duka mibanda emutan kumaha, teu satuju kana tempat icalan disaungan secara permanen, saupami protes eta ngangge elmu. Anu tantangannana ku simkuring diurai kanggo simkuring saparakanca atoh nu aya. Tapi upami protes mung diukur ku resep jeung teu resep ka hiji jalma, akibatna teu tiasa disuhunkeun tanggel walerna. Aya oge anu nyebatkeun teu hoyong aya pengurus, ieu pikiran manusa-manusa barbar nu hirupna salilana kufur kana nikmat ti Alloh, jeung mun dipenta tanggung jawab bakalan silih tuding. Kangge simkuring teu janten kaabotan saeutik oge margi tos cape bertentangan terus sareng pamarenah. Sakali deui mangga teu langkung para pedagang, kanggo pengurus mung tiasa ngalindungi secara hukum, eta mah kahoyong warga-warga nu hoyong, warga nu ngetang, warga nu balanja bahan, warga nu mayar padamel, kanggo simkuring wajib hukumna ngalindungi kahoyong warga.

Bilahi Sabilil Haq Wasalamualaikum. Wr. Wb

Abah Iwa

Anda mungkin juga menyukai