Anda di halaman 1dari 4

UPACARA ADAT SUNDA

Neda jembar hapuntenna (2X)


SUNGKEM
Alhamdulillah wasyukrulillah. Ijab qobul parantos
lekasan. Kiwari parantos cindek, dua insan resmi
jatukrami mungkas mangsa lalagasan.
Salajengna, tawis insan anu iman tur soleh, Eling kana
purwa dumadi. Ti mendi nya kawit, ti mana nya asal.
Cukang lantaran diyugakeun ku ibu rama.
Ku kituna sumangga ka panganten sakalih
dihaturanan sungkem ka ibu sewang-sewangan.

Duh anaking, beubeulahan jiwa Apa. Apa rido


anaking dug hulu pet nyawa, nyiar pakeun pikeun
hidep. Ieu tanggel waler Apa sangkan hidep bagja
waluya.

(sungkem ka ibu mertua)


Jemplang Bangkong

(singkem ka ibu sewang-sewangan)


Kunasari:
Duh Ibu hapunten abdi
Tina sugri kalepatan
Rumaos abdi rumaos
Abdi sering ngaraheutan
Ibu kantos kahesean
Ngurus abdi ti kapungkur
Ngamongmong ngadama-dama (2X)
Anaking mangka emut Ridollohi firidowalidain.
Wasuhtullohi fiisuhtihima
Karidoan Alloh gumantung kana ridona ibu sinareng
rama. Sawangsulna, bebendu Alloh gumantung kana
benduna ibu sinareng rama.
(sungkem ka rama sewang-sewangan)
Duh Apa sungkemeun abdi
Nu ngayuga ngarasanan
Ngabayuan hese cape
Bela tur nyaah ka putra
Abdi mah kantun raosna
Abdi sujud neda ampun

Nyanggakeun sungkem pangbakti


Ka salira nu miheman
Mageuhan tali kasono
Widi ibu kalih apa
Abdi tiasa laksana
Pidua anu kasuhun
Enggoning ngalakirabi (2X)
Anaking jimat awaking, ibu bagja liwat saking. Hidep
baris ngaping ngajaring, rumawat ka anak ibu.
Masing teteg, masing panceg. Ulah ham ham. Dua
ibu nyarengan lumampahna hidep.
(sungkem ka apa mertua)
Apa anu mikaasih
Abdi neda piduana
Oge mugi Apa rido
Seja miheman ka putra
Sapapait samamanis
Sasarengan silih tuyun
Ngahontal rido pangeran (2X)
(Dua anak sholeh)
Nun Gusti mugi Gusti ngahapunten kalepatan diri abdi,
pon kitu kalepatan sepuh abdi. Sareng gusti
mikanyaah mikaasih ka aranjeunna sapertos
aranjenna mikanyaah ka abdi waktos alit.

Ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja
wakca balaka, wirh sim kuring sans pujangga anu ahli ngarka basa, sans sastrawan anu ahli dina ngarah caritaan. Kumargi
kita paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana.Ka
para ahli ngukir syair, pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun maklum sakedapan
hoyong

dikorksi,

diropa,

og

dioman

manawi

tiasa

nyampurnakeun

kana

curat-cort

sim

kuring.

Ngawitan
Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula ngawitan mituturan dua pasang manusa anu
kiwari parantos ngahiji kalayan widi Gusti Nu Mahasuci ngalangkungan jalan jatukrami.
Dina ngawitan ngambah ngabaladah sagaraning kahirupan, teu pisan-pisan urang samudayana anu sami kersa sumping, kalayan
ridlo lillahi taala ngagebregkeun jiad pangdua ka dua mempelai. Ngalangkungan duana Rasululloh SAW. Mangga urang aos
sasarengan :
Bismillah .
Baarokallohu laka wabaroka alaika wa jamaa bainakuma fi khoiir
(Mugia kabarokahan sareng kasinugrahaan Alloh tumetep euntreup, nyanding mipir ngabanding, lamokot geugeut ka hidep duaan,
sareng pamudah-mudahan hidep duaan dikumpulkeunana ku Alloh th sinanding jeung kasaan, amin).
Mangga ka pasang panganten, geura lumampah nyaketan kana pangkonan ibu rama
Audzubillahi minasy syaithonirrojim
Wawashshoinal insaana biwaalidaihi hamalathu ummuhu wahnan ala wahniw wafishooluhuu fii aamaini anisykurlii
waliwaalidaika ilayyal mashiir (Luqman : 14)
Jeung Kami geus marentahkeun ka manusa (pikeun ngabakti) ka indung bapana; indungna geus ngakandung manhna dina
kaayaan lemah anu kalangkung-langkung lemahna, jeung indungna ngasuh manhna salila dua taun. Kudu syukuran ka Kami
jeung ka indung bapa manh, ngan ka Kami wungkul manh mulang ka asal. (Luqman : 14)
Kasp, Geulis.
Heup eureunkeun lengkah anjeun duaan dipayuneun ibu rama. Teuteup kalawan geugeut pameunteu marantenna. Sawang ku
hidep duaan ka alam ka tukang anu jauh narawangan. Pk patepungkeun paneuteup ajeun jeung paneutep indung bapa.
Bayangkeun kua hidep yn dina satts getih anu ngalmprh, sahgak nafas anu ngadami dina angen. Pk rarasakeun ku
hidep ratugna jajantung, rnghap ranjugna rarasaan. Tamperkeun dina sirah, seuseup ngaliwatan napas lalaunan singreup alonalon, kalayan rarasakeun yn hidep th keur nyeuseup kanyaah jeung kahmanna indung bapa.
Prak, mangga ujang-nyai. Kasp Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung.
Sammh hidep duaan barang pnta kanu jadi indung, pk haturananan heula tawis rasa tumarima ngalangkungan basa ka
anjeuna. Kalayan dimimitian ku keretegna manah. Uningakeun kanu janten ibu, kieu unina : Mamah, dina danget ieu kalayan
syaratna disaksni ku kadang wargi anu hadir di dieu, hakkatna disaksni ku Alloh SWT, langkung tipayun abdi seja

ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan kana kasaan anu parantos dipaparinkeun ka abdi. Abdi jelas kahutangan ku
Mamah, ti kawit abdi di kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos kapayahan anu langkung-langkung. Siang kalayan
wengi Mamah teu welh sumujud ka Rabbul Izzati, tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna
salamet, waluya sapuratina.
Kasawang ku abdi kasusah Mamah, nalika bureuyeungan, seunggah gulang gasahan. Patuangan nyelekit beuki narikan. Celekit
dina parindikan, jeletot dina bobokong, reyang-reying teu betah cicing. Harita basa tengah peuting Mamah humarurung nyalira.
Sakawitna moal ngageumpeurkeun balara. Sugan jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal ngurangan. Nanging sans
ngurangan nyeri anu aya, malihan tambih-tambih nyeri. Harita, Mamah ngajerit maratan langit ngocak maratan jagat. Mnta
tulung, mnta nyalindung.
Mamah parantos bak dngkak nahan kanyeri jeung kapeurih. Luut lt kesang badag, ksang leutik burayoan maseuhan sakujur
salira. Guyang darah, mandi getih, sakapeung dibarung ku kasusah, sakapeung hat tugenah. Harita Mamah parantos
ngaboreuhkeun jiwa raga, nyawa pingaraneunana. Anu namina ngajuru, luyu sareng istilahna. Hartina nyawa Mamah th aya dina
sajuruna deui.
Dina waktu Mamah ngalahirkeun abdi, Mamah bajuang dina tungtung hirup. Tanaga Mamah, engapan Mamah, kesang Mamah, cai
soca Mamah, getih Mamah nyurugcug maseuhan bumi pikeun mlaan anu jadi anak.
Nalika gubrag si jabangbayi gumelar ka alam dunya, denghkna sora orok ceurik sataker kebek, ceurik munggaran anu minuhan
wewengkon alam. Nya harita pisan basa ninggang kana wanci subuh abdi lahir ka alam dunya. Ti harita Mamah teu bisa kulem
anu tibra, teu bisa lha-lha. Ngupahan tur ngablaan nu jadi anak. Budak gering milu gering, budak rungsing henteu pusing.
Mamah milampah sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana kaikhlasan jeung ngagedurna rasa kanyaah anu taya wates
wangenna.
Mamah, mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngsto tina lelembutan abdi anu pangjero-jerona, tina mamaras manah anu
sadasar-dasarna abdi neda hampura tida samudaya dosa perdosa. Tinangtos dosa abdi anu janten putra moal katang seueurna.
Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, Mamah lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi.
Deudeuh teuing kasp, geulis anak Mamah saleresna kasedih Mamah dina danget ieu lain kusabab kapusingna indung kanu jadi
anak. Keun sagala kasalahan anu geus dipilampah kuhidep dina waktu anu ka tukang-tukang ku Mamah dihampura. Naning anu
ngalantarankeun Mamah sedih danget ieu th nyata kabeurat hat indung kanu jadi anak. Asa kamari hidep ku Mamah dish,
diakod-akod waktu orok, dimmnan waktu budak. Harita basa hidep ggag-ggag diajar leumpang, bari sakapeung titotorojol ti
kajauhan hidep tkah-tkah bari tuluy ngagabrug kana lahunan Mamah. Bungah amar wata suta hat anu jadi indung, nalika nu
jadi anak tumuwuh mekar kalayan sampurna.
Kiwari, ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa. Geuning si kasp anu dihancleung-hacleung ku Mamah, si Geulis anu ditimbangtimbang ku Mamah teu sangka geuning geus sawawa, dewasa, manjing milampah rumah tangga. Nyukcruk galur sunnah Rasul,
mapay lacak papagon agama. Sammangna parantos titis tulis ti ajalina, gurat qodar nu Mahakawasa. Hidep kiwari seja
ngamimitian ngabaladah sagara rumah tangga. Geura bral miang, bbr layar tarik jangkar ku Mamah diduakeun mugia sing
tinemu jeung kabagjaan dunya katut ahrat.
Mangga kasp, geulis geura ingkah tina lahunan Mamah ngalih kana panggonan Bapa
Prak tumamprak, rep sidakep, sir budi cita rasa. Sagulung-sagalang sukma nu paanggang kiwari ngahiji dina seuseukeut kaasih
kolot kanu jadi anak. Ujang, nyai kasp, geulis. Sok puseurkeun panyawang hidep kana kanyaah nu jadi Bapa ka nujadi anak
dina salila ngipayahan, nyumponan kabutuh hirup nu jadi anak. Sakapeung mah Bapa th mindeng baringung, ditambah bangluh
kasusah nalika teu bisa nyumponan kahayang nu jadi anak. Bapak rajeun ngalamun, mikiran tur narkahan kumaha carana
sangkan kahayang nu jadi anak bisa kacumponan sapuratina.
Lamun indung disebutna tunggul rahayu, sedengkeun Bapa disebutna tangkal darajat. Kanyaah indung jeung bapa ka nu jadi anak
layeut ngahiji ngawujud, ngajnglk dina rupa anak. Nu matak dina jirim anak bakal pacampur ttsan-titisan indung bapana. Nya
kitu deui dina akhlak jeung pamolahna bakal cepls ts kanu jadi anak.
Bapa, rumaos abdi mindeng musingkeun ka Bapa. Dina danget kiwari clik putih jatining bersih, clak hrang jatining padang, ti luhur
sausap rambut ti handap sausap dampal, getih satth ambekan sadami, kiwari abdi neda jembar hampura tinu jadi Bapa.
Baeu kasp, geulis. Malati lingsir na ati, angsana ligar ku mangsa. Hamo lingsir dina wanci, moal ligar dina mangsa. Kiwari wanci
tur mangsana Bapa dumareuda wakca balaka ka hidep duaan. Sabenerna, gunung karahayuan, pasir kaasih, sagara kanyah Bapa
kahidep th mmang langka kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita. Naning sanajan kitu, ngahunyudna kanyaah Bapa ka hidep
th tinangtos langkung-langkung kanyaah. Sabab, sagala rupa anu diusahakeun ku Bapa blaan ngadua-duakeun huap, ti sruksruk tidungdung blaan poho ka temah wadi, teu aya lian nyata mlaan nu jadi anak. Melak kai, ngingu sapi tur sagala cacawisan
hirup taya lian nyata ngakirangan nu jadi anak.

Keun cuang teundeun kakeuheul anu geus harareubeul, cag cuang tunda kangwa anu geus tiheula. Cuang ganti ku budi anu
sajati, ku wajah anu marahmay. Sok ku Bapa kiwari hidep dihampura, sagala rereged, kaijid, kangwa, tur kageuleuh Bapa kiwari
balungbang timur caang bulan opat welas, jalan ged sasapuan.
Cag, anaking geura tandang miang makalangan, geura milampah babarengan kalayan diwuwuh ku dua nu janten sepuh. Dijiad ku
panghiap nu jadi Bapa. Montong melang, tong salempang lngkahkeun sampan bari ngucapkeun niat seja milampah tugasna
Pangran.
Tuh geuning, sagara tanpa tutugan. Sagara tanpa basisir geus ngagupayan mnta dikojayan. Geura bral undur tina pangkonan,
geura hontal kasinugrahan. Hayu urang hirup babarengan, Bapa geus nyiapkeun kandaraan juang pikeun ngajugjug lembur
pangharepan.
Sok diduakeun ku Bapa lahir katut batin, mugia hidep duaan tinemu jeung kabagjaan

Anda mungkin juga menyukai