Anda di halaman 1dari 12

BORJU

sy ASP BUDI SETIAWAN MUN pirajeunan mikiran pasualan konomi kiwari, baris kagambar potrt pajurawet. Boro-boro mikiran konomi bangsa atawa dunya ktang, noong konomi kulawarga atawa sadirieun og ayakalana pokeun. Ku kituna urang nyieun rupa-rupa tarkah pikeun nangan solusi. Ngan masalah perekonomian sktor formal mah angger ba ngagejrt. Balukarna, loba warga nu boga inisiatif mekarkeun sktor informal. Rrana tukang dagang dadakan (komo mun rk Agustusan, miling milangkalana kabupatn/kota, atawa mun nyanghareupan Lebaran), mahabuna kaki lima, atawa dongdangan asup ka pilemburan. ta th, cenah, balukar tina krisis konomi di sktor formal. Nurutkeun sosiolog Dr. Tadjudin Noor Effendi, tumuwuhna sktor informal th lantaran loba karyawan di sktor formal nu diPHK. Ku kituna, pasar tanaga kerja di Indonsia jadi keuna panyakit informalisasi. Ku kituna sktor informal, nu dijadikeun slr pangupa jiwa, geus boga brand husus. Apan urang kacida wanohna kana sat Madura, pecel ll ti Lamongan, roti bakar Bandung (karesep barudak nu mangkal hareupeun rumah sakit), sga/sangu jamblang (murah marh), warung angkringan ti Klaten. Muncunghulna sektor informal, ceuk Dr. Irwan Abdullah, staf peneliti Pusat Studi Kependudukan UGM, ngait pisan jeung lunturna kakawasaan agraris nu aya di padsaan. Nu disebut kakawasaan agraris mangrupa hiji wangun tata-aturan nu kudu diagem ku sakumna warga masarakat, saupama manhna merenahkeun sktor pertanian jadi sumber pangupa jiwa nu utama. Masih inget waktu taun 2004, kuring kungsi kadatangan lima mahasiswa Universitas Gajah Mada (UGM), Yogyakarta. Maksudna, maranhna rk maluruh bja ka Kuningan, sabab di Kota Gudeg euyeub pisan ku tukang bubur kacang hjo (burjo). Maranhna rk ngayakeun panalungtikan ngeunaan sktor informal, sabab dumasar kana hasil survy, ieu widang garapan th mangrupa sktor alternatif pikeun pangupa jiwa. Nurutkeun data awal, di Kuningan aya sababaraha dsa di Kacamatan Garawangi (ayeuna geus dimekarkeun jadi Kacamatan Sindangagung), loba warga nu usaha kana bubur kacang. Sanajan, dina emprona mah, dipasieup og ku rupa-rupa kadaharan jeung inuman sejen kayaning mie instan, kopi sacht, susu sacht, inuman berkarbonasi, inuman berserat, sari buah, inuman suplemn, inuman penyegar, susu, jeung roko. Nng Anna Mariana, minangka pupuhu tim investigasi, ntlakeun yn ampir di unggal jurukota, jlugjlegnajan henteu permann ogku warung burjo. Barang ditalk, kabh og nyebutkeun yn maranhna th pituin ti Kuningan. Mmang bener, dina hiji lomba dsakuring kaasup anggota tim panitnkungsi nyodorkeun patanyaan ka Mang ro, Naon wangun usaha nu jadi andelan warga? Jawabna th, simpel pisan, Seuseurna didamel di BRI. Wah, wah, hbat pisan, pikir th. Sanajan urang dsa, geuning, loba nu digaw di bank nu geus teu diragukeun deui krdibilitasna. Hartina, kualitas SDM warga desa th geus mapakan. Hat rada ciut, sabab urang kota og henteu kitu. Komo deui kiwari, rek gaw th hs kacida. Nya ari sakadar gaw mah, loba, di rorompok og masih numpuk nu kudu dibebenah, tapi sual upah, jadi sual sjn.

Teu kedah bingung, Pa, tmbalna deui, surti. Abdi sakaluwarga og, pdah bad lomba, wangsul heula. Seuseueurna mah ngumbara. Arusaha, aya nu di Jakarta, Bandung, atanapi Yogya, nya, di BRI ta alias icalan Bubur (lacang hjo), Roko, jeung Indomie, hhh. Di Kuningan, aya hiji dsa, ngaranna Dsa Kertayasa, Kacamatan Sindangagung. Lambang dsana, mun teu salah, mangkok bubur. ta mangrupa ciri, yn usaha warga, lolobana tina bubur. Sanajan mangrupa sktor informal, mirip tukang jamu ti Wonogiri, tapi geus jadi sktor andelan. Nurutkeun data, di Yogya upamana, aya 400-an pangkalan burjo kalayan miboga pagaw antara 1500 tepi ka 2000. Tim survy ti UGM kungsi nyodorkeun contommh kajadian lini di Kacamatan Dpok, Sleman, aya kurang-leuwih 75 warung. Nu bogana 134 urang, sedengkeun nu milu gaw aya 160 urangna. Ti 134 pemilik pangkalan, maranhna boga 111 rubiah (pamajikan), 162 anak. Sedengkeun ti 160 pagaw, bisa nanggung 39 jiwa. Jadi mun dijumlah-jamlh mah, lumayan, tina ta 75 warung th bisa ngahirupan 700-an jiwa. Ditilik tina lmu konomi, pola bisnis burjo condong nepotisme. Networking-na kuat. Aki, bapa, atawa paman. Dipimilik jeung dikokolakeun, nya, ku kulawarga. Mun teu kitu, rekruitmen pagaw masih deukeut-deukeut kana baraya atawa tatangga. Rundayanna jelas. Sabab, pagaw nyekel kadali. Meuli bahan olahan, mayar rtribusi, terus alokasi pengeluaran og dicekel ku inyana. Nu boga modal atawa nu boga warung henteu salilana nungkulan. Apan pangkalanana g lain ukur hiji. Pagaw boga hak prrogatif pikeun ngokolakeun usaha tur anggaran. Malah, sistem bagi hasil og apan lolobana dumasar kana jumlahna jaga. Arus muterna duit lain saeutik. Mun tempatna strategis, unggal po bisa ngahasilkeun leuwih ti satengah juta. Malah, paling saeutik, rata-rata 200 tepi ka 300 rbuan. Bisa disawang, pihak pemodal, mun boga warung misalna sapuluh, sabulanna bisa meunang gaji sabaraha? Mun geus kapanggih koncina, naon ba og matak pikabitaeun. Tinimbang mikir nu teu puguh, atawa ngumbar lamunan ka alakpaul, komo dina sintron loba nu hayang beunghar kalawan instan, nya mending usaha di sektor informal pan? Mun rk balaka, dunya burjo th prospktif, Coy!

NGAWUR KASINTU

sy KI DAS JUDUL di luhur mangarupa hiji babasan. Ari lengkepna mah kieu; Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam. Ngawur nyata maldog ku barang anu loba tapi wandana laleutik. Saperti keusik, tipung atawa taneuh ngebul. Ngawur di dieu mah, lain harti nu sabenerna, tapi kecap injeuman, tina harti mr parab. Maraban hayam ku jagong atawa ku bangsal, biasana diawurkeun, kawas nyawr pangantn ku ngawur-ngawur bas pacampur konng jeung duit rch. Sawran pangantn th jero-jerona mah siloka, nyata papatah ti kolot ka pangantn anyar, sangkan dimana boga rizki kudu bisa ngawur nu sjn. Utamana mah fakir miskin. Tapi ieu papatah th saukur dijarieun kabiasaan atawa budaya wungkul. Budaya karuhun nu kudu dimumul, cenah. Digugulungna saukur samet cangkangna. Ari kana eusina mah nyata kudu jadi jalma brhan ta, teu ieuh diperhatikeun. stu har-har ba. Kasintu, osok disebut og canghgar, nyata hayam leuweung. Wandana rada leutik. Babandingan jeung hayam kat. Awakna gpng, buntutna lempay. Warna buluna konng gading, saperti bulu meri. Kasintu, kacida linghas atawa girasna. Malum teu kacoo ku manusa. Ari lain dibedil atawa dijaring mah moal ieuh bisa ditwak, lumpatna tarik, tur bisa hiber. Geus puguh ari nu geus ged mah hs ditwakna, tapi nu keur kumupu og sarua linghasna. Lumpatna nereleng kawas puyuh. Sulumpat-salimpet, jeung sulaman-sulumun kana rungkun, mani rikat pisan. Lain kawas deui, kiwari mah geus pasti wawuhna kana kasintu th saukur tina gambar atawa ngaranana wungkul. Lantaran tempat panonobanana di leuweung. Ari kiwari mah teu aya pitempateun anu bisa disebut leuweung. Sabab ari kangaranan leuweung mah kacida pisan remetna. Aareuyanana pajurawet, kitu deui tatangkalanana rkp, hs pikeun ditorobosna. Istilah al-Quranna mah disebut Khorojan ta panginten. Kiwari mah teu aya anu kitu. Leuweung th cararaang, tatangkalanana paaranggang balas digalaksak ku manusa. Nya canghgar og moal betaheun di tempat nu lnglang kitu mah. Ari kana hayam mah moal aya nu bireuk. Tapi sanggeus nerekabna panyakit flu burung, cenah loba hayam anu katarajang salsma. Nasibna, kacida pinalangsaeunana. Hayam dibasmi, dipareuncitan, terus dihuru, kawas ngaduruk runtah. Bet asa humayua, teungteuingeun ari manusa. Bari tacan karuhan ta hayam th nu npakeunana panyakit, saperti nu salila ieu dituduhkeun. Cenah mah ta panyakit th asalna ti luar nagri. Boa-boa ieu th hiji taktik licik urang deungeun, utamana mah urang Amrika, sangkan dagangan hayam maranhna bisa lancar, teu boga musuh. Kawasna upama henteu buru-buru distop mah, hayam asli di urang bakal tumpur. Jeung deui, dina cara ngabasmina bet jauh tina bagbagan agama. Sabab dina agama Islam mah teu meunang ngamubadirkeun rezeki. Apan hayam anu dipeuncit th lain didahar. Demi anu resep ngamubadirkeun kana rezeki mah apan sobatna stan, lin? Tah pihartieun babasan di luhur og teu jauh ti kitu. Urang ngabasmi hayam milik urang, miara hayam milik deungeun. Hayam urang dijieun korban, hayam batur diparaban. Leuwih jauhna, ari urang asing diugung-ugung, dipupujuhkeun. Sabalikna ari rayat sorangan sina sangsara barongkakan. Pk w titnan, loba lahan garapan patani leutik jeung padumukan warga cacah kuricakan nu ragrag ka pangusaha jegud urang deungeun. Lahanna dijarieun tempat kaulinan manusa-manusa anu keur nyangking kakawasaan. Saperti lapang golf, sirkuit balap motor jeung mobil, vila jeung ra-ra deui. Tempat panganjrekan rayat robah, jadi wangunan

pabrik, kantor, gedong sigrong milik asing patingjalegir. Nu nganjrek di dinya sina nyingkir ka tepis wiring. Pasar rayat nu geus mangtaun-taun diparak nangan rezeki pangupa jiwa kulawargana, disorobot ku pasar swalayan. Cenah mah diayakeun pasar swalayan, mal-malan, super markt pikeun mantuan padagang leutik. Tapi ari kabuktianana mah padagang anu teu boga modal mah wayahna w kudu jicir, keun wangunan anu agrng mah kanggo jungjunan anu baroga duit. Entong nyalahkeun pamarntah ari teu kabagan th, cenah. Naha mak jadi jalma miskin atuh! Antukna padagang mprakan atawa anu katelah padagang kaki lima (PKL) ta, lain ngurangan anggur kalah nambahan. Ci nyusu sisi gunung, anu biasa dipak nyaian pasawahan jeung balong, og inumeun jeung ngaberesihan pakan, kiwari geus dikawasa ku si tok. Dikocorkeun ka pabrik, diolah tur dijarieun cai mineral. Urang mah saukur lalajo, bari nggl curuk. Upama hayang nginum mah meuli w ka maranhna. Anyar-anyar ieu, pamarntah geus ngaluarkeun Undang-Undang Penanaman Modal Asing. Di dinya aya aturan yn urang asing dibr kasempatan pikeun ngawasa lahan garapan, boh pikeun tatann atawa nyokot barang tambangna salila 65 taun. Sarta dibr ombr deui salila 30 (tilu puluh) taun. Jumblah-jamblh maranhna bisa kumawasa kana ta lahan salila 100 taun, kurang lima taun. Asa teu kuhanteu. Sarua w jeung dijajah atuh. Iraha anak incu urang bisa ngagarapna ta lahan? Deudeuh teuing anaking, hidep saukur kabagan cucuk jeung rorongkongna wungkul. Da dagingna mah ku bapa geus ledis, dipak ngabayuan deungeun.

ALUS SANGKA, GORNG SANGKA, JEUNG GAGABAH

Ku DHIPA GALUH PURBA (Mairan Kolom, Ahman Sya Dina Mangl No. 2233) Klanan, Ahman Sya th Ketua Tim Independen Organisasi Kasundaan (TIOK) anu mmnta jatah, ah punten, anu masihan masukan ngaran tokoh-tokoh urang Sunda anu disawang pipanteseun jadi mentri. Tknisna, TIOK ngabentuk tim lima pikeun ngajaring ngaran tokohtokoh ta. Tim lima th diwengku ku Ahman Sya, Dede Mariana, H. Sunaryo Kartadinata, Hj. Nenden Sri Lengkanawati, jeung H. Agung Sutisno. S.E. Dina brndlan ngaran tokoh-tokoh beunang tim lima ta, diantarana aya kacatet ngaran Ahman Sya. Jadi, Ahman Sya milih dirina sorangan ku soranganna, anu ceuk barudak ayeuna mah jeruk makan jeruk. Ana kitu mah rk kumaha independenna? Tapi, moal pipilueun masalah internal TIOK ktang. Anu ngajurung ieu tulisan taya lian ku ayana Ahman Sya masualkeun PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda) dina Mangl No. 2233. Kilang kitu, sanajan kuring salahsahiji pangurus PPSS, tapi henteu otomatis ieu tulisan th jadi pernyataan resmi PPSS. Teu bda jeung tokoh PPP Lukman Hakiem Saifuddin anu jadi jurkam JK-Wiranto dina Pemilu Presiden kamari, apan henteu otomatis PPP ngarojong JK-Wiranto. Malah geus karuhan PPP ngayakeun koalisi jeung Partai Demokrat. Pon kitu deui perkara Asep Ruhimat, anu kapeto jadi salahsahiji tokoh PPSS, tangtu ba henteu otomatis ngawakilan organisasi PPSS, kajaba lamun miangna bener-bener ladang tina kasapukan sakumna pangurus PPSS. Bisa jadi Asep Ruhimat mah mmang ngarojong dklarasi TIOK. Tapi, pangrojong sacara pribadi. PPSS mmang lain Etty RS wungkul, tapi apan Etty RS th pupuhuna PPSS, anu mibanda wewenang pikeun nangtukeun kawijakan, ladang tina musawarah jeung rngrngan pangurus katut anggota. Tapi da geus kasawang, moal aya pangurus atawa anggota PPSS anu mikeun upama PPSS ilubiung dina milihan pimentrieun, kajaba lamun calonna Godi Suwarna meureun. Duka ari pribadi-pribadina mah, da PPSS henteu nyengker pangurus jeung anggotana, sacara pribadi, icikibung dina pulitik, kaasup pipilueun milihan pimentrieun. Nu penting mah henteu ngaasmanakeun PPSS. Ku kituna, sikep Asep Ruhimat, mun ta mah enya milu ngarojong TIOK, tangtu ba moal aya nu nyalahkeun da puguh ta mah hakna ieuh. Upama Etty RS nyebutkeun asa ditulis tonggong, tangtu ba kalintang wajar, da puguh henteu apal duduk-perkarana. Henteu apal duduk-perkara kalintang bdana jeung ngamanipulasi fakta. Sacara logika, rk ngamanipulasi fakta naon, da puguh tacan terang pasualanna. Etty RS kakara terangeun duduk-perkarana sabada nanyakeun ka Asp Ruhimat, tur katerangan ti Asp Ruhimat th nyata sakumaha anu dilaporkeun dina Mangl No. 2232. Dina lampiran daftar hadir anu dimuat dina Mangl, mmang aya ngaran Asep Ruhimat (PPSS), Nomor HP Asep Ruhimat (Sans nomor telepon PPSS), jeung tanda tangan Asp Ruhimat. Ceuk Ahman Sya, dina tulisanna, TIOK alus sangka ka Asp Ruhimat tur nganggap wawakil PPSS. Masih ceuk Ahman Sya dina alina anu sarua, TIOK henteu gagabah nyebutkeun saha ba nu milu rumojong. Lebah dieu aya pamadegan anu kontradiktip, nyata antara alus sangka jeung henteu gagabah. Sabab, aya kalana anu ujug-ujug ngaheulakeun alus sangka th sok gagabah. Contona, kajadian ngabeledugna bom di JW Marriott jeung Ritz Carlton 17 Juli kaliwat, apan ta th salahsahijina akibat tina patugas kaamanan anu alus sangka ka teroris. Ceuk troris, anu dibawana th laptop. Patugas kaamanan percaya w, da alus sangka ta. Leuwih-leuwih ti gagabah apanan akibatna. Alus sangka (husnudzon) mmang sipat anu had. Tapi porsina kudu diluyukeun, sok komo deui ngalibetkeun organisasi anu anggotana kaitung loba. Lamun TIOK henteu gagabah, pantesna Asp Ruhimat th ditalk kalayan daria, bener atawa henteuna ngawakilan PPSS atawa saukur asmana pribadi. Lamun ngawakilan organisasi PPSS, perlu dipnta surat resmi ti PPSS, katut

pernyataan resmi pangrojong PPSS kana hanca gaw TIOK. Ku cara nalk sacara taliti tur henteu gagabah, dijamin moal nimbulkeun kesan TIOK gorng sangka (suudzon). Ari saukur nyantumkeun ngaran jeung asal organisasi mah nya taya bdana jeung Lukman Hakiem Saifuddin, tokoh PPP anu jadi jurkam JK-Wiranto ta. Dina alina 11, Ahman Sya ngedalkeun katugenah dumh aya kekecapan mementa jatah menteri, sabada maca komntar Susi jeung Ganjar (Mangl 2232). Saterusna, Ahman Sya nulis: Ah, meureun ta mah omongan Susi jeung Ganjar w, atawa kalimah anu jolna ti wartawan Mangl, anu teu nyaho persis kana duduk perkara saenyana. Ulah diparuas-parieus (diplintir) atuh, sabab bisa nimbulkeun salah harti. Lebah dieu cs pisan Ahman Sya geus gorng sangka, pangpangna ka wartawan Mangl. Kesanna wartawan Mangl th boloho, teu nyaho nanaon, kalayan nempatkeun dirina minangka jalmi anu pangterangna dina urusan kekecapan basa Sunda, tug nepi ka mamatahan tatacara ngomntaran. Pikeun kuring, dina urusan basa Sunda mah leuwih percaya ka wartawan Mangl batan ka Ahman Sya. Sabab, sammhna tacan kungsi maca tulisan basa Sunda beunang Ahman Sya. Kuring moal ngadebat kalimah Mmnta Jatah Menteri, da kuring og teu terang saha nu ngamimitianna tur moal suudzon ka sasaha. Kuring ukur rk ngasongkeun babandingan, nyata dina HU Galamedia (20/06), aya warta ngeunaan TIOK anu judulna Orang Sunda Harus Masuk Kabint. Kecap harus lamun disundakeun jadi kudu. Ari kudu th nyata teu meunang henteu. Dina kecap kudu ngandung paksaan. Bisa jadi, ta judul th lain petikan tina caritaan Ahman Sya, tapi mangrupa hasil tafsir wartawan Galamdia. Kalimah Urang Sunda Kudu Asup Kabint jeung kalimah Mmnta Jatah Menteri mmang henteu sarua, tapi lamun disambungkeun bisa nyambung pisan.***

MASARAKAT ADAT

sy RAMELI AGAM PAPAGON dina masarakat adat mah alam baris mr kahadan lamun maranhanana g ngajaga tur ngamumul alam sabudeureunana. Kaarian terus mekar. Sikep mikahormat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masfan lokal tetep dipiara najan jaman terus mekar. Sikep mikahormat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masarakat adat. Mun alam geus ruksak, mangka katingtriman hirup g bakal kaganggu. Tapi, ka bhdieunakeun, dina kamekaran jaman nu teu nolih kana kaarifan, loba lahan adat nu kedsh. Kadsh ku pihak-pihak nu hayang ngamangpaatkeun lahan adat, saperti pikeun villa, pabrik, pakebonan, atawa wangunan sjnna. Alam masarakat adat nu ngawengku lahan, leuweung, gunung, katut walungan, nu salila ieu jadi sumber kahirupan maranhanana, bet jadi saperti nu leungit. Masarakat adat leungiteun sumber kahirupanana, alatan lahanna geus dipimilik ku batur. Komunitas masarakat adat di nagara urang teu welh aya dina nasib katalangsara. Padahal, masarakat adat sarta nu jadi hak-hakna th sakuduna mah bisa hirup kumbuh kalawan tingtrim. Meureun wajar dina mangsa penjajahan mah mun maranhanana th katalangsara. Sabab, sakur jiwa g ngalaman katalangsara. Tapi, kacida tragis mun nasib masarakat adat teu robah, tetep katalangsara, dina jaman urang geus merdka. Kiwari, teu saeutik aya kajadian konflik antara masarakat adat jeung pihak-pihak nu ngaku geus miboga lahan masarakat adat. Nu ngaku miboga, ngarasa boga hak alatan dibekelan hak guna usaha (HGU). Sedengkeun masarakat adat satekah polah mertahankeun lahanna, nu dipercaya minangka warisan ti karuhunna. Antukna, prinsip masarakat adat nu basajan th kaancam leungit nyanghareupan pihak-pihak nu hawek, nu ukur nang kauntungan wungkul. Kasarakahan maranhanana nu teu tanggungjawab ta, ngabalukarkeun katingtriman masarakat adat kaganggu jeung lingkungan jadi ruksak. Ku mindengna kajadian samodel kitu, ngabalukarkeun masarakat adat mingkin kadsh. Kitu deui mun pamarntah netepkeun kawijakan patali jeung wilayah adat bari teu ngabaud masarakat adat nu geus dumuk ti bh ditu mula di ta wilayah, tangtu masarakat adat g baris kadsh. Padahal, musawarah th minangka wujud mihormat ka masarakat adat jeung hak-hakna nu ditangtayungan ku undang-undang. Sakuduna, tong aya deui kajadian kadshna komunitas masarakat adat th, boh dina sual lahan boh dina sual kabebasan ngalaksanakeun adat maranhanana. Ku sabab nagara urang geus netepkeun undang-undang pikeun nangtayungan masarakat adat. ta hal luyu jeung katangtuan internasional, nu og geus diaku ku nagara urang. Dina pasal 6 ayat 1 Undang Undang (UU) Nomor 39 Taun 1999 ngeunaan Hak Asasi Manusia (HAM), kalawan teges nagara nangtayungan komunitas masarakat adat. Kieu unina th, Pikeun nanjeurkeun hak asasi manusa, perbdaan jeung pangabutuh masarakat hukum adat kudu diperhatikeun tur ditangtayungan ku hukum masarakat katut pamarntah. Sedengkeun dina ayat 2, unina th, Jatidiri budaya masarakat hukum adat, kaasup hak lahan ulayat, ditangtayungan luyu jeung kamekaran jaman. Pon kitu deui, masarakat adat nu kaasup kana kelompok minoritas g kudu ditangtayungan ku nagara. Dina pasal 27 Kovenan Internasional ngeunaan Hak Sipil jeung Pulitik, nyebutkeun, Di nagara-nagara nu aya kelompok minoritas dumasar kana tnis, agama, atawa basa, hak-hak ta kelompok minoritas th tong diganggu, dina komunitas papada anggota sjn ti kelompok maranhanana, enggoning ngararasakeun budaya maranhanana sorangan, pikeun ngalaksanakeun jeung ngamalkeun ageman maranhanana, atawa pikeun ngagunakeun basa maranhanana. Ku kituna, tong aya deui ijin muka pakebonan, pangusahaan leuweung, atawa kagiatan pertambangan, nu enya-enya ngarempak wates-wates wilayah lahan adat, nu saenyana mah geus dipimilik ku masarakat adat ti

bh ditu mula. Og, ka masarakat adat kudu dibr kabbasan pikeun ngalaksanakeun tradisi adatna, kaasup dina ngalaksanakeun nu jadi agemanana. Hak masarakat adat pikeun ngagem ageman katut kapercayaan luyu jeung pilihanana th aya dina pasal 22 UU No. 39/1999 ngeunaan HAM, unina, Sakur jalma bebas ngagem agemanana swang-swangan tur pikeun ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman katut kapercayaanana. Dina ayat sjnna ditegeskeun, Nagara ngajamin kamerdekaan sakur jalma pikeun ngagem agemanana swang-swangan katut ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman tur kapercayaanana. Kalawan teges konstitusi geus ngajamin jeung nangtayungan hakhak masarakat adat. Ku kituna, nagara wajib ngawujudkeunana. Ulah ieuh aya alesan nagara teu mampuh ngawujudkeunana. Da saenyana mah pikeun ngawujudkeun kamampuh th kacida gampilna, nyata ku cara nmbongkeun kalawan enya-enya dina kawijakanana sangkan teu welh mihak kana kapentingan masarakat adat. Lain mihak kana kapentingan pihak-pihak nu ngan ukur nang kauntungan wungkul. Lamun ta mah hak masarakat adat th dibakeun, ta hartina nagara geus ngalakukeun pelanggaran HAM.

DALANG DUMANG

sy DJASPUDIN HARITA, meunang ondangan ti Ki Dumang, datang ka imah nya, urang deuk nyunatan, budak urang hayang dipangwayangkeun, ah urang w nu ngadalangna mah, pokna basa patepang di Fakultas Sastra Unpad. Ki Dumang (karyawan di Fakultas Sastra Unpad), dalang ngora wedalan Cikuda th lain dalang jor-jor. Sahanteuna kungsi nyangking pinunjul kadua basa binojakrama padalangan di Sumedang. Enya w basa malem Salasa tanggal 7 Pbruari 2005 di kampung Margalaksana-Cikuda Jatinangor, ti kajauhan g geus kadangu hawar-hawar sora nu tatalu. Nalika anjog di buruan imahna geus nyampak panggung katut gamelan sapuratina. Tong dibandingkeun jeung acara-acara kasenian di dayeuh Bandung, nu mindeng dipagelarkeun di gedong kasenian atawa di kampus paguron luhur. Panggung wayang Ki Dumang mah teu ieuh tohaga. Lah, cukup ditiungan ku terpal urut. Panggung th diadegkeun di buruan imahna turta rada mpd ka susukan. Sound jeung spiker ukur alakadarna. Tong ngarep-ngarep pajabat mr sambutan. Teu, teu RT-RT acan, sumawonna pajabat kacamatan atawa pajabat kasenian. Ukur bapana Ki Dumang ku anjeun (sarua sok ngadalang) nu mr pangbaga keur nu hajat. Tong waka ngareunteut hat Ki Dulur! Panggung alakadarna, grup wayang jeung dalang can kawentar, turta ti pajabat teu meunang pangbaga nu daria, tapi teu ieuh ngurangan sumangetna. Enya sumanget nanjeurkeun ajn-inajn kasundaan. Enya g nu lalajo th teu ar kawas nu biasa kasaksn nalika dalang Asp manggung. Atuh da boro-boro wawaran atawa publikasi jeung informasi keur balara nu biasa dimbarkeun dina sawatara mdia. Tapi pagelaran di Cikuda mah najan teu kitu g dangiangna mah bener-bener karasa. ta w najan ti magrib knh geus ngecrek, ih da nu niat deuk lalajo th teu ieuh ingkah, nganti-nganti Ki Dumang metakeun kabisana. Maju ka peuting, nu lalajo th beuki anteng ba ngabandungan Ki Dumang ngawayang. Tug dugi ka lekasan nu haladir th ukur saurang dua urang nu ngolsd ninggalkeun pintonan. Aya kacapangan, kasundaan hususna pawayangan idntik jeung entragan kolot. Tapi harita mah ta hipotsis th teu metu. Minangka buktina, loba pamuda nu jol ti kampung Cikuda, Jatirok, jeung kampung Narongtong ngahajakeun nongton Ki Dalang mintonkeun kaparigelanana. Dalah Ibu-ibu jeung bebenyit g ra nu haladir nyaksni Ki Dalang mintonkeun pangartina. Kantenan para sepuh mah bangun pogot pisan ngabandungan Ki Dalang medar carita, Bangbang Jatilana. Teuing naon alesanana pintonan wayang harita mah asa karasa dangiang Sundana th? Eta kitu pdah Ki Dalangna asli pribumi? Ah, asa kaleuleuwihi. Pdah urang Jatinangor jeung sabudeureunana geus bosen kitu nyakseni acara-acara tivi nu kitu-kitu ba, laju milih nongton Ki Dumang ngawayang? Teu ngabibisani. Atawa pintonan wayang Ki Dumang mah teu kaancloman ku rupaning kapentingan? Duka th teuing.

Basa ditanya ku naon toh-tohan dak ngawayang, bari waragad meunang sorangan, taya nu nyeponsoran? Ki Dumang teu ngawaler. Laju ditanya deui, kapan nywa sound, gamelan, muruhan nayaga, sindn jeung sapuratina jumlah-jamlh pasti leuwih ti dalapanjuta, ari gajih anjeun mun dikumpulkeun jero sataun g moal leuwih ti sakitu lin? Ki Dumang tetep ngabetem. Na teu ngarasa rugi kitu? Ki Dumang angger nagen. Tapi sanggeus disaleukseuk mah antukna Ki Dumang th balaka. Kuring ngagelar wayang lantaran kuring nyaah ka Sunda. Ngan sakitu-kituna.

TUGAS BAHASA SUNDA ARTIKEL BAHASA SUNDA

DI SUSUN OLEH : MARISA ULFAH MARLINA DWI LESTARI SANDRA NURSEPTI ZULVIRA SP

SMP NEGERI I CIDAHU 2012/2013

Anda mungkin juga menyukai