Anda di halaman 1dari 1

Assalamualaikum Wr.

Wb Bapak sareng Ibu dewan Juri anu ku pribados di pihormat, sareng sadayana anu sarumping di tempat ieu anu ku pribados dimulyakeun. Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT, anu tos maparin nimat ka urang sadaya di antawisna nyaeta nimat iman, islam, sareng nimat anu langkung utamina nyaeta nimat sehat jasmani oge rohani, ku kitu urang sadayana tiasa kempel di tempat anu mulya ieu. Hadirin anu di mulyakeun ku Allah SWT. . . Shalawat sinareng salam hayu urang limpahkeun ka junjungan urang sadayana nabi besar Muhammad SAW, katut ka para kaluargana, para sohabatna oge teu hilap ka urang sadaya salaku umatna, aamiin, Margi kitu anjeuna teh parantos nyandak urang tina kabodoan dugi ka zaman modern sapertos ayeuna. Bapa sinareng Ibu dewan juri nu ku pribados di pihormat Dina waktos ieu abdi bade maparkeun pidato perkawis Hari Pahlawan. Anu tujuana nyaeta pikeun uninga margi Kepahlawanan, Patriotisme sareng Nasionalisme peryogi pisan pikeun ngawangun Nagara urang, salian ti eta sadayana teu aya deui nu tiasa ngajantenkeun Nagara urang leuwih maju. Dina tiap kaping 10 Nopember, urang bangsa Indonesia ngemut-ngemut Hari Pahlawan anu bersejarah pikeun bangsa urang anu mertahankeun kamerdekaan. Anu tos ka uninga ku urang dina catatan sajarah kaping 30 oktober 1945, Bung Karno, Bung Hatta, sareng Amir Syarifudin dongkap ka Surabaya disuhunkeun ku komandan sekutu, kanggo ngadamaikeun bangsa Indonesia sareng pasukan Inggris di Surabaya. Tapi saentosna Bung Karno, Bung Hatta sareng Amir Syarifudin dongkap deui ka Jakarta, peperangan teu tiasa didamaikeun dugi ka Jendral Malaby wafat.

Hadirin anu di pikahormat.. Salajengna dina kaping 9 November 1945 Inggris masihan ultimatum nu eusina ancaman, eusi ancaman nyaeta, sadaya pimpinan bangsa Indonesia di Surabaya, enjing kaping 10 November 1945 jam genep, enjing-enjing kedah aya di tempat anu tos di tangtoskeun, di kedahkeun nyandak bandera merah putih anu hartosna nyerah. Tapi, ultimatum teh teu di gubris ku arekarek Suroboyo, janten kaping 10 Nopember 1945 ka jantenan pertempuran anu rongkah. Rakyat Indonesia jangji rek ngabela kamerdekaan dugi ka maotna. Kajantenan ieu sadaya ngabuktoskeun kawani sareng tekad mertahankaeun kamerdekaan sareng ngabela tanah air Indonesia tina penjajah. Hadirin anu dipikahormat Kajantenan 10 nopember 1945 teh di janteunkeun Hari Pahlawan. Sumangeut ka Pahlawanan, ku urang tiasa di jantenkeun tauladan kanggo ngawangun nagara sareng bangsa anu leuwih maju. Mugia arwah para Pahlawan di tampi ku gusti anu maha suci. Aamiin,.. Hadirin anu dipikahormat Sakitu bae anu tiasa ku pribados didugikeun, haturnuhun tina perhatosanana oge nyuhunkeun di hapunteun tina sagala rupi kalepatan. Wabilahitaupik walhidayah wassalamu alikum Wr.Wb

Anda mungkin juga menyukai