Anda di halaman 1dari 2

Basa, Kasenian, jeung Kahirupan Sunda

Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 18-05-2011 |


Catetan DHIPA GALUH PURBA

KU ayana kamekaran tknologi internt nu ngarambah nepi ka tepis wiring, ttla mawa pangaruh nu kalintang had kana kahirupan basa Sunda. Sanajan tknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Ra diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong th ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balara. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yn naon rupa anu jolna ti deungeun th henteu salawasna gorng, malah nu had og kacida rana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadan. Po basa indung anu dipiling saban 21 Fbuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yn basa indung th hirup knh, dina harti masih diparak ku masarakat dina wangkongan sapopo. Lain ba basa Sunda, da kaasup basa indung slr sjnna og jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran tknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO th, anu antukna netepkeun 21 Fbuari minangka Po Basa Indung Internasional. Habna sumanget pikeun ngamumul basa Sunda og bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Fstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Tater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targt panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup tater rumaja nu miluan dina ta fstival. Lain ba patandang ti Jawa Barat, da aya og peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan. Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fbuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang og maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsr, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih ra didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang. Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopo, dipiharep mawa pangaruh had pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Rrongan dina kahadan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang.

Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan

di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan og ttla urang Sunda mh kalld ku para pendatang. Widang konomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi sjn, ra nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha makeun raja kaya. Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah silih asih th jeung sasama th? Naha urang bet tga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain ba ngamumul basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajn inajn jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktkeun dina kahirupan sapopo. Lamun silih asah, silih asih, jeung silih asuh geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopo, tangtu beuki ndah Sunda th. ndah alamna, ndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti Sunda th ndah. Rk ditarjamahkeun kana basa naon og, Sunda mah salawasna ndah tur reumbeuy kahadan.***

Anda mungkin juga menyukai