Anda di halaman 1dari 4

Nyi iteung : Kang Kabayan...... Kabayan : Mmm...... Nyi Iteung : Akang...... Kabayan : Aya naon Iteung?

teung? Nyi Iteng : Ah...si Akang mah,atuh iraha akang ek ngalamar Iteung? Kabayan : Teung lain akang mbung ngalamar Iteung,Iteung pan apal kumaha sikap si Abah ka Akang.. Nyi Iteung : Halaaah...si Abah mah,padahalkan Iteung nu ek nikahna oge,make rek ngajodohkeun Iteung ka si Juned sagala.Kumaha ieu akang Iteung mbung ditikahkeun salain ka akang. Kabayan : Euleuh...si Abah kacida cida teuing atuh nikahkeun Mawar bodas kawas Iteung ka jelema kawas si Juned.Benernamah si Abah mikir yen manehna geus kolot,huis dimana mana,huntu geus laleleus,erek oge si abah narima kaputusan anak hiji hijina,jeung cicing istirahat nungguan kareta hejo. Nyi Iteung : Huuussss....Akang jempe tong tarik tarik,sok padu wae ngomong teh.Sing kadeneun. Kabayan : Kajeun kadengeun oge,paling paling nyamperkeun bari gogorowok *Borokokok*,jeung molotot matana buncilak,haruh gusti-gusti beuki kolot teh lain beuki... Abah : (si Abah tiba tiba muncul bari ngajewer ceuli si kabayan)eeeh Beuki naon kabayan...?hmmmmm....... Kabayan : Eeeeeeh....si Abah.Abah lepaskeun abah,nyeuri.... Nyi Iteung : Ya Allah Abah eta lepaskeun karunya nyeurieun... Abah : Keur naon maneh duduaan jeung si Iteung?bari ngomongkeun kuring sagala,Iteung balik maneh,diimah aya si Juned. Nyi Iteung : Abah abah cicing abah,Iteung mbung ditikahkeun jeung si Juned,Iteung bogoh ka Kang Kabayan.. Abah : Ngomong naon maneh Iteung? Sadar si Kabayan teh jalma malarat teu panteus jeung maneh.!Heh Borokokok maneh nyadar,ngaca heula hayang jeung anak kuring mah. Kabayan : Euleuh Euleuh si Abah,sakumaha hina kuring dimata abah?Kabayan bogoh ka anak Abah,Kabayan bakal ngabahagiakeun anak Abah. Abah : Hudang Kabayan,maneh boga naon wani wanian hayang ka anak kuring?bising 7 turunan oge kuring teu sudi boga minantu kawas maneh,catet ku maneh. Nyi Iteung : Abah..abah tega ka Iteung?Abah teu karunya ka Iteung?Bogohna Iteung ka Kang Kabayan lain ditingal tina duit abah.

Abah : Halaaah....kabayan maneh jangan jangan melet si Iteung sugan?Melet dimana maneh?sok sia ngaku sia! Nyi Iteung : Astagfirullah abah.... Abah : Aaaargh....geus Iteung hayu cuang balik!duduaan wae jeung lalaki kawas kie...Cuiiiih.... Nyi Iteung : Kang Kabayan...... Kabayan : Iteuuuung..... (Mulai tidinya,hirup si Kabayan berubah 180 jauh ti sifat aslina.Si Kabayan jadi sok mabok,penampilanna beda,jeung manehna kapikiran omongan si Abah pikeun melet,akhirna Kabayan datang ka dukun pikeun melet si Abah supaya ngarestui hubungana jeung Nyi Iteung) Dukun : Hahahahahaha........Diuk maneh!Hah,jadi maneh hayang si Abah ngarestui hubungan maneh jeung si Iteng? Kabayan : Nya Nyi...kuring hayang si Abah jadi bager ka kuring jeung narima kuring jadi mantu. Dukun : Tenang,maneh teu salah datang kadieu.Naon wae masalah bisa dibereskeun.Hahahaha....,Ngan aya syarat syaratna.syarat nu kahiji nyaeta maneh kudu mandi kembang 7rasa.kadua maneh kudu nyiapkeun 2 hulu anak hayam.jeung nukatilu tiap malam minggu maneh kudu nyiapkeun sesajen nueusina sagelas Luwak Black Kopi,Tory tory chesee crackers jeung oreo eskrim rasa orange. Kabayan : Hah,Jaaarrrukk.. Dukun : Hahahahaha....isukan syarat syarana kudu geus dilakonan,jeung hiji deui...syarat nu penting pisan nyaeta....duit! Kabayan : siap Nyi... (sangges balik ti dukun si kabayan ngalamun bari jeung ngomekeun ceulina,jeung teu lila manehna kasarean.Dina sarena si Kabayan ngimpi paeh.Suasana mencekam tiba-tiba muncul dan terdengar suara-suara mistis dan suara malaikat yang bergema didalam kesunyian). Malaikat : Kabayan.....Bangun.....bangun..... Mayat Kabayan : (kabayan bangun dengan dengan muka ketakutan dan bingung)Haaaah....imana ieu...poeeeek....eungaaaap,ari kuring nya geus paeh? Malaikat : Hai,,,Bani Adam .... Marobuka .... Mayat Kabayan : Haah,dibuka?dibuka nanaonan? Malaikat : Siapa Rasul dan apa kitabmu?JAWAB... Mayat Kabayan : hah,Rasul?Kitab?duka,duka kuring teu apal,kuring ngan nyaho oge .... .... .... .... ..... ***guyonan(dance,jaipong jsb)***

Malaikat : Terlaknat kau kabayan,Kau sudah jauh dari agamamu!kau berubah hanya karena cinta!Selama kau hidup kau pergunakan mulutmu untuk membicarakan orang tua,minum alkohol,kakimu kau langkahkan ke tempat haram dengan datang kedukun,hatimu kotor dengan niat memelet orangtua.Sekarang mulutmu akan terkunci,kau tidak akan bisa mengelak dari apa yang telah kau perbuat.Rasaan pembalasan dari apa yang telah kau perbuat. Mayat Kabayan : Mbung...mbung...ampuuuun ampuuun kuring hayang baliiik... Malaikat : Hahaha...setiap perbuatan akan diminta pertanggungjawaban,dan sungguh Allah sangat mencintai umatnya yang selalu taqwa dijalan-Nya,kau rasakan siksa kuburmu...hahahaha. Mayat Kabayan : Ampuuuun...ampuuun...iteung...iteung...iteung... (saharita si kabayan hudang tina ngimpina,teu lila nyi iteung datang bari ceurik) Nyi Iteung : Kang Kabayan...akang...kang kabayan... Kabayan : Iteng?Iteung Iteung...iteung kunaha ceurik? Nyi Iteung : Si Juned kang sijuned nipu iteung. Abah : Heueuh..kabayan si juned nipu,padahalmah si juned geus boga anak pamajikan,Abah era ka maneh kabayan,hampura abah.Ayeunamah ku Abah sorangan direstui jeung si Iteng,asal sifat maneh hade deui. Kabayan : Abah bener?heueuh abah,kabayan janji ek ngubah deui sifat kabayan.Tapi Abah Bener? Abah : heueuh..kabayan soalna si Iteung kekeuh hayang kamaneh. Nyi Iteung : Abah bener? Abah ; Heueuh.. Nyi Iteung : Abah bener ? Abah : Heueuh.. Nyi Iteung : Abah bener? Abah :eeuh iteung... (teu lila dukun datang) Dukun : eiiiiits aya naon ieu?Kabayan mana janjimu? Kabayan:eeeh...kadieu heula kadieu...Nyi kuring teu jadi melet si Abah,kuring ek tobat Dukun : Apa?...tong sok maen maen kabayan,janji angger janji! Abah : Janji naon ieu kabayan? Dukun : kieu...mun hayang nyaho mah,si kabayan geus boga niat keu me...eeeh si abahna kaseep...hahaha....

Kabayan : Abah...hampura kabayan abah,kabayan boga niat ek melet abah,ambeh abah ngarestui hubungan kabayan jeung nyi iteng,tapi henteu abah ayeunamah pan kabayan tobat. Nyi Iteung : Astagfirulloh akaaaang... Abah : geus..abah ngarti,ayeuna abah percaya kasorangan kabayan,sorangan geus jujur.Jadi geura tentukeun ek tanggal jeung bulan sabaraha maraneh nikah ? tapi tong miheulaan abah nya,anah heula nu nikah.. Kabayan+Nyi Iteung : Hah...Abah ek nikah jeung saha? Dukun : HAHAHAHAHAHAHAHAHA......... (Akhirna si Kabayan berubah deui sifatna kusabab mimpi paeh . Kabayan,Nyi Iteung,Abah,Dukun nu jadi pamajikan si abah hirup bahagia salawasna....)

Anda mungkin juga menyukai