Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum Wr.Wb.

Bapak kalih ibu anu bade ngaregepkeun biantara-biantara simkuring, urang titenan kahirupan kiwari seueur pisan tontonan ti luar nagara urang, dipikaresep ku barudak ngo. ra, anu sepuh oge sami Jati kasilih ku junti teu minosea kana seni budaya, margi di Indonesia ti sabang dugi ka maroke seueur pisan seni budaya. Di pulo Jawa bae aya budaya Jawa jeung Sunda. Ku hal kitu dina biantara ayeuna bade bantun tema Ngala lele kasamawa meunang dua, ngamumule kandaga Budaya Sunda. Naon atuh ari budaya the? Ceuk emutan simkuring Budaya the hiji kamonesan atanapi kapanigelan, boh dina seni atanapi dina kaolahan, tangtos ibu bapak tumaros naha kadaharan make lebet kana budaya?. Urang ngabantun conto: babantal, comro, misro, nutuan bubuy bawang, tutuan sareng cikur, beuleum sampeu ditambih parud kalapa gegetuk ngarana moal aya di Amerika, iwal Obama meureun apaleun, pedah kungsi di Indonesia. Dina widang seni di latar Sunda seueur pisan, aya rengkong, reog, celempungan bajidor, jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu kacapi, suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Abdi mah resep rok en roll, dag, dig, dug jreng.., bress, hebat euy. Padahal upami dilenyepan, ngemprangna sora kendang, ngerelikna sora suling kabawa angin peuting, hawar-hawar cianguran matak nyerep kana hate sumanambah kana bayah, kendang penca mani ngemprang, hut, het anu ngigelna kiwari ampir sirna. Nu matak ahli seni budaya atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos IPSI, ngawangun sanggar pikeun ngamumule seni budaya , utamina di tatar sunda kango urang mah. Piraku ari urang Amerika bisa kana budaya Sunda ari urang teu resep, teu malise, heunteu reueus urang kudu jadi benteng budaya Sunda. Wargi-wargi sadaya sakitu nu kapihatur tina tanahal, garehal teu keuna kana undak usukna basa, sakali deui umajak ka balarea urang mumule seni budaya urang. Urang Jepang bisa nyieun pedang, urang reureus bisa nyieun jodang, tong mangmang tong hariwang kang Darso ge bisa hirup senang. Wassalamualaikum Wr.Wb.

Basa, Kasenian, jeung Kahirupan Sunda Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah silih asih th jeung sasama th? Naha urang bet tga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain ba ngamumul basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajn inajn jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktkeun dina kahirupan sapopo. Lamun silih asah, silih asih, jeung silih asuh geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopo, tangtu beuki ndah Sunda th. ndah alamna, ndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti Sunda th ndah. Rk ditarjamahkeun kana basa naon og, Sunda mah salawasna ndah tur reumbeuy kahadan.

KABERSIHAN LINGKUNGAN Assalamualaikum wr wb Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat. Para wargi anu ku simkuring dipikahormat. Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena. Dina salah sahiji hadits diterangkeun... Inna dhofatu minal iman Nu hartosna : Kabersihan teh sabagian tina Iman Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih. Para wargi anu mulya. Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten. Wassalammualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai