Anda di halaman 1dari 10

Cipeucang

Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur teh loba sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna letikan ti embe. Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama Peucang. Kusabab cai teh jadi tempat kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma kabeh ngabutuhkeun cai. Tah kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran sato nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta tempat, Peucang = sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang. Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung masi loba jalma lamun usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta. Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng koneng loba nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana. Dugi ayeuna eta jajakateh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu jenenganana Ojim Suryana tea.

Siluman

Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida sarienen nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona paroek jeng loba begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.

Caritana yen brgal/garong anus sok nyegat ditempat etateh nyaeta jalma anu cicing di tempat eta, penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya teh. Jeung deui anu jalma anu nempatan tempat eta teh jaragoan utamana jago kadugalan. Kusabab kitu jalma nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah. Eta tempat teh aya di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah Silumanteh jadi ngaran Desa nyaeta Desa Siluman. Da ayeunamah aman biasa wae kos daerah nu sejenna eweuh begal eweuh garong, kecuali katukangeun lembur etateh aya trotoang panjang da nepi ayeunage sok sarieuneun jalma liwat kadinya tipeuting mah. Tah kitu caritana kunaon eta tempat teh disebut Siluman, nu ayeuna Desa Siluman.

Kuya Ngagandong Imahna

Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib. Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina. Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik. Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah! Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet? cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero. Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.
Rincian Dongeng: - Judulna : Kuya Ngagandong Imahna - Bahasana : Kasar - Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet - Watek palakuna : Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah. Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran - Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan - Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.

Hayam Kongkorongok Subuh

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa. Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga. Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik. Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang. Keun sugan cenah peuting engke pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna. Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Rincian Dongeng: - Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh - Bahasana : Kasar - Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga - Watek palakuna : Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur. Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan. Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo. - Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung - Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.

Cai Laut Asin

Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani. Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh. Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung, atuh karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng. Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-aki teh mere jimat ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!tilu kali, ceuk aki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik. Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah. Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.
Rincian Dongeng: Tema : Perang Duduluran Judulna : Cai Laut Asin Bahasana : Kasar Alur/plot : Ngagunakeun alur maju Cara Nyarita/ Sudut Pandang : orang ka 3 palaku utama Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani. Watek palakuna : Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah. Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah. Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur. Eusi/hikmah nu bisa di cokot :Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem

Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau

Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji. Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putraputrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu tos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atuh bendu pisan si anjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung gadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.
Rincian Dongeng: Tema : Perang Duduluran Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau Bahasana : Lemes Aur/plot : Ngagunakeun alur maju Cara nyarita/sudut pandang : orang ka 3 palaku utama Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana Watek palakuna : Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana. Raden Sundana = Sarakah Raden Topobrana = Embung ditindes Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon. Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.

Gagak Jadi Hideung

Kacaritakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea. Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah. Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng . Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu? Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, Engga, gaaaa! Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng: - Judulna : Gagak Jadi Hideung - Bahasana : Kasar - Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca - Watek palakuna : Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun. Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin. - Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan - Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.

SASAKALA SITU BAGENDIT


Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyata Situ Bagendit. Ck sasakala mah, ta Situ Bagendit th asal-muasalna kieu: Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu th saenyana mah nnhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manhna th kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana th. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. stuning lain babasan ta mah hirup nyorangan th. Ngahaja mencilkeun manh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro ta. Kacaturkeun keur usum pann, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit og ra nu gacong. Ari rngs dibuat jeung sanggeus parna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang leb jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung th nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotap g geus brs, bari tingkartap knh. Keur meujeuhna balakcrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki th walh yn teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang th Nyi Endit bet nyarkan, nyk-sk-nykskkeun, pajarkeun th taya kara, teu ngahutang gaw, mnta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun w. Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Mmh indit manhna ngomong kieu, Sagala g boh ka nu had boh ka nu gorng, moal taya wawalesna. Ngomong kitu th kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Sarngsna nu dalahar tuluy amit rk baralik. Kakara g patinglalos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, Caah! Caah! cenah. Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb w pakarangan Nyi Endit th geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina ba. Nyi Endit og nya kitu, niat rk nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai th nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum mh laput. Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu welh-welh sasambat mnta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur g sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai th beuki ged ba. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabh pakaya Nyi Bagendit.

Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti pramswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbandah, nu katilu Purbadwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari. Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, bad tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara th lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu. Atuh munasabah ba, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu. Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra dwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpn gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapiulah torojogan, anggo heula ieu raksukanlutung! Jangglk Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung. Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Lngsr kudu ments Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung. Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung nangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum og taya nu ngarayap ck wiwilanganana mah. Aki Panyumpit th mh pegat pangharepan. Barang rk mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rk disumpit, celengkeung th lutung nyoara: h, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring th rk ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton. Sukur atuh, sok geura turun, walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhorng Lutung Kasarung ta. Dwata minda rupa turun ka dunya. Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rk dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, Lngsr pasrahkeun ba ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun. Nya atuh ku Lngsr dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna th bet: Dak soth ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing! Deregdeg lngsr ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu knh. Pajarkeun th, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tth.

Lngsr mulang deui ka Purbararang, pokna th, Nya sok ba atuh, bisi pajar nampik pasihan rama. Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun. Keur jarongjong ninun, ari koloprak th taropong Purbararang moncor ka kolong bal. Cing Adi, pangnyokotkeun taropong! Ih, Tth, apan boga bujang lutung, Ck Purbaleuwih. Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong bal! Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari brwk th dibbkkeun mani jadi lima, sor disodorkeun! Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibbkkeun! Lngsr! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung! Jut Lngsr turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari. h Mama Lngsr, geunig Si Tth aya knh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun gorng, tamba jemp nu nyorangan. Hatur nuhun bjakeun ka Si Tth. Tutas haturan, Lngsr mulang ka karaton. Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolr dina palupuh sabbk, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep. Utun, urang sar jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh! Oaah, Sang Putri, lutung mah tara sar jeung manusa, bisi geuleuheun! Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan. h, deudeuh teuing. Putri th nalangsa pisan. Aing rk nnda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung sar, gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan. Raksukan digdogkeun, bray baranang siga bntang, kakaspan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajengglng karatonna, leuwih agrng ti nagara. Purbasari dipangku, dibogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Jangglk Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi bal kancana. Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu gorng budi ti leuleutik, nu gorng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.

Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna. Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan th laksana. Tuluy Purbasari dititah ngala bantng ti leuweung. Ku kasaktn Lutung Kasarung, bantng th katungtun ku Purbasari ka nagara. Purbasari dipents nyieun pakarang tatann tm bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahad-had ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibr pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu had. Tapi Purbasari unggul knh. Rupa-rupa kol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu welh Purbasari anu unggul. Tungtungna Purbararang pinuh ku hat dir jeung ujub, ngajak pakasp-kasp beubeureuh, Sagorng-gorngna beubeureuh manhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasp-kaspna beubeureuh Purbasari, lutung. Purbasari lh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk. Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagdogkeun raksukanana, baranyay hurung, jangglk jadi Guruminda deui. Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana. Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi pramswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadrkna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.

Anda mungkin juga menyukai