Anda di halaman 1dari 4

Perang Bubat

Kanjeng Prabu Si Baduga Maharaja, Raja nagara Galuh Pakuan


hiji mangsa kasumpingan utusan ti karajaan Majapahit. Eta utusan teh
dipiwarang Prabu Hayam Wuruk pikeun masrahkeun lamaran, keleresan
Si Baduga Maharaja kagungan putra istri kacida geulis na jenengana
Dewi Citraresmi. Sigana Si Baduga kagungan putra geulis teh geus
nepi ka Majapahit. Turug-turug Prabu Hayam Wuruk teu acan
ngabogaan pramansuari. Ku sabab eta menehna ngirim utusan pikeun
masrahkeun lamaran tea. Sabada dibadantenkeun sareung putra garwana
panglamar Prabu Hayam Wuruk ditampi malah sakumaha parentahna,
Dewi Citraresmi rek dijajapkeun ka Majapahit. Alam harita mah
karajaan Majapahit mangrupa karajaan panggeudena di sakuliah
nusantara, anu kiwari Indonesia tea. Sabagian geude karajaan nu aya di
Indonesia jadi patalukan Majapahit. Malah kabejakeun kakuasaanana
geus nepi ka Malaysia, Singapore jeung Thailand ayeuna, diantara
pangikut taluk teh nyaeta karajaan Galuh Pakuan. Ari papatina ngarana
Gajah Mada. Saha nu bireuk ka manehna ahli mimpin perang, tukang
naluk-nalukeun karajaan. Ku sohor-sohor na Gajah Mada kakara
ngadenge ngarana oge loba raja nu ngiring langsung serah bongkokan
lantaran paur nyangharepan balatentara Majapahit jeung Patih Gajah
Mada tea. Gajah Mada kungsi ngedalkeun sumpah moal ngadahar buah
kalapa lamun can bisa nalukeun karajaan-karajaan nu aya di sakuliah
nusantara. Ku usaha manehna sumpahna bisa tinekanan. Dina waktuna
diberengan para prajurit rombongan, Si baduga Maharaja angkat
ngajugjug nagara Majapahit. Sababaraha poe ti harita tepi ka hiji lembur
ngarana lembur Bubat. Kabeneran teu pati jauh ti puser nagara. Sabada
sarerea reureuh teras Si Baduga miwarang utusan nya eta Ki Pati Madu.
Ari maksadna nguningakeun yen anjeuna saputra garwa parantos dugi
kalembur Bubat. Sajaba ti eta mundut dipapagkeun sakitu apan ilaharna.
Piraku aya awewe datang sorangan ka tempat lalaki. Prabu Hayam
Wuruk kacida bungahna, cita-cita palay di garwa Dewi Citraresmi
sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita keneh buru-buru
marentahkeun Patih Gajah Mada supaya siap-siap pikeun mapag calon
panganten istri tea. Naha atuh dasar Gajah Mada sohor sombong ieu
aing, parentah rajana langsung ditolak. Ari alesanana dibandingkeun
jeung Majapahit nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik. Leuwih hade
Si Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna cenah, anggap wae
Dewi Citraresmi teh upeti sangkan nembongkeun yen karajaan Galuh
Pakuan taluk ka Majapahit saperti nagara-nagara sejenna. Bisa jadi
lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan
Patih Gajah Mada. Tidinya anjeuna ngirimkeun utusan eusina persis
sakumaha omongan Patih Gajah Mada. Puguh bae Si Baduga Maharaja
kacida benduna, salirana langsung ngagidir , ampir-ampiran teu kiat
nahan amarahna. Ari sikep urang Majapahit pangpangna Patih Gajah
Mada sarua jeung ngahina kana kalungguhan karajaan Galuh Pakuan.
Dewi Citraresmi anak raja, putri anu kacida geulisna kudu dianggap
upeti nagara jajahan. Padahal ti iraha karajaan Galuh Pakuan jadi
patalukan Majapahit. Si Baduga Maharaja sasauran ka sarerea, pi
isukeun urang miang ti Galuh Pakuan pasosore bulan mega langit
hurung ngempur siga kahuruan, moal salah eta teh kila-kila. Urang bakal
nyangharepan peperangan. Kukituna sarerea kudu taki-taki sabab geude
kamungkinan urang Majapahit bakal maksakeun kahayangna. Kasauran
Si Baduga eces ngagambarkeun sikep anjeuna. Kajeun kudu kalengitan
nyawa tibatan ical kahormatan dirina. Sabalikna pikeun Patih Gajah
Mada sikep Raja Pakuan sarua jeung nyieun pucuk tigirang nantang
kana kakuasaan Majapahit. Manehna gancang menta ijin Rajana sina
ngumpulkeun prajurit pikeun nalukeun Si Baduga sabalad-balad. Sakali
deui Raja Hayam Wuruk beunang kaolo ku Patih Gajah Mada. Geus kitu
mah deur perang cambuk antara tentara Galuh Pakuan ngalawan para
prajurit ti Majapahit. Lantaran indit ti nagara lain ek niat perang, Si
Baduga Maharaja henteu nyandak prajurit seueur-seueur. Atuh dina deur
na peperangan jumlah na teu saimbang nya kitu deui pakarang perang
na teu salengkep tentara Majapahit. Akibatna tentara Galuh Pakuan
nuntutan jadi korban malih lami-lami mah Si Baduga Maharaja ku
anjeun kasambut di pangperangan maot dikarepuk mangpuluh-puluh
prajurit musuh. Atuh kantun Prameswari sareng Dewi Citraresmi
ngaraoskeun kasedih dikantunkeun ku kanjeng Raja. Duanana enggal
mandi beberesih, sarta saatosna teras nganggo acuk saruabodas. Putri
Galuh sareng ibuna ngaweukkeun keris kana salirana nyusul Si Baduga
Maharaja nu parantos maot ti payun. Antukna perang bubat beureum ku
geutih katambah dua wanita suci ngabayabah dina waruga na.
Ngadangu Dewi Citraresmi jadi mayit Raja Hayam Wuruk kacida
handeueulna. Cita2-cita ngadahup ka Putri geulis henteu jadi. Gara-gara
nurut teuing kana omongan Patih Gajah Mada. Dina ngaraos hanjakal
tungtungna breuk bae teu damang parna. Mangpuluh-puluh dukun
dikumpulkeun, welas-welas wanita diteang, nya kitu deui ahli panyakit,
ngahaja diangkir ti mana mendi tapi kawas lain panyakit biasa, Raja bisa
cageur mun obatna ku Dewi Citraresmi deui. Dina tiasa damang na deui
oge tangtos teu sapertos bihara-bihari. Geus kitu mah kakara Patih Gajah
Mada ngaku kana kasalahanana. Disangkana Raja Si Baduga Maharaja
sarua jeung raja-raja lianna, gampang taluk kana kakuasaan Majapahit
malah aya leuwihna sumpah palapa Gajah Mada dianggap bubar ku aya
eta kajadian. Nagara-nagara ti wilayah sakuliah nusantara anu tadina aya
dina kakuasaan Majapahit nuntutan misahkeun maneh.

Anda mungkin juga menyukai