Anda di halaman 1dari 3

TEKS MC KHITANAN (BASA SUNDA)

Ku : Muhammad Irfan Fauzi (XII IPA 1)

Assalamualaikum wr.wb.
Nu ku simkuring dipikahormat shohibul hajjah bapa Rifan Fauzi sareng
ibu Wulan Zahratunnisa sinareng sadaya kulawargana.
Nu ku simkuring dipikahormat para sepuh, kiyai, asatid wal asatidah,
sareng tokoh masarakat Desa Ciherang
Sarta hadirin sadaya bapa ibu tamu undangan nu sami-sami ku
simkuring dipikahormat
Hadirin nu ku simkuring dipikahormat
Langkung tipayun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka
gusti nu maha suci, rehna Alhamdulillah ku rahmat sareng inayah mantenna,
dina danget ayeuna urang sadaya dipaparin kasehatan sareng nimat Islam
dugi ka tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu
patempatan dina acara Walimatul Khitan putrana bapa Rifan Fauzi sareng
ibu Wulan Zahratunnisa, nyaeta Muhammad Fakih Fauzi
Salawat miwah salam mugia salmina ngocor ka jungjunan urang Nabi
Agung Muhammad SAW, ka kulawargana, ka para sahabatna dugi ka urang
salaku umat mantenna, mugia di yaumil ahir kenging sapaat ti mantenna
Hadirin nu ku simkuring dipikahormat
Nepangkeun wasta pun M. Irfan Fauzi, simkuring ngadeg cumarios
dupayuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu
acara, nyaeta Walimatul Khitan Muhammad Fakih Fauzi. Simkuring neda widi
tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng
sumping ka hadirin sadaya nu parantaos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu
nuhun laksaketi kabingahan. Sumangga lalinggih dina tempat nu parantos
disayogikeun.
Anapon runtuyan acarana nyaeta :
1.
2.
3.
4.
5.
6.

Bubuka
Ngaoskeun ayat suci Alquran
Sambutan ti Shohibul hajjah
Ceramah agama
Doa
Panutup

Hadirin nu ku simkuring dipikahormat


Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka
ku

maos

basmalah

sasarengan,

Bismillahirrahmanirrahim.

Mugia

ku

ngalangkungan aosan basmalah ieu acara kenging barokah sareng ridho


Allah SWT.
Salajengna, simkuring ngahaturanan ka kersana bapa Apud kanggo
ngaoskeun ayat suci Alqruan. Waktos sinareng tempat dihaturanan
Hatur nuhun ka kersana bapa Apud anu parantos ngaoskeun ayat suci
Alquran. Mugia urang sadaya kenging barokahna. Amin
Acara salajengna nyaeta sambutan ti shohibul hajjah. Sumangga ka
kersana bapa Rifan Fauzi dihaturanan.
Haatur nuhun ka kersana bapa Rifan Fauzi anu parantos ngadugikeun
sambutanana
Hadirin nu ku simkuring dipikahormat
Salajengna sumangga urang ngabandungan ceramah agama ti kersana
K.H. Saepudin Zaenal. Waktos sinareng tempat dihaturanan
Hatur

nuhun

ka

kersana

K.H.

Saepudin

Zaenal

anu

parantos

ngadugikeun ceramah agama. Mugia janten mangpaat sareng urang sadaya


tiasa ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan urang.
Hadirin nu ku simkuring dipikahormat
Acara nu salajengna nyaeta doa tutup, nu Insya Allah baris dipingpin ku
kersana bapa Ustad Mahmud Ramli, sumangga ka bapa Ustad Al Gazali
dihaturanan.
Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad Al Gazali nu parantos mingpin doa
tutup, mugia doa urang dikobul ku Allah SWT. Amin
Hadirin nu ku simkuring dipikahormat
Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Sumangga ieu acara
ditutup ku maos hamdalah sasarengan. Alhamdulillah.

Simkuring atas nami keluarga shohibul hajja nyuhunekun dihapunten


dina sagala kakirangan sareng ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka sadayana
nu parantos ngaluuhan ieu acara. Salajengna nyuhunkeun doa restu ti
hadirin sadaya, mugia murangkalih bapa Rifan Fauzi sareng ibu Wulan
Zahratunnisa nu parantos disepitan sing janten murangkalih nu sholeh, nu
tiasa kumawula kanu janten ibu ramana, babakti ka gusti Nu Maha Suci,
bangsa, sareng nagara. Amin

Hadirin nu ku simkuring dipikahormat


Simkuring salaku panata acara, nyuhunkeun dihapunten dina sagala
kalepatan. Bobok sapanon carang spakan, luhur saur bahe carek. Mugia
kersa

ngahapunten

sagala

kalepatan

perhatosanana
Wassalamualaikum Wr.Wb.

simkuring.

Hatur

nuhun

kana

Anda mungkin juga menyukai