Anda di halaman 1dari 2

Hayam Kongkorongok Subuh

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun


haying nyaba ka kahiyangan.Unggal isuk eta oray teh osok dangdan
mapantes maneh.Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga
perhiasan,mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang
titinggi,maksudna arek nginjem tanduk ka sakadang jago haritmah jago
teh aya tandukan menta anter ka titinggi.Sanggeus amprok dicaritakeun
kabeh pemasalahan naga ka jago.Maksudna mah arek nginjeum tanduk
ka jago,ngke di anterkeun deui ku sakadang titinggi cek sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga.Lilalina naga ngarayu,jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga.Cek
naga ka jago ngke tandukna di balikeun deui ku sakadang titinggi
samemeh balebat,lamun balebat can balik wae bisi kaula poho
ngawangkong jeung dewa,anjeun mere tanda weh kongkorongok sing
tarik.
Geus kitu mah jung weh naga jeung titingg iteh arindit.Isukna
samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna.Sakali dua kali
titinggi teu datang wae,terus jago teh kongkorongok sababaraha kali
deui,tapi tetep titinggi teu datang-datang.
Keun sugan cenah peuting ngkecek hayam teh.Tapi weleh nepi
kasubuh titinggi teu datang keneh wae.Pohara ambekna hayam jago nepi
ka ngancam lamun titinggi datang arek di pacok nepikeun ka paehna.
Tiharita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun
papanggih jeung titinggi sok langsung di pacok nepi ka paehna,males
pati dumeh kungsi ngabobodo.

Rincian Dongeng:
-Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh
-Bahasana : Kasar
-Palakuna : Hayam Jago,Titinggi,jeung Oray Naga
-Watek Palakuna :
-Oray Naga = Jahat,sok nipu,teu syukur,jeung sok haying nu batur.
-Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah,teu boga pamadegan.
-Hayam Jago = Babari percaya,gampang di bobodo.
-Tempat/Latar : Hiji tempat jaman baheulanyaeta dileuweung.
-Eusi/Hikmah nu bisa dicokot : Ari hirup teh ulah sombong,adigung,ulang sok
nipu,jiga Oray Naga.Ulah sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi.Ulah
gampang dibobodo bisi ka duhung,ulah gampang percaya ka jalma ciga sakadang
Hayam Jago.

Anda mungkin juga menyukai