Anda di halaman 1dari 11

(1) BUDAK PAHATU LALIS Dua budak pahatu lalis adi lanceuk aww lalaki kasarung di leuweung ganggong

adina ceurik ngalengis mana jalan geusan balik. Budak lalaki ngala kupa leungeunna parigel metik buah kupa dialungkeun dipulungan ku adina. Tina rungkun buni kacida luar-lor oray sanca gep ngegl awak adina nu keur anteng murak kupa. Jrut turun budak lalaki ana rt ka sakuriling Si Nyai ka mana geuning reuwas kacida teuing. Manuk Cukrik disada semu nalangsa Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih pucuk eurih bakal matih Si Nyai bakal kapanggih. Geberan ku hihid aing hihid aing kabuyutan mawa bayu kahuripan. Geber-geber hihid aing hihid aing kabuyutan titinggal nini awaking. Usik ngulisik raga tangtungan paripurna hirup waras ku saktina rasa asih.

(2) BUDAK SAKTI Budak leutik bisa ngapung jangjangna kulit salapis hiberna di langit peuting ludeung ngambah jomantara disadana tingkorak karesepna bubuahan nu amis semu kareueut Budak leutik bisa ngapung budak nu kacida sakti nu kitu naon ngarana?

(3) NINI ANTH Di langit bulan nembongan cahayana hurung ngempur ngadamaran alam dunya. Di bulan Nini keur anteng ngentrung ninun kan polng awak Nini mani bongkok balas terus ba ninun meureun geus rebuan taun. Di bulan Nini bumetah dibaturan Candramawat buluna nu tilu warna watekna matak diasih.

(4) SAMAGAHA Bulan di langit ngaleungit meureun disumputkeun naga bumi alam pok mongklng. barudak rct di buruan sorana patembalan

Samagaha! Samagaha! Aya kahariwang dina hat swang-swangan bulan sirna. Ting berebet barudak ka pipir imah tutunggulan dina lisung rampak narakol kohkol ngusir naga sina nyingkir naga nyingkah bulan ngempur bumi alam caang deui.

(5) SAKADANG MONYT MALING CAB Sakadang kuya jeung Sakadang monyt suka bungah maling cab cab beureum matak uruy lada haneut kana beuteung. Seuhah lata-lata, seuhah lata-lata cab beureum cabe lada cab arasak kacida. Keur jongjon datang Pa Tani Sakadang monyt ngabecir sieun katwak Pa Tani. Kuya geuwat gancang nyumput di tempat nu rada buni tapi katnjoeun mantn. Pa Tani bungah kacida daging kuya rek diolah lumayan keur deungeun sangu.

Sakadang kuya katwak dipangku dibawa balik dikurung tukangeun imah.

Ngalongok Sakadang monyt suka bungah ngahilian cenah bakal dikawinkeun ka anakna Bapa Tani. Isukna datang Pa Tani suka bungah muru kandang nyorn bedog meunang ngasah. Pa Tani ambek kacida nu aya di jero kurung bangk Sakadang monyt. Monyt morongkol dicekel dibalangkeun ka nu bala monyt cengkat ngarngknk ngabecir lumpatna tarik.

(6) PAPARAHUAN Manintin manuk Manintin paparahuan reujeung Tunggeu parahuna cangkang bontng bontng suri anu ged. Soloyong angkleung-angkleungan kakawihan suka bungah Tin, tin, Manintin gengngng! Katembong ku Caladi Kundang ngageleber hiber teup enteup na parahu nu tiluan kakawihan Tin, tin, Manintin toroktok, tok gengngng!

Kapanggih ku anak Monyt clak tumpak parahu nu opatan kakawihan

Tin, tin, Manintin toroktok, tok nguuuk gengngng! Kitu jeung kitu disarada patmbalan suka bungah kakawihan mmh surup sarangng.

(7) SILIH TULUNGAN Nyiruan dina pancuran titeuleum mh ba pah Titiran nenjo Nyiruan kanyaah mapas hat. Geuwat metik dangdaunan diragragkeun kana cai ngarayap ta Nyiruan teu tulus nemahan pati. Titiran ku paninggaran diintip-intip dipanah Nyiruan mulang tarima nyeureud bitis paninggaran. Paninggaran ngagurubug teu tulus manah Titiran geus lsot kabh bangbaluh lantaran silih tulungan.

(8) BUDAK BUNCIR

Si Buncir naheunkeun bubu pareng meunang anggay-anggay diwadahan kana batok. Hayam macok anggay-anggay Si Buncir boga pamnta hayam nu jadi gantina. Hayamna katinggang halu atuh pah saharita halu nu jadi gantina. Haluna katincak munding sabab potong mnta ganti Si Buncir dakwa ka hakim munding milikna Si Buncir. Mundingna katinggang limus pah mnta digantian ku Ki Tani diturutkeun buah limus matak uruy. Demi Nyi Putri ningali kacida pisan palayna limus dipesk dituang sp ngan tinggal pelokna. Nyi Putri jadi gantina Buncir teras salin rupa jangkung pohara kaspna katelahna Gandarasa.

(9) BUDAK HIDEUNG Budak hideung gorng rupa buuk ngarambueuk rintit ku indung pulung diasih lantaran ku dakanana. Teu saeutik nu ngahina pasrah narimakeun nasib

kanikmatan tanpa tepi permata nu pangmahalna. Si hideung muka buntelan horng eusina teh waluh dibantingkeun kana batu bray beulah hrang ngagenyas. Jangglk hiji nagara budak hideung salin rupa satria gagah perkasa Danuwarsa katelahna.

(10) CINGCIRIPIT Ngariung di pakalangan waspada ngantelkeun curuk curuk inggis kacapit kacapit ku dampal leungeun dampal leungeun dikeupeulkeun jk-jk nong nu kacapit tunggu lawang.

(11) NGADU PANGGAL Prung tarung di pakalangan nu jadi kawih pamuka: Tung-tung-brung kali tanjung barangbang kali parangpang padakutik padasemprung. Breng panggal diparuihkeun muih dina jero kalang beletak papada panggal panggal ngacleng ngagolpak panggal muih pangleletna punjul ngajadi raja.

(12) TITINGGI ULA-ALI Karmbong meulit na cangkng tungtungna pada nyekelan antay-antayan leumpangna niru-niru titinggi majuna ongko-ongkoan bulat-beulit, arula-arileu nguriling kukurilingan hulu ngudag-ngudag buntut sina nangan nu leungit. Nu dimaksud geus kapanggih buntut kudu jadi hulu ari hulu jadi beuheung kitu jeung kitu tuluyna sagala-gala walatra taya nu paheula-heula.

(13) LANGLAYANGAN Langlayangan kumalayang ngalayang di mga malang paheula-heula jeung heulang sukan-sukan sukahayang. Mipir langit nyorang mga nyawang anggang di buana amparan handapeunana tanah ndah alam Sunda.

(14) SURUNG MUNDING Surung munding, surung munding kaulinan budak lalaki ngutamakeun kakuatan nu man pahareup-hareup pakuat-kuat tanaga.

Surung munding, surung munding nu lalajo suka bungah ngariung bari ngarawih: gr tong-gr tong nu lh dipotong gr tong-gr tong nu lh dipotong. Gr tong-gr tong parancah mmh lumampah ngagr hat lalaki ludeung teuneung rahayu jaya waluya.

(15) CAANG BULAN Baheula nu dipigandrung caang bulan opat welas ngabungbang pinuh kabungah galumbira gogonjakan bari kakarawihan laguna lagu bulan tok; Bulan tok, bulan tok, bulanna sagede batok, didudut disantok, aya ucing keur anakan. Meungpeung bulan ngaganteng arulin masing aranteng nganteur kahayang nu manteng.

(16) PACICI-CICI PUTRI Dampal leungeun nu katuhu nu knca oge nya kitu ditangkubkeun ka palupuh disodorkeun keur ngariung ditunjukan bari imut

ditetel-tetel ku curuk kawihna lagu nu matuh dikawihkeun ku lulugu: Pacici-cici putri trlk kembang celempung ada nona ada tuan kalau mau kembang apa?

Hayang kembang Kamuning! Hoyah, ari balik nungtun munding! Nu ngariung surak kabh gogonjakan suka bungah.

(17) ULIN DI WALUNGAN Ngabring arindit arulin ka walungan seja ngojay jleng gejebur, jleng gejebur ngarojay patengah-tengah ngalangkarak babalapan papalidan ka hilirkeun palila-lila teuleumna icikibung peperangan silih simbeuh silih cemplang.

TUGAS BAHASA SUNDA SAJAK


Di buat oleh: Sofya Monica Kelas : VIII-K

SMP NEGERI 1 CICALENGKA

Anda mungkin juga menyukai