P. 1
Resensi Novel Basa Sunda

Resensi Novel Basa Sunda

|Views: 178|Likes:
Dipublikasikan oleh Emma Aulia Dewi
RESENSI NOVEL KOLÉBAT KUWUNG-KUWUNGAN KINASIH KATUMBIRIAN

Judul novel Pangarang Pamedal Taun medal Kandel buku

: Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian : Tatang Sumarsono : CV GEGER SUNTEN Bandung : Citakan kadua, Oktober 2007 : 0,75 cm

Buntari teu béda ti langlayangan anu keur kokoléaban. Beuki tarik angin anu niupna, beuki luhur ngoléab ngapungna. Ari aing naon? Boa-boa geus dianggap anginna. Langlayangan anu keur ngoléab, sagemblengna bakal gumantung ka angin. Naha aing rék jadi angi
RESENSI NOVEL KOLÉBAT KUWUNG-KUWUNGAN KINASIH KATUMBIRIAN

Judul novel Pangarang Pamedal Taun medal Kandel buku

: Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian : Tatang Sumarsono : CV GEGER SUNTEN Bandung : Citakan kadua, Oktober 2007 : 0,75 cm

Buntari teu béda ti langlayangan anu keur kokoléaban. Beuki tarik angin anu niupna, beuki luhur ngoléab ngapungna. Ari aing naon? Boa-boa geus dianggap anginna. Langlayangan anu keur ngoléab, sagemblengna bakal gumantung ka angin. Naha aing rék jadi angi

More info:

Published by: Emma Aulia Dewi on Jun 01, 2012
Hak Cipta:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as DOCX, PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

06/01/2012

pdf

text

original

RESENSI NOVEL KOLÉBAT KUWUNG-KUWUNGAN KINASIH KATUMBIRIAN

Judul novel Pangarang Pamedal Taun medal Kandel buku

: Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian : Tatang Sumarsono : CV GEGER SUNTEN Bandung : Citakan kadua, Oktober 2007 : 0,75 cm

Buntari teu béda ti langlayangan anu keur kokoléaban. Beuki tarik angin, anu niupna, beuki luhur ngoléab ngapungna. Ari aing naon? Boa-boa geus dianggap anginna. Langlayangan anu keur ngoléab, sagemblengna bakal gumantung ka angin. Naha aing rék jadi angin ririh, sangkan manéhna buru-buru ragrag deui ka lemah titincakannana? Atawa, naha rék jadi angin lilimbungan, tepi ka manéhna terus mumbul, sarta engkena boa dimana bakal ragrag atawa nyangsangna? Anjeun kudu bisa ngararampa diri sorangan. Saha sabenerna diri anjeun téh. Terus deuih sasar sing asak. Saha ari itu. Dunya anjeun jeung dunya itu téh pajauh pisan. Buntari téh ngan ukur kuwung-kuwung anu aya di langit. Mémang éndah lamun kasawang ti kaanggangan, tapi can tangtu bakal karasa jeung karampa wujudna lamun ku urang disampeurkeun. Kuwung-kuwung anu némbongannana ukur sakolébatan, ukur ngabibita bari pamohalan bakal bisa katéwak. Sabab, lamun langit geus cagra deui sabihari, kuwungkuwung bakal leungit tina teuteupan. Anjeun nu geus neundeun harepan, tangtu bakal kuciwa. Kitu saeutik sempalan novel Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian. Gunadi ketua senat mimiti papanggih jeung budak centil nu ngarana Buntari nyéta dina kagiatan POSMA. Unggal taun mahasiswa anyar jadi pangeusi kampus. Ti antara batur saentraganana ogé loba anu geus diwisuda. Sedeng manéhna, geus remen padangagonjak téréh meunang gelar MA, Mahasiswa Abadi. Loba teuing gagarapan, nguruskeun rupa-rupa kagiatan dewan mahasiswa jeung pecinta alam da itu tea geuning Gunadi resep ka gunung. Tungtungna kuliah mah kaluli-luli. Buntari atoh pisan bisa deukeut jeung Gunadi sabab, ti baheula ogé Buntari ngaidolakeun Gunadi. Buntari sok maca artikel Gunadi tentang alam dina Koran da hayang téa jadi wartawan. Nya beuki jadi wé Buntari hayang deukeut ka Gunadi téh, ti mimiti nguntar-nganteur Gunadi, mantu biaya administrasi kuliah Gunadi, nepi ka ngabantuan Gunadi kaluar ti panjara. Atoh wé Buntari di layanan ku Gunadi téh. Nénjo pamolahna kitu mah Gunadi kalah hareugeueun. Aya ku anéh-anéh teuing ieu awéwé téh, ceuk dina haténa. Bét asa ku kakaraeun aing mah. Cacak wawuhna karék mimingguan, pamolahna geus sakitu ahéngna. Komo mun geus mulan-malén dina itungan taun. Beu, pisakumahaeun teuing! Jaba budakna neangan perhatian pisan ka manéhna, céntil, céngéng, céréwed jeung ogoan deuih. Pikasebeleun! Najan Buntari ngajak ngobrol atawa ménta solusi ka Gunadi tapi nu ngabandunganna mah ngan ukur tiis – tiis wae.

Tapi,ku lila-lila Buntari méré perhatian anu leuwih ka Gunadi, barukna haténa teu bisa dibohongan yén manéhna gé boga haté. Tapi, manéhna ogé can narimakeun kaayaan yén kahirupan Buntari jeung manéhna jauh béda. Buntari beunghar, anak pajabat, resep pésta, pasti wé geus jauh tina aturan-aturan jeung moral téh. Ah geus goréng wé éta pipikiran ka si budak ogoan téh, katambahan deui pageto pernah cicing di Amerika mangtaun-taun jeung lalaki. Buntari lain calon anu pas jeung lelembutan. Aing mah hayang keretas anu bodas, lain anu geus aya tapak nyurat-nyorét batur. Kitu anu jadi pilihan manéhna, sanajan dina nangtukeunnana teu béda ti nyanghareupan dilema. Da masing kalah kumaha ogé, keukeuh teu bisa dipaling yén manéhna neundeun haté. Nya minangka balukar tina éta téh, batinna teu leupas tina bangbaluh. Hiji poe Gunadi meunang surat. Barang bréh ngaran anu ngirimna, tétéla Buntari. Béréwék disoehkeun, eusina ukur tilu jajar., kaopat tanda tangan anu disambungkeun jeung titimangsa nulisna. “Kang Gun Gun, wengi énjing sumping nya ka bumi Tari. Tari bade tunangan sareng Tommy. Kehadiran akang dinanti-nanti sekali.” Deg karasa aya anu nonjok kana lebah angen-angenna. Meunang sajongjonan mah Gunadi ukur ngahuleng. Ondangan geus dijieun, tinggal nungguan poe prakna éta nikahan téh. Tapi nyatana si pangarang teu ngijinan Buntari kawin ka Tommy. Tommy kacilakaan. Atuh éta budak ogoan téh sedih kabina-bina. Ti sapék éta kajadian Buntari tara nonghol jeung kuliah. Nya ari Gunadi kacaritakeun karunya ka Buntari, manéhna manggihan Buntari, sugan wé bisa saeutik ngobatan haténa. Atuh Buntari ogé ngarasa rada kahibur ku datang jalma nu dipikaresep ku manéhna. Kasaha deui manéhna ménta tulung jeung cacarita kasedihannana lamun lain ka Gunadi. Tungtungna Buntari cacarita yén manéhna keur hamil.. Mun téa mah kungsi disamber gelap tengah poe éréng-éréngan jigana Gunadi téh. Pangpana mah nu disangka ku Gunadi yén Tari téh geus teu bener gadis jeung bangor ti baheula, nyatana salah, Tari kagoda ku kalakuan butut Tommy saeunggeus maranéhanana tunangan, da kitu sotéh pédah geus ngarasa deukeut kana poe nikahna. Buntari ayeuna bingung kudu kumaha. Nya manéhna mutuskeun milih jalan aborsi, da kumaha deui cénah mah, éra ku balaréa bisi arapaleun ari diantep nepi ka gede mah apan bapana pajabat, bisi kalah ngaruksak kahormatan kaluargana. Gunadi gé teu téga ari kudu kitu carana mah. Tah didieu mimiti kaasih Gunadi jeung Bintari paamprok. Didieu meumeujeuhna urang kabawa kana karomantisan Gunadi jeung Bintari. Nu ahirna, Gunadi nampi Tari dina kaayaanna keur susah. Tari langsung ngarontok Gunadi, terus nyuuh kana dadana bari ceurik semu ditahan. Novel karya Tatang Sumarsono ieu medalna taun 1995. Bahasa dina ieu novel kaitung babari dipiharti, utamana mah ku sakumna rumaja, da ieu novel téh ngaguar carita rumaja jaman kiwari. Caritana saluyu pisan jeung kaayaan jeung kalakuan rumaja di éra modern ceuk gaulna mah. Ku kituna carita ieu novel téh mangrupa papatah pikeun rumaja sangkan hirup sederhana, nurut kana paréntah agama jeung norma, ngutamakeun sakola jeung diajar. Ulah kawas Gunadi, babaturanna mah geus pada digarawé , na ari manéhannana Mahasiswa Abadi, da itu geuning kaolo ku karesepna ulin ka gunung, jeung deui ulah sok boga sangkaan goréng ka batur nu tungtungna mah mawa pihanjakaleun.

Intina mah ulah nganilai hiji hal ngan ukur tina luarna hungkul. Ulah ogé kawas Bintari anu hirup méwah resep pésta, nu ahirna kagoda ku tunanganna Tommy da ngarasa geus aman ék nikah téa, ngalakukeun kamaksiatan nu ahirna mawa petaka. Tapi salut ogé ka Gunadi, manéhanana bisa tanggung jawab jeung mulungan sasama. Pon kitu deui ka Buntari, anu asalna budak ogoan jeung centil, dimana meunang cocoba mah manéhna miboga sikap dewasa. Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian bisa mawa perasaan urang ancrub kana éta carita. Sanajan aya ogé rasa kakeuheul ka Buntari ku ogoan, tapi di ahir carita si pangarang bisa méré kesan anu éndah di hate nu maca. Ku kituna, urang moal bisa ngarasakeun kaéndahaan carita iwal ti maca langsung ieu novel. Tapi, ieu novel téh ngagunakeun basa Sunda campuran jeung basa Indonesia. Asa kurang merenah lamun basana diselapan mah. Jeung deui rada ngurangan nasionalisme na kana basa urang. Sanajan kitu ogé angger éndah, lantaran caritana méré kesan yén ieu carita modern saluyu jeung kaayaan rumaja jaman ayeuna. Novel Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian bisa méré inspirasi ka urang jeung méré pangajaran moral anu geus luntur dina diri bangsa urang, utamana urang salaku urang Sunda.

RESENSI NOVEL Kolébat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian
Karya : Tatang Sumarsono Taun pangajaran 2011/2012

Kelompok : ADITYA FATHURRAHMAN EMMA AULIA DEWI ISNA SOFIATUDDUHA NUR ANISA JULIANTI XI IPA 3

SEKOLAH MENENGAH ATAS NEGERI 2 CIAMIS
Jl. KH. Ahmad Dahlan No. 2 2012

You're Reading a Free Preview

Mengunduh
scribd
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->