Anda di halaman 1dari 5

Nama : Galih Gardian M Kelas : XI IPA 8 No Urut : 13 Tugas Mandiri Bahasa Sunda Kumpulan Sajak dan Puisi Sajak

TUKEURAN IEU SAJAK Tukeuran ieu sajak Ku salambar simbut atawa samak saheulay Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay Pating golepak dina trotoar Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak Heug sidkahkeun kanu haropak Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak Tukeuran ieu sajak Ku sababaraha siki pelor Heug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator Sina enya kalojor Tukeuran ieu sajak Ku beubeutian tina kalbu anu rido Keur nyebor anu balangsak (Lamun teu kitu sasaak) (Yus Rusyana, Ciliwung, 19 Juli 1966) WASIAT KONGLOMERAT Lamun Apih paeh pangbungkuskeun ku salambar boeh ladang ngeleketek tina rupa-rupa proyek Lamun Apih nemahan pati pangmesenkeun padung jati ladang ngumpulkeun komisi jeung rupa-rupa korupsi Kontrak-kontrak nucan diteken Jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun awurkeun luhureun paesan na tetengger heug tulisan : parantos mulang ka kalanggengan Apih, konglomerat tuladan (Taufik Faturahman, 1992, Galura No.38)

PANGBALIKAN Iuh, iuh gunung kuring angin ulin dina embun-embunan sawaktu-waktu kuring kudu nepungan dumeh hirup halabhab cinta di maranehna nya ayana Aya sababna kuring tibelat aya sababna kuring pegat tapi nu ahir lain kaabadian kakasih dina hate ngawih deui Iuh,iuh gunung kuring nyata, nyata tanda-tanda ngabalungbung jalan hirup nepi ka nyawa rek asup ka maranehna kuring rek balik ka maranehna kuring rek pamit (Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang) LEUWI sora nu tinggerendeng teu weleh saheng di leuwi aing laut nu tan istirah teu weleh motah di leuwi aing di leuwi aing sagala teu weleh betah sagala teu weleh motah (Abdullah Mustappa, Tina Mangle No.217) LALAKON I Mangsa budak resep ulin ngarucu bulan mangsa rumaja resep wanoja ngumbar asmara nincak sawawa narik jangkar ngambah sagara geus kolot mah kari tapakur isuk sore ngitung umur!

(Hadi AKS, Tina Galura No.39) LAGU HIRUP Unggal poe unggal lengkah nataan tanggal dina kalender angger aya nu diarep-arep ari umur melesat henteu kajeueung Dina beja dina carita teu weleh aya nu miheulaan warna-warni kajadian. Teu kapireng da puguh katalimbeng rusiah Dina sakeclak cimata. Aya kasedih nu teu kedal. Dina kongkolak kahirupan. Aya nu miang teu mulang deui (Eddy D. Iskandar, 1992) BONGAN KITU Bongan kitu disebutna, puguh mega dipapay di awang-awang: cek aing angin bongan kitu karasana, nyerina raheut tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina ditepungan unggal wayah: cek aing werejit bongan kitu pandena, nyarita sorangan ditataan di rs jiwa: cek aing eling bongan kitu ayana, beda jeung nu lian diguliksek dina kamus: cek aing ibadah bongan kitu itunganana: Gusti (Juniarso Ridwan, 1992) PADUNGDUNG DANGDUT Hidup! Hidup! Hidup! cek peureup mani baruleud ngahaja nonjokkan angin nu keur tibra lebah liliuh caringin. Angin teh tibuburanjat nyusul manuk nu ti heula ngagarapak tina dahan kana dahan. Barengong angin jeung manuk mireungeuh mangpirang peureup tinggorowok nyentakan beurang bayeungyang. Beurang tembong rerenjagan tuluy kabur sakur pangacianana. Hidup aing! Hidup aing! Hidup aing! cek peureup beuki tararik bari tembong aya seuneu ngabebela tina sela-sela ramo. Ngadegdeg angin jeung manuk nenjo beurang beuki soak gogobrot juuh kesangan. Keur kitu, panonpoe ngagilerkeun cahayana nyorot peureup nu ngabring ti peuntas ditu Aing ge hidup! Aing ge hidup! Aing ge hidup! cek peureup nu karek cunduk sarta

teu tata teu titi ujug-ujug ngajorag nu keur sesentak. Ger campuh peureup jeung peureup nu sarua pada-pada sareuneuan ngabebela Peureup diadu jeung peureup deui. Tinggorowok. Tingjarekok sora nu patonjok-tonjok. Angin mabal. Manuk mabur. Beurang geheng. Getih peureup boborot nyiram sampalan. Kacaturkeun tengah peuting, disaksian imut bulan, dua peureup nu baradag sasalaman handapeun tangkal caringin. Nu itu nyiwit ceuli saeutik. Nu ieu bet ngeleketek. (Godi Suwarna, Kotakidul, 92, Galura No.16)

Ayeuna Jeujeur harupat tuluy ngipisan indung suku tuturut peot awak jadi budak waragad teu walakaya geuning teu di kawit teu di pungkas kokojayan dina lantaran sebrot hareudang hiliwir angin ngalengkah numut sarangenge los kaditu los kadieu ngarenghap tuluy hah heh hoh mmm, ngajerit diudag seuri Nya ayeuna mah ayeuna...

Bulan Ngalimba sanajan bulan tumunggal caangna mah bati nu hegar bangun nu teu ngemu tunggara sanajan bulan nyorangan teu risi ngambah sagara peuting nganti bentang nu baris marengan nganteur nyorang simpena peuting nepi ka balebat nyampeur nyinglarkeun kahieum ati

Ibun Harepan kamari rundayan katineung rek dipalerkeun bongan mawa eurih nu ngageuri kana ati ngabudalkeun kingkin jeung rambisakna rasa tadi, ku naon salira ngaririhan deui mawa ibun sanajan sakeclak nu nyirungan deui katineung nu ngahaja rek disinglar duh gamparan, guligahna rasa hamo bisa disidem deui..

Hirup Hirup teh cita-cita ngudag-ngudag mangsa jeung rasa Hirup teh tunggara upama tresna kalid sulaya Hirup teh seuneu nu ngaduruk lulurung sukma Hirup teh ibadah rela ihlas ngumawula