Neangan Pijalaneun

MULANG ti pagaweana, Nunu teu luluy muru imahna. Pikirana nu baluweng ti kamarina keneh, maksa sukuna sangkan nyimpang heula ka imah sobatna, Oji. “Na, bet siga hayam ku cekak! Kunaon maneh teh, Nu?” Can ge Nunu ngecagkeun parabot diukna, geus disantongan manten ku pananya Oji. “Nyeta puguh Ji, caritana mah uing teh keur baluweng, ieu teh.” “Jih, na geuning baluweng!? Baluweng teh baluweng kumaha?” Oji cupu-capa kana pesak bajuna. Goloprak, ngaluarkeun bungkusan roko keretek. “Barina ge Nu, selang teuing pipilueun mikiran Bank Century lah. Sing tepi ka botakna ge tah hulu, percaya, moal aya pangaruhna kana bungkus roko mah!” ceuk Oji ditungtungan nyundut rokona. Teuing ka mana leokna congo caritaanana mah. “Lain kitu, Ji. Ieu mah duarieus yeuh!” Nunu nurut. Milu nyeungeut rokona. Sedot, pelenyun. Haseup mulek. Rohangan imah salin jinis jadi siga di jero pangar. “Duarius teh, duarius kumaha? Cing atuh bejakeun ka uing. Sugan bisa mantuan!” “Puguh, nu matak ka dieu ge, sugan di dinya mah boga bongbolongan!” “Tah geuning. Maneh mah teu poho kana karesep uing… ngabolongan. Hehe! Cing, sok atuh bejakeun, naon nu kudu dibolongan teh?” “Puguh kieu ieu teh, Ji…” Nunu nyelang heula ngetrukeun tungtung rokona kana biwir asbak. Prul, calacahna marurag. “Ke, tapi meunang mun uing menta cai heula!?” “Ih, na ieu mah Ki Dulur teh!? Geus menta dipangabonglongankeun, hayoh deuih menta cai!” Omong Oji bari nyerengeh. “Tapi heug lah. Ku uing dipangnyokotkeun. Ngarah beungeut maneh teu cakueum teuing!” pokna deui bari kebat muru dapur. Balik deui teh aya nu milu. Teko nanangkel dina leungeuna. “Di dinya sok naheur cai oge, Ji?” Bener oge, Nunu jadi meunang piseurieun. “Sugan nguji ieu mah Ki Semah teh!?” Oji nyantongkeun tulale teko kana gelas. ”Yeuh, Nu. Ti mimiti sasapu, ngepel, nyeuseuh, gegeroh, tepi ka ngejo, seubeuh uing mah! Heueuh, da teu kitu mah rek kumaha deui? Piraku ari budak kudu dititah nebeng dahar di tatangga onaman mah!?” “Ah, heueuh we. Peupeuriheun pamajikan jauh-jauh neangan duit! Sugan salakina mah nu di lembur, daek-daek ngurus imah atuh. Kitu lin, Ji?” “Tah geuning pinter maneh teh! Heueuh. Pikiran uing ge tepi tah ka palebah dinya! Enya. Dipikir-pikir mah asa tibaralik hirup teh! Heueuh sorangan, kitu. Ieu mah nyaritakeun uing.

Jeung teu jadi bahan pamikiran. Ji. Ji. nu boga warung sangu di parapatan. “Eh. Tong boro nu kakara sarengseng panon.” “Gede beuteung? Reuneuh maksud maneh teh?” Oji ngarenjag. Kitu meureun?” “Nya kitu tea. Nu direretna mah semu ngabalieur. “Manehna teh keur… gede beuteung. “Kitu sabenerna mah. Bangun enya kasaeur ku bangbaluh jeroeun dadana. Lain tadi teh maneh boga picaritaeun? Cing atuh kumaha?” Oji nu meupeuskeun kasimpe. duanana kalah paheneng-heneng. Bari jeung bobogohanana maneh teh susulumputan.Manasina maneh…” ceuk Oji bari ngareret Nunu. Hayang nyidikeun reaksina. anakna Ma Urmi. Nu direretna mah katara lir nu keur mikir. Ngarasakeun tungtung omongan sobatna nu rada nunjel kana angena. Ngan ieu yeuh. Nu. Ji…” Nunu ngarandeg heula. Bangun asa-asa rek pok. Ji. Ari maneh apal ti saha mun manehna bener-bener keur reuneuh?” Oji mencrong beungeut Nunu. palebah mana tah? Pan meureun ilahar kangaranan lalaki resep ka awewe mah.” “Sual eta sih ngarti uing oge. percaya teu ka uing?” ** CACAP nyaritakeun satengah pasualana. Kebat ngareret Oji. nu matak uing ka dieu teh hayang menta bongbolongan. Nunu nyelang heula maseuhan tikorona ku cai herang tina gelas hareupeunana.” “Tuluy… nu ceuk maneh baluweng. Susulumputan teh iwal ti hareupeun indungna. “Jadi. enya. Bangun keur silih teuleuman pikiran jirim nu keur disinghareupanana. dalah nu sarengseng padung ge mungkin bae.” “Pribadi kumaha? Hartina… uing teu kudu apal?” “Is. Pan ceuk tadi ge. Marengan paroman beungeutna nu geus robah ti samemehna.” “Ke… ke heula. lain kitu. intina mah salila ieu teh maneh bobogohan jeung Nyi Lilis. Ji. “Sugan eta maneh. “Tapi… kira-kirana di dinya bisa ngarusiahkeunana?” Nunu kalah nanya bari mencrong. “Tapi ieu mah sual pribadi.” “Kumaha atuh?” Nunu narik napasna. Semu beurat. Meunang sawatara jongjongan. .

Uing memang ngaku. upamana. Tong boro tepi ka kituna. Lianti karunya ka budak. pan lantaran kulawarga pamajikan sareatna mah ta teh!” . “Kumaha tah. “Nya atuh tong hayang dikawin kituh! Gantian we ku naon? Ku duit. Jeung indungna tangtu apaleun ongkoh. Rumasa! Jeung pangpangna mah. masalahna. Dalah uing teu apal: Naha aya lalaki sejen. wuih. nu pernah sare jeung manehna? Ngan nu eces. duanana taya nu lemek. Tapi pan di dinya ge nyaho sorangan.” Semet dinya. ngawakwakna! Sedeng manehna. Manehna teh menta tanggung jawab. Jeung ngarah nyaho sarerea we ongkoh!” “Leupaskeun nu ieu!” “Beurat. lin?” “Tah ieu. enya siga ayeuna. Kudu aya idin ti pamajikan. sasat hirup uing mah.” “Ke lanan. Manehna teh keukeuh menta dikawin. kumaha keh ceuk mitoha? Atawa ceuk tatangga? Apal sorangan lin. Tapi lain eta Ji. uing moal rek mungkir. Meureun uing ge moal jangar teuing. “Kumaha mun titah digugurkeun?” “Sual ngagugurkeun mah gampang. asal bener-bener dikawin sacara sah! Kitu ceuk dina suratna mah. Bararaid teung ari kudu nyirekem di bui onaman mah! Di dinya ge tangtu ngarti meureun.” “Maneh percaya? Tuluy… yakin yen maneh nu ngalantarankeunana?” “Ari saratus peresen mah henteu. Sakedapan pada sibuk dina pikirana sewang-sewangan. Ngan eta tea.“Manehna nyuratan. ceuk di dinya.” “Nya atuh geus we kawin ku maneh! Pan maneh mah tangtu sanggup marabanana. bisa boga imah. paur we kana ancamanana. Ji?” Nunu bangun teu sabar hayang geura nyaho pamanggih sobatna. uing memang kungsi. Isuk pageto ge moal burung ditambruan tah. Ari memehna aya perjanjian tepi ka dinya henteu?” “Perjanjian sih euweuh. Basana ge. Hate leutik uing yeuh. beurat! Pamohalan tepi ka dinya mah. Ji. Ngan ieu tea. bisa digawe. Ji. Sing enya ge susulumputan. hayang dikawin sacara sah. Ji. iwal uing. Lain teu kapikir ku uing ge tepi ka dinya. Kumaha timburuanana pamajikan uing. dalah telat balik sapoe ge. keun bae jadi nu kadua atawa nu katilu oge. Meureun nu dimaksudna teh di hareupeun naib. Ji. tapi pan bukti mah bisa dikorehan.” “Saleuheung mun bisa kitu.” “Menta dikawin?” Oji ngahuleng. enya Nyi Lilis tea.

Surat teh katarimana kamari. Nu. sanggeus Nunu satekah polah meruhkeun kamampuh uteukna. Langsung asup ngaliwatan lawang hareup. Gebeg.“Duka atuh ari kitu mah. Pon kitu. Karampa basa neangan korek api keur nyeungeut rokona. Nyampak geus aya dina pesak calanana. kudu we eta mah salah saurangna aya nu jadi korban!” ** OBROLAN Nunu jeung sobatna teu bisa tepi kana kaputusan. Kang…” teu kebat. waktu karek turun pisan ti imah Nyi Lilis. Nunu taki-taki rek nyinghareupan Perang Baratayudha! Gilig harita keneh. ari lain dirina onaman mah! Sajajalan muru ka imahna. Pasualan nu dijieun ku dirina sorangan. Dada Nunu ngadadak ratug. “Ieu Nyi Lilis. “Ieu Nyi Lilis. Nunu teu loba luak-lieuk. Manehna nu sakali mangsa teu bisa nyingkahan pangajak setan. Nyi Lilisna mah masih tungkul. manehna ngarenjag. nya tangtu Nyi Lilis. “Na geuning Akang teh kalah ngabueuk?” Sora pamajikan Nunu matak ngageterkeun kekendangan ceulina. “Tah geuning…!” pamajikan Nunu nu ngalieuk. minangka bukti tina „engke kumaha‟. salah saurangna kudu aya nu jadi korban! Bari taya kecap nu kedal. Neangan jalan sejen nu sakirana lancar disorang. Lir ngahaja nungguan reaksi salakina.” Oji ngaraga meneng. Teu keketrok-keketrok acan. tangtu nu dimaksudna teh nya manehna tea. saurna bade naroskeun. Kuar-kuir deui. ceuk uing mah. Mun henteu pamajikanana. yen salah saurangna kudu aya nu jadi korban. Tapi semet ku kecap „Akang‟. Dituturkeun ku paneuteup Nyi Lilis sareretan sarta kebat tungkul. Eusi surat Nyi Lilis memang henteu sacara terang-terangan nuliskeun ngaran „Nunu‟. Can kapanggih! Inget kana surat nu ti Nyi Lilis. Tepi ka imahna. Nyi Lilis keur papahareup jeung pamajikanana. pangrasa Nunu. Minangka nu dipenta tanggung jawabna. tina eusi eta surat. kumaha serat teh tos didugikeun?” . Nunu can bisa manggihan kumaha pijalaneunana geusan kaluar tina karangkeng pasualan nu nguribengan dirina. Najan kitu. Nunu ngabenerkeun kana caritaan Oji. Panona rut-ret ka nu keur dariuk di patengahan. Harita teh Nyi Lilisna mah hawar-hawar papadon ti jero imah. „kumaha engke‟. gek milu ngariung. Hartina. Kebat ngajengjen dina lawang panto. uteuk Nunu uleng deui. Ahirna. “Tapi najan kumaha bae oge. behna mah kudu balik kana asal. taya hal nu pantes jadi bahan pijalaneun.

Angger. Kiwari… Nunu ngarasa hanjakal. Ret deui ka Nyi Lilis. Kebat ngareret Nyi Lilis. saurna kumaha? Tos dipasihkeun ka Kang Oji?” Pamajikan Nunu nyaritana semu anca. ka Kang Oji?” ”Kumaha? Dedengean teh surat keur si Oji?” Nunu bener-bener curinghak. Tungkul! “Itu geura ari Akang. Nambru dina korsi. ari Akang. ”Ih. Panyangki Akang kanggo saha kituh?” “Ah henteu. Nunu kungsi mireungeuh sorot panona nu beda. Kamari. Nunu inget. ari Akang! Tos didugikeun serat Nyi Lilis ka… saha teh geuning rerencangan Akang. Nu teu bisa kahartikeun ku manehna. Tadi. Tungkul! “Heueuh. “Baruk? Jadi surat teh jang si Oji?‟ Nunu mencrong beungeut pamajikana. euweuh mangpaatna boga hape oge!”*** .“Kumaha?” Nunu semu curinghak. Nu direretna mah masih angger. “Ih. Bareng jeung pikirana nu ngabelesat ka tukang. Nyi Lilis teh hawar-hawar cacarita ti jero imah nu teu pati jentre kana ceulina. Akang teh kunaon? Enya. serat Nyi Lilis nu dititipkeun ka Akang. Kaduhung geus kumawani cacarita ka sobatna. waktu ngobrol jeung Oji. Awak Nunu ngolosod. waktu apal dina pesak calana aya surat.” Tembal Nunu meh teu kadenge. Oji.

geura!” Haben diajak ka jero. Tok. jeun teh teuing. Ret deui. semah teh keukeuh mugen. insya Alloh sakedap deui. Dina taktakna nyolendang tas leutik tina kulit imitasi. tok! Ah. Apaleun meureun mun di jero imah kuring mah euwueh AC. Paling ge salaki rek ngaheureuyan. Buktina. Geura mun digambarkeun mah: beungeut ngadaun seureuh. Enya we. Memang katara beungeutna rarembes ku kesang. Aki Suha oge mindeng titajong mun pareng papaliwat jeung kuring. Asa ku anyar pinanggih! Nilik kana papakeanana mah siga-siga urang jauh. tok! Sora nu ngetrokan panto. Palangsiang lain nu didago-dago! Guragiru muru panto hareup. biwir jeruk sapasi. . tarang teja mentrangan. Teu diwaro ieuh. Tok. maksud teh ngajajanteng hareupeun lawang.Semah Poe Saptu TOK. tok! Heeh. Boseneun mah eureun sorangan. Bisi rupa ngadadak robah. tok. tok. dupi ieu leres bumina Kang Darma?” “Eu… sumuhun. nyampak saurang wanoja keur ngajajanan… eh. Biwir ngarenyu. gado endog sapotong. “Tapi. tok. Jujur manehna mah. kituh?” “Numawi teu acan sumping. irung kuwung-kuwungan. tok! Tok. ngulasan pipi ku pupur. Omat ulah teu percaya! Ceuk salaki ge kuring teh panggeulisna sakolong langit. Tapi angger. geulis keneh ning kuring teh. halis ngajeler paeh. tok.” tembal teh bari panon mah teu lesot ti manehna. huntu gula gumantung. “Dupi Kang Darmana nuju aya. Leak. Basana mah hareudang. Make baju terusan pulas beureum saheab.” ceng teh bari nilik-nilik manehna. na aya ku bandel! Batan repeh kalah beuki tarik. leak. “Punten Eteh. nempo kalangkang beungeut dina eunteung. Heuheuy deuh! Mani buhun nya gambaran teh! Siga jaman Pir‟aun lelengohan wae! Tapi nyaan.

AG. Kalah hayoh kukulayaban ka mana-mendi. bru weh ngecagkeun parabot diuk kana korsi di petengahan. Enya. tungtungna mah kuring teh kawas hayam keur endogan. na ka mana tah si… nurustunjung teh? Bae ah nyebut kitu oge. Elekesekeng. Tuda mani nyiksa ka pamajikan teh! . make hayang noong heula tina kaca. tadi teh can kaburu tulak-talek. Ah. nu aya kari gelas nu nyesakeun cai satengahna. Tapi lebeng! Semah teh teu kaambeu bau-bauna acan. laju imah dikurilingan. Biasa kuring mah mun ngejo teh sok pabeubeurang. Na jadi tagiwur kieu atuh? Pira ge kaleungitan semah! Jarum jam geus jauh ninggalkeun angka hiji. tara singna nempo manehna. Panasaran. Enya. pan mindeng bunta-bantu di pasar teh. Unggal rohangan imah (lain sawah sakotak) beak kaider kabeh. Awahing geumpeur tea meureun. Ah ketang. buruan tatangga dilieukan. Euweuh. leos we ka dapur. Diilikan ka luar. belegug teh mani dibeakeun ku sorangan atuh nya! Padahal mah semah teh aya di luar. Angkahanan teh sangkan salaki bisa dahar sangu haneut. Meureun bieu oge panggih. asa kakaraeun pisan aya awewe deungeun nanyakeun salaki. Kawas bujur aseupan. Enya. dulur ti nu mana horeng? Pan salaki mah teu boga uwa teu boga emang. salaki kuring mah moal kawas… salaki anjeun! Euh. Moal. Nu matak kamus kuring mah teu wawuheun kanu ngarana “ngawadang” teh. Aya bahan moal ngurunyung deui sugan mah semah teh! Salaki ongkoh. Teuing mun kawas ucing keur kumincir! Cilingcingcat ka ditu ka dieu. Angin Gelebug tea. Gebeg! Nyampak semah teh suwung. lain AC ieuh ketang. Atuh mun manehna batur salaki di pasar. naon ketang make mamawa kamus sagala. bet henteu sauyunan jeung pipikiran. Moal kituh salaki teh bogaeun hutang? Atawa bogaeun… Ah. Jeung deui. ari kuring. Memeh nepungan manehna. Beuheung ge ngadadak loncer –ceuk Kang Doel Sumbang tea mah siga si Ema– bating haben dipake ngalieukan ka buruan. Kawas budak sakola bae! Ngakeul teh loba rundag-randeg. di dieu mah aya AC teh. Da eta leungeun. Sorangan ge cangkem pisan ka sakabeh pangeusi lembur mah. di dieu mah euweuh dedegan nu ngaharib-harib acan jeung manehna teh. Tadi teh ngahaja dipandeurikeun.Manehna leuwih milih diuk dina korsi teras paranti kuring ngadaweung. mani teu sopan nya! Siga kana sero wae! Tapi nyaan ning. piraku temen ari kuring teu apal mah. Barina ge. mun enya teh. palias! Bageur salaki kuring mah. Saha? Urang mana? Aya perlu naon? Tangtu manehna teh lain urang dieu. Inget kana sangu nu can diangkat. Sanggeus mere cai mah. Make hayang nenget-nenget semah. piraku deuih make nyusul-nyusul ka imah. Cape bulak-balik teu puguh. Eh. Tah. Diselang heula ku dangdan. Mun tea manehna dulur salaki.

rek dianteur heula! Rek tepi ka mana tah? “Nyai. Cuih! Mani kawas… sero ateul! Nanaonan ta teh? Ngahaja. Piceurikeun mah mani geus nyelek. boa-boa aya hubungana antara salaki nu teu daek balik jeung semah nu leungit teh? Tah. Meureun kiwari teh keur balakecrakan di kebona. Beu. Papakean nu nang dangdan salila-lila geus teu ditolih deui. meureun we atuh! Telat soteh salaki teh… Kuring ngabalieur. lelembutan kagareuwahkeun ku sora motor nu asup pakarangan. cenah. Teu hayang singna harita mah mapagkeun manehna siga sasari. salaki teh sok elat datangna deui mun tas balik dahar jeung kuring. Komo dibarung seuhah bari ungsrak-ingsreuk! Nyao atuh ah. kacipta! Piraku teu nimat keur panas poe kieu! Kasawangna mah eta we. nu sok maturan salaki nungguan jongko di pasar. tara ngurunyung deui. Puguh mah sebel! Kuring miceun beungeut. Teu ku semah. Beu. pan semah teh nanyakeun salaki. kunaon?” Salaki geus di jero kamar. kalah jadi lieur. Ke. Ngahuap-huapkeun liwet campur peda. Kuring ngabigeu. cenah unggal poe Saptu. teu ku salaki. enya we. Kuring ngahuleng. Saha? Ning… semah nu tadi. tah. make pupuntangan sagala! Sura-seuri deuih. Lila ngaheheneng. Nyoelkeun takokak kana sambel goang. Malah kalan-kalan mah. mimitina yeuh! Ti mendi deuih boga pipikiran ka dinya? Tapi da asa teu pamohalan! Enya. Motor salaki! Direret teh aya nu diuk tukangeunana. mun tadi teh milu jeung Ceu Kayah. Behna mah teu nyalahan panyangka teh! Deuleu eta awewena. “Boga nu karasa?” . Nyungseb kana angel. Enya. Mana kitu ge tangtu wawuheun jeung boga perlu. leungeun pakupis. Tapi wawuheun di mana? Boga perlu naon? Boa-boa… Boa-boa bener caritaan si Jaja!? Ceuk si Jaja. Sangkan kuring timburu? Teu singna. Tina cowet pindah kana tarang. Keun siah.Hanas geus mangnyieunkeun urab! Geus mangnyambelkeun! Geus dangdan sageulis-geulis! Nyaho moal balik mah. Gura-giru muru kamar. Leuh. pan ayeuna ge poe Saptu.

lain keur Akang!” Beu. Keun siah rek dianteur heula! Rek tepi ka marana tah! Engke mah rek dibab… “Ieu. Nuhun atuh. Sok siah. Nu aneh teh eta palebah bubungkusna. Paingan mani omat-omatan tong hayang nyaho eusina. Wayahna tong dibuka! Da lain keur Nyai. Beungeutna dipencrong satakerna. Ongkoh mani dipupusti pisan ku manehna teh. rampang-reumpeung! Era? Sieun? Na di dinya teh kalah kawas bueuk meunang numpaling! (Hampura. paingan atuh. Ceuk salaki mah kiwari teh keur gering parna. Kunyem teh tibang sakitu-kituna. Cenah mah eta teh batur dalitna basa di es-em-pe. Tapi. Is! Akang teu bisa nungkulan! Da kumaha atuh. Kuring curinghak. Kang!” pokna bari ngampihan ka jero tasna. taya maksud ngaruksak babasan!) Aya ku sebel tah ka salaki. Inget. Meureun we da jang… sero ateul! Kuring teu waka hudang basa salaki mah kebat kaluar deui ti kamar. Is! Akang mah ngan kapihapean ieu ku Usep teh! Duka naon ari eusina mah. “Hampura we.” Naon ta teh? Make nga‟akang‟keun. mani teu kabejaan pisan!” “Sawios.Gentak malikeun awak. Ngintip tina sela-sela panto. Kang. Akang jeung Etehna mah da teu kungsi muka. Kalah laju muka lomari. “Naon kituh Kang eusina?” “Eusina mah rusiah!” “Na mani rurusiahan sagala! Kawas jeung saha wae!” “Pokona mah rusiah. Teuing nanahaon tah? Sorangan ge da teu meunang nyaho. “Oh. Leutik ari leutikna mah. Kajeueung si awewe teh nampanan bungkusan tea.” . Kira dua taun kaliwat. bungkusan eta teh geus lila paselap jeung bajuna. Mani royal! Make lawon sutra jeung dikaputan. “Kade Nyi ieu mah tong digunasika!” carekna basa mimiti mawa eta bungkusan. Aya meureun sapuluh ka sapuluh senti mah. naon hubungana? Laju kuring hudang kabawa panasaran. Teu neuleu aya cukang irung pamajikan! Tapi… ke heula! Naha salaki teh nyebutkeun „kapihapean‟ jeung nyabit-nyabit ngaran Usep? Ngaran Usep teh memang mindeng dicaritakeun salaki. Wangun pasagi. Nyokot bungkusan leutik siga kado.

nu kitu mah kasebutna teh nyasaran! “Ari Akang rek naon?” Nyaho kuring teh keur samar rasa. Ngan bae kuringna nu teu ngadenge. Eungeuh tina caritaan satuluyna. Sakalian nepungan salaki kuring. Enya. Is! Tangtu kuring ge bisa neuleuman perasaana dina waktu harita. sing kuat deuih nandangan cocoba teh!” Innalillahi! Kuring ngembang kadu. hampura teuing. manahoreng semah nu ngarana Iis teh ngahajakeun nepungan salaki. Sing sabar we! Akang jeung Etehna mah tibang bisa ngajurung dunga. jadi parada. Asa kaingetan. salaki teh geus nyebutkeun kuring keur aya nu karasa ngadadak ka manehna teh. nu ditinggalkeunana. si Jaja mah pastina ge moal apaleun. Pamustunganana mah kuring ngagoler deui dina ranjang. pan tadi teh keur anteng ngalamun di dapur. Lain ngarampaan ieuh ketang. Astagfirulloh! Ehm. cenah mah tepung jeung babaturana urang dieu nu kabeneran rek ka pasar. kudu kaelehkeun ku rasa… era. Paduduaan jeung kuring tangtuna oge. Namper-namperkeun perasaan nu merul teu puguh. Nu matak kahayang mah kebat nyampeurkeun basa Iis tuluy amitan.” Kuring keom. “Pan ayeuna teh poe Saptu. Gentak kuring ngagurinjal. Sigana teh tuluy milu. nu mangrupa bungkusan leutik tea. Ari pangna tiheula ngaleungit. Jeung deui. Beu. sabenerna mah cenah bebeja heula ka kuring. Rasa-rasa boga dosa ongkoh. naon nu sok dipigawe ku salaki dina poe Saptu. Muga we Usep sing tenang di alamna! Sing ditarima ku Mantena! Atuh Iis. Rek neang barang nu dipihapekeun jenat salakina ka salaki kuring. “Pan ceuk Akang ge Abdi teh keur aya nu karasa!” “Teu singna!” “Tapi itu urab jeung kulub peuteuy!” “Engke deui urab mah!” omongna bari rek ngagalentoran. enya basa nepungan kuring tea. Ngan hanjakal we. “Naon dih Nyi nu karasa?” Salaki nyampak gigireun bari laju ngarampaan awak.“Enya. “Aya naon?” . Ongkoh kapalang deuih. Meureun atuh. Geus nyangka nu lain-lain ka manehna.

nu saukur kapihapean.” “Panasaran kumaha?” “Ari bungkusan nu jang Iis naon sih eusina?” “Lah. selang teuing dipikiran! Tong boro Akang jeung Nyai. dalah nu ngarang caritana oge aya bahan moal nyahoeun!” Kuring bati…*** .“Abdi mah panasaran.

Sign up to vote on this title
UsefulNot useful