Anda di halaman 1dari 6

Bahasa kolot mah sisindiran th asalna tina kecap sindir. Mun nurutkeun kamus Basa Sunda karangan R.

Satjadibrata, sindir th hartina: Kecap atawa omongan anu hartina henteu sacrwlna/saujratna (ilikan kamus Basa Sunda karangan R.Satjadibrata, kaca 376). Sisindiran th nyata: omongan anu dibalibirkeun, anu dibungkus. Nya kawajiban urang anu kudu meskna sangkan ngarti kana naon eusina, tegesna mah sangkan ngarti kana naon anu dimaksud ku nu ngomong atawa nyindiran ta. Minangka parabot pikeun meskna ta, urang kudu surti, lemes rasa seukeut harti. Tah mun geus kitu mah, kakara urang bakal bisa ngarti kana maksudna, mun teu kitu mah nya lapur wh. Mun ditilik tina wangunanana, sisindiran th bisa dibagi kieu: 1. Wawangsulan/wawangsalan: a) Bangbalikan lanjaran b) Bangbalikan dangding c) Wawangsalan dangding 2. Rarakitan: a) Nu ngandung birahi b) Nu ngandung piwulang c) Nu ngandung lulucon 3. Paparikan: a) Nu ngandung birahi b) Nu ngandung piwulang c) Nu ngandung lulucon (ssbrd) Lamun eusi salah sahiji sisindiran meupeuh ka batur, disebut ssbrd, asalna tina kecap sbrd = ngabetrik, meupeuh ka batur, puguh wa karasana matak peureus. Ssbrd, bisa mangrupa rarakitan atawa paparikan. Dina wawangsalan mah langka kapanggih. Jadi, pikeun nyindekkeun hiji rarakitan atawa paparikan bisa henteuna disebut ssbrd, urang kudu nalk eusi ta rarakitan atawa paparikan ta. Lamun eusina meupeuh ka batur, taaaahh.. nu kitu u ngarana ssbrd th. Jengglnganana atawa gurat badagna sisindiran th. Tulisan ka hareup ku uing nyoba digetrut nu kaasup wangunan sisindiran. Pikeun contona kamungkinan sauted heula nya, engk weh tulisan dina waktu sjn khusus dipangnangkeun conto-conto sjnna.

1. WAWANGSULAN/WAWANGSALAN
Wawangsulan asalna tina kecap wangsul (basa Jawa: wangsal), hartina wangsul atawa balik. Ku sabab kitu, wawangsulan th osok disebut og bangbalikan. Nilik kana wangunanana, wawangsulan/wawangsalan th bisa dibagi tilu bagan, nyata: a) Bangbalikan lanjaran b) Bangbalikan dangding c) Wawangsalan dangding

a) Bangbalikan Lanjaran Bangbalikan lanjaran, nyata: sisindiran anu sapadana (bait/kuplet) diwangun ku dua padalisan (jajar). Anu sajajar mimiti disebut cangkang, jajaran ka dua disebut eusi. Jumlah engang dina unggal-unggal jajaran kudu dalapan, purwakantina (sajakna ceuk basa Indonesia mah) nyaeta a b, sarta aya bagan anu disebut mdium pikeun mindahkeun harti tina cangkang kana eusi. Contona siga kieu ; Teu beunang diopak kembung teu beunang dientong-entong (mdiumna/eusina = lontong) Teu beunang ditiwu leuweung teu beunang dipikasono (mdiumna/eusina = kaso) Ngeunaan bangbalikan lanjaran mah. Conto sjnna, engk ba ku uing dibrbtkeun nya. nt og bisa nyieun sorangan asal saratna ulah lunta tina patokan-patokan nu geus dibjrkeun tadi. b) Bangbalikan Dangding Bangbalikan dangding, nyata: bangbalikan lanjaran anu disusun tur dijieun dangding. Ku lantaran kitu, patokan-patokan anu aya dina bangbalikan lanjaran teu keuna pikeun bangbalikan dangding mah. Ku lantaran dijieun dangding ta, nya patokan-patokanana og robah nurutkeun patokanpatokan dangding na ba. Upamana dangdingna dina wangun pupuh dangdanggula, dina dangdanggula th sapadana aya sapuluh jajar, atuh cukup ku lima bangbalikan lanjaran. Lain deui lamun wangunna dina pupuh sinom. Dina sinom mah, cukup ku opat satengah bangbalikan lanjaran. Pon kitu dina wangun pupuh lianna, saperti dina kinanti, cukup ukur ku tilu bangbalikan lanjaran, jeung saterusna. Sajaba tinu tadi dijntrkeun, unggal jajaran bangbalikan dangding teu kudu dalapan engang, tapi gumantung kana aturan pupuh na ta. Jumlah engang unggal jajaran, guru laguna atawa rubah-robahna sora unggal tungtung jajaran (dangdingdeungna) ta kabh gumantung kana aturan pupuhna. Aturan nyusun bangbalikan lanjaranana sina selang sekar, cangkang jeung eusina paselang. Wangunan bangbalikan dangding saperti kitu urang sebut wa bangbalikan dangding model kahiji. Sabab, aya deui bangbalikan dangding modl sejenna, nyaeta: bangbalikan dangding modl kadua. Dina bangbalikan dangding modl kadua ieu, cangkang jeung eusi th disajajarkeun ba. Cangkang ayana dina angkatan wirahma, ari eusi ayana dina pungkasan wirahmana. Mh teu mulek teuing ku uing dituliskeun atuh keur contona nya. Conto Bangbalikan dangding model kahiji

Dangdanggula Mga beureum surupna geus burit (cangkang) ngalanglayung panas pipikiran (eusi) Cikur jangkung jah konng (cangkang) naha teu palay tepang (eusi) Sim abdi mah ngabeunying leutik (cangkang) ari ras cimataan (eusi) Gedong tengah laut (cangkang) ulah kapalang nya bla (eusi) Paripaos gunting pameulahan gambir (cangkang) kacipta salamina (eusi) Sinom Balandongan ngujur jalan sok hayang geura los indit Kendang ged pakauman dagdigdug rasaning ati Bal dirka masjid nya pikir bati rumajug Tegal tengah nagara laun-laun sugan jadi emas ancur sakieu nya karipuhan. Conto Bangbalikan dangding model kadua (cangkang jeung eusi disajajarkeun) Dangdanggula cai langit duh pupujan ati laleur hurung duh raja mustika puputon sekar kedaton pulas beureum duh lucu sanggah seungit sumpah g wani yn engkang batur cadas niat bad estu tilam kuda seja bla santen bodas sanajan tepi ka pasti minyak sapi geus tga. c) Wawangsalan Dangding Saacan nyawalakeun bab wawangsalan dangding, urang bdakeun heula antara wawangsalan dangding jeung dangding. Boh dina wawangsalan dangding, boh dina dangding, duanana og bisa ngagunakeun pupuh anu jumlahna 17 ta. Ngan, dina wawangsalan dangding mah ngandung unsur-unsur bangbalikan. Tegesna, ngandung unsur-unsur nu dibalikeun deui atawa ngandung unsur peskeun. Sedengkeun dina dangding mah teu aya unsur-unsur kitu, stu ngan sacrwlna ba dina ngagambarkeun kaayaan th. Boh ngagambarkeun: kandahan alam, atawa papatah, kajadian, jeung sajabana ti ta. Saperti: Guguritan Laut Kidul, Sasambat Kuda Kahar, Kiamat Leutik, Eling-Eling Masing Eling, jeung sajabana.

Lamun dibandingkeun jeung bangbalikan dangding, bdana nyata: dina wawangsalan dangding mah wangunanana th sapada (satu bait. Ind) cangkang wungkul, sapada deui eusi wungkul. Contona: Sinom (pada kahiji cangkang wungkul) siki tarum rina kembang badoang manuk badori eunteup dina kalijaga manuk walt jangjang beusi cihcir disada peuting dina pucuk kembang tanjung kuma piakaleunana melak supa semar jadi daun bakung pisitan buah kokosan (pada kadua eusi wungkul) bak taun bak bulan ngadagoan bagja diri teu ayeuna sugan jaga rk welh inggis ku bisi mikir beurang jeung peuting ripuh dipupuk ku bingung kuma piakaleunana sangkan trh ngajadi gering nangtung mikiran munggah hoshosan. Naon-naon nu dimaksud sisindiran dina wangun kahiji, nyatana wawangsalan. Syukur lamun teu kaharti, jadi nt bisa nang sumber sjn nu leuwih jro. Ayeuna urang teruskeun kana wangun sisindiran nu kadua, nyata: Rarakitan.

RARAKITAN
Rarakitan, asal kecapna tina rakit, hartina: pasang. Sarakit, hartina sapasang. Jadi, rarakitan pihartieunana th: Papasangan. Anu disebut rarakitan nyaeta: sisindiran anu sapadana diwangun ku opat jajar. Dua jajar (jajaran kahiji jeung kadua) mangrupa cangkang, dua jajar deui (jajaran katilu jeung kaopat) mangrupa eusina. Jajaran kahiji thr, ngarakit jeung jajaran katilu, lamun jajaran nu kadua ngarakitna jeung jajaran kaopat. Purwakantina : a b a b. Upama nilik kana eusina, rarakitan th bisa dibagi-bagi jadi tilu bagan, nyata: a) nu eusina ngandung birahi (karesep nt lah nu kieu mah) b) nu eusina ngandung piwulang (nu nt sok hareudang geningan mun dipapatahan th) c) nu eusina ngandung lulucon (ssbrd)

Conto rarakitan nu ngandung birahi kaduhung kuring ka Lmbang ka Lmbang ka Cibiana kaduhung kuring kagmbang kagmbang kieu rasana sapanjang jalan Sorang moal welh diaspalan sapanjang tacan kasorang moal welh diakalan Conto rarakitan nu ngandung piwulang meuli wajit jeung jawadah kapak hajat kiparat masing rajin nya ibadah kapak dunya akhrat mmh ngagelarkeun kasur samak heula ambh rinh mmh ngomongkeun ka batur tilik heula awak manh (hehehehe.burayut knh euy) Conto rarakitan nu ngandung lulucon (ssbrd) majar th cau lampnng cau kepok dina nyiru majarkeun th lengkh koneng gening nya dekok nya gembru (hahahahant pisan ieu mah euy) rarasaan melak cau teu nyaho mun melak cab rarasaan asa lucu teu nyaho mun matak rh Hhhh.kitu meureun nu dimaksud rarakitan og. Sammh panon uing beurat ku tunduh, urang tuluykeun kana wangun sisindiran nu katilu nya, nyata: Paparikan.

PAPARIKAN
Paparikan, asalna tina kecap parek = deukeut. Wangun paparikan sarua jeung rarakitan. Anu ngabdakeunana, nyata: dina paparikan mah tara aya kecap anu dibalikan deui. Cangkang jeung eusina ngan deukeut sorana wungkul. Nilik kana eusina og sarua jeung rarakitan. Siga kieu conto-contona mah. Conto paparikan nu eusina ngandung birahi ngala saga sisi huma disamberan ku waliwis

tiis raga tiis sukma lantaran jadi ka nu geulis suwangkung ulah dihumbut pikeun tihang papanjangan nu jangkung ulah sok imut bisi kuring kadanan. Conto paparikan nu eusina ngandung piwulang ninyuh ubar ku cipati diwadahan piring gelas anu sabar ta pasti ku Allah dipikawelas papan kiara ditatah iraha jadi lomari mun bisa miara ltah mokaha salamet diri Conto paparikan nu eusina ngandung lulucon (ssbrd) jeruk purut Cikaruncang jambu ar Wanayasa camerut hayang ka bujang susu lar teu karasa cau kepok keur rumgang dieunteupan bondol hjo keur dekok katambah gang ditambahan olol lho (hahahaha sumpah teu nyindiran nt ieu mah, asli nt pisan).

Anda mungkin juga menyukai