Angklung by wikipedia
Angklung nyata alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimankeun ku cara
dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter
dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras
(nada) nu dipak angklung tradisional Sunda biasana salndro jeung pelog.
Angklung Kanks
Di wewengkon Kanks, angklung utamana dipak patali jeung upacara-upacara tatann,
lalin keur hiburan. Angklung dipak nalika melak par di huma jeung ngubaran par (tilu
bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipak, angklung disimpen dina upacara musungkeun
angklung.
Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan.
Ieu hiburan th digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu
Bibi, Yandu Sala,Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong
Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak
Gadung, MulungMuncang, Giler,Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak
Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, Papacangan, jeung Culadi
Dengdang.
Angklung Dogdog Lojor
Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat
adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu
ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan og ku
angklung, sabab patali jeung upacara adat par. Unggal geus pann, masarakat ngayakeun
acara Srn Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu
jeung parntah tina wangsit.
Tradisi ngamulyakeun par di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna
masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku
salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa
tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana
modrenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu, dogdog lojor og kadang sok midang dina acara
nyunatan, ngawinkeun, sarta karaman lianna.
Kasenian dogdog lojor dimankeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna swang-
swangan, nyata dua dogdog lojor jeung opat angklung ged, nu masing-masing boga
ngaran: gonggong, panmbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).
Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Bal Agung, Samping Hideung, Olng-olng
Papangantn, Si Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan.
Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen.
Angklung Gubrag
Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung
umurna geus kolot, dipak dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun par ka leuit.
Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung th mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.
Badng
Badng th mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk
kasenian angklung ieu dipak pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atawa 17.
Harita, Arpan jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti
Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun
kasenian badng.
Angklung nu dipak dina pintonan badng aya salapan: angklung rol dua, angklung kecer
hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog
dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrk hiji. Rumpaka tembangna mak basa
Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun og ditambah ku basa Indonsia.
Eusi rumpakana taya lian ti ajn -inajn Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang
og dibarengan ku debus nu mintonkeun lmu-lmu kawedukan.
KASENIAN DAERAH PASUNDAN (DALAM BAHASA SUNDA)
Indonsia th kaasup nagri anu beunghar ku budaya, hususna budaya darah. Saban slr
bangsa, anu nyicingan rbuan pulo di Indonesia, mibanda kabudayaan swang-swangan.
Diantarana, kasenian darah.
Naon ari kasenian darah teh? Tangtu ba kasenian anu lahir sarta hirup di darah. Ieu
kasenian th perlu diipuk jeung dimekarkeun lantaran mangrupa banda bangsa anu ged
ajnna. Kasenian darah anu hirup, dipikawanoh, tur dipikaresep lain ba ku slr bangsa anu
nyiptakeunana disebut kasenian nasional. Jadi, kasenian darah th mangrupa unsur
pangwangun kasenian nasional.
Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal Jawa Barat th geus jadi kasenian nasional.
Lain ba urang Sunda nu mikaresep jaipongan th, tapi og dipikaresep ku slr bangsa sjn.
Ambahan kamekaranana jelas leuwih lega, lain ngan di tatar Sunda wungkul. Malah, ceuk
bja, urang mancanagara og loba nu mikaresep.
Lamun seug ditalungtik, kasenian Sunda th pohara lobana. Ieu kasenian anu sakitu lobana
th kiwari nungtut laleungitan. Malah boa hidep mah ngan saukur kungsi ngadng ngaranna
ba. Ari pangna terus muguran th lantaran taya generasi ngora anu neruskeunana. Kanyataan
ieu th puguh matak pohara handeueulna. Pohara matak prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin
kaleungitan kakayaan bangsa anu ged ajnna?
Urang salaku urang Sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh saeutikna apal ngaran-
ngaranna, heunteu apal jangglkna og. Ku sabab kitu, geura urang tataan, boh kasenian anu
masih hirup boh anu kungsi hirup. Geura urang tataan, diantarana ba, wayang golk,
jaipongan, cianjuran, angklung, calung, kendang penca, beluk, kiliningan, ketuk tilu, kuda
lumping, tarawangsa, sandiwara, rog, longsr, lais, debus, ubrug, ujungan, dombrt, kawih,
gending karesmn, bangbarongan, jeung gondang. ta th kark sabagian leutik, dah ceuk
bja kasenian Sunda anu kungsi hirup th leuwih ti tilu puluh rupana.
Moal boa, di slr bangsa sjn og mibanda kasenian anu kawilang loba sarta geus loba deui
nu pahna. Lamun ti hiji slr bangsa, sebut ba, mibanda tilu puluh kasenian, pk kalikeun
ku hidep. nya maksud th, kalikeun jeung jumlah slr bangsa nu aya di Indonsia. Leuh,
pohara beungharna Indonsia th.
BABARIT
Adat istiadat Sunda rea pisan, nanging ku sabab pangaruh jaman, dina masih aya
nage geus loba rubahna. Salah sahiji adat sunda teh nyaeta babarit. Ayeuna mah acara Babarit
geus jarang dilakonan kecuali di pilemburan masih aya nu sok ngalaksanakeun. Ku sabab
kitu, makalah ieu ngulas sajentrena tentang Babarit.
Acara Babarit mangrupakeun salah sahiji adat istiadat sunda. Acara ieu rutin
dilaksanakeun tiap rek ganti taun.
Babarit nyaeta hajat nyalametkeun lembur. Atawa sok disebut salametan lembur. Aya
oge nu nyebut hajat bumi.
Tujuan babarit nyaeta ngadoakeun ka para karuhun urang sarerea kalayan
nguningakeun nu ngageugeuh di lembur eta supaya urang dijauhkeun tina balai atawa
musibat.
Tata carana :
1. Ketua RW satempat ngumumkeun ka wargana yen rek diayakeun acara babarit. Biasana
Babarit dilaksanakeun dina wanci Panonpoe satungtung atawa bada Ashar.
2. Warga salembur nyangu kawas rek lebaran. Terus biasa nyarieun kupat. Terus bari
neangan syarat-syarat anu kudu dibawa jang babarit.
3. Warga satempat ngariung di tungtung lembur, biasana sok ngajajar disisi jalan bari mawa
sangu ,kupat, jeung syarat sajabana.
4. Breng datang warga siling tukeran kupat jeung tatangga lainna. Kupatna nu hiji langsung
digantungkeun dina gantar megat jalan. Nu lainna deui jang syarat nu kanggo
digantungkeun dina lawang panto.
5. Acara salajengna ijab (ngadoa) dipingpin ku kokolot lembur (nguningakeun ka gusti nu
maha suci, kalayan ka para rosul, para nabi, para wali, para alim ulama, ka para
karuhun,kalayan ka anu ngageugeuh di tempat eta, supaya urang dibere kaberkahan,
kasalametan, jeung dijauhkeun tina balaina)
6. Sanggeus eta, janur sareng kupat nu ek di gantungkeun dina lawang panto diciduhan
sepah (sereh, gambir, apu, jebug) dikunyah diburakeun ku indung berang kana eta janur.
7. Acara saterusna dalahar balakecrakan silih asaan jeung tatangga.
8. Terus aruih / bubar bari mawa kupat anu geus didoaan ka imah masing-masing, samemeh
asup ka imah, gantungkeun hela eta janurna dina luhur lawang panto imah jeung kandang
ingon-ingon tujuana nyaeta kanggo nolak balai.
Syarat-syarat anu sok digantungkeun dina luhureun panto (lawang panto), nyaeta :
Janur
Kupat Salamet
Jukut Palias
Daun darangdan
Jukut palias biasa dibungkus ku daun darangdan di bengket ku janur nu nalian kupat.
Itung lawang panto imah jeung kandang ingon-ingon aya sabaraha, engkena ngadamel
syarat teh kudu sami sareng jumlah lawang panto.
Adat istiadat sunda teh rea pisan, salah sahiji adat sunda nu aya teh nyaeta babarit.
Babarit nyaeta salah sahiji adat istiadat sunda nu geus jarang dilakonan kecuali di
pilemburan. Acara ieu rutin dilaksanakeun tiap rek ganti taun. Babarit nyaeta hajat
nyalametkeun lembur. Atawa sok disebut salametan lembur. Aya oge nu nyebut hajat bumi.
Tujuan babarit nyaeta ngadoakeun ka para karuhun urang sarerea kalayan nguningakeun nu
ngageugeuh di lembur eta supaya urang dijauhkeun tina balai atawa musibat. Kusabab kitu
urang kudu bisa ngamumule adat istiadat sunda sanajan ayeuna mah zaman geus modern, tapi
urang ulah poho kana adat istiadat sunda.
Wayang Golek
Pertunjukan wayang golek
di dekat Cirebon 1980'an
'Kasenian kabudayaan'
'Titinggal karuhun urang'
Kumaha ari kasenian Wayang naha titinggal karuhun urang ...? Pikeun ngajawab ieu
patarosan, bener atawa henteuna, tinangtu mikabutuh anu jembar. Di dieu urang cutat
pamendak sareng pedaran para ahli tina bab wayang.
Numutkeun pedaran Bapa M. Wangsaatmaja dina gempungan para Dalang 1952 kaunggel :
'Kumaha asal-usulna nu mawi di urang (di P.Jawa) aya wayang ... ?ringkesna : Lalakon
wayang asal ti India anu kitabna kosohor disebat Mahabharata karangan Abiasa. Leresan ieu
poma entong lepat mangartos, sanes model wayang anu saperetos di urang ayeuna : di ditu
mah mung dongengna wungkul anu kitabna pohara dipusti-pustina. Ditariru diconto
didaramel misil, manawi ibarat urang didieu kana Al Qur'an.
Kitab Mahabharata tadi sadongkapna ka Pulau jawa ngahudang kana ngadaramelan
wawayanganana anu kawit digambir dina daun lontar, teras dipintonkeun dianggo
propaganda ngaliarkeun agama Budha.
Dina ngawitan ngadegna Agama Islam, ieu kabudayaan Budha teh ku para wali didaramel
padika digulang - gaper kalayan disampurnakeun katut tatabeuhanana : lalakon-lalakonna
dilebetan jatining ka-Islaman.
Geura sindirna oge dina murwa disebatkeun sabada medarkeun aksara anu 20 (Ha-na-ca-ra-
ka..sst).
metukakeun malih
Wianjana Wianjani
Wianjana: Sir rama, Wianjani :
Sir ibu.
Sir kangjeng rama tumiba mareng
Sir kangjeng ibu.
Tumiba malih ning kenya puri
kenya iku wewadah puri : keraton
pundi kang diangg ge jejer ?
Keraton ... (Ngasti upa-mina)
Kitu numutkeun pamendakna Bapa M. Wangsaatmaja mah. Gelarna kasenian wayang teh
sadongkapna Kitab Mahabharata, samemeh sumebarna agama Islam,anu kawitna digambar
dina daun lontar. Asal Muasal Wayang Golek Baca berikutnya
UPACARA PASCA BABARAN
-dina proses babaran, si ibu kedah direncanggan ku carogena, dimana saatos orok babar
langsung diadanan ku bapa si orok supados suanten kahiji nu kakuping ku orok nyaeta
suanten adzan (lafadz Alloh) mih, tingkah polahna aya dina jalan nu leres.
Ari-ari/tembuni/placenta diasumsikeun jadi baraya orok, kusabab eta ari-ari teu kenging di
piceung sambarangan. Biasana ari-ari disimpen
Upacara Kelahiran dan Masa Bayi
Upacara Ekah
Saleresna kecap ekah asalna tina basa arab tina kecap aqiqatun anu artina anak kandung.
Upacara ekah nyaeta salametan nebus jiwa budak pikeun pamasihan Gusti Alloh
atanapiungkapan rasa syukur parantos dipasihan putra ku gusti Alloh jeng ngarepkeun budak
engkena jadi budak anu shaleh jeung shalehah anu bisa nulungan kolotna di akherat.
Pada pelaksanaan upacara ini biasanya diselenggarakan setelah bayi berusia 7 hari, atau 14
hari, dan boleh juga setelah 21 hari. Perlengkapan yangb harus disediakan adalah domba atau
kambing untuk disembelih, jika anak laki-laki dombanya harus dua (kecuali bagi yang tidak
mampu cukup seekor), dan jika anak perempuan hanya seekor saja.
Domba yang akan disembelih untuk upacara Ekah itu harus yang baik, yang memenuhi syarat
untuk kurban. Selanjutnya domba itu disembelih oleh ahlinya atau Ajengan dengan
pembacaan doa selamat, setelah itu dimasak dan dibagikan kepada handai tolan.
5. Upacara Nurunkeun
Upacara nurunkeun nyaeta upacara pertama kali bayi bawa ka buruan imah, maksudna
ngenalkeun lingkungan jeung kanggo mere nyaho ka tatangga yen orok the geus bisa di ais,
dibawa jalan2 di buruan imah.
Upacara Nurun keun dilaksanakan setelah tujuh hari upacara Puput Puseur. Pada
pelaksanaannya biasa diadakan pengajian untuk keselamatan dan sebagai hiburannya
diadakan pohon tebu atau pohon pisang yang digantungi aneka makanan, permainan anak-
anak yang diletakan di ruang tamu. Untuyk diperebutkan oleh para tamu terutama oleh anak-
anak.
6. Upacara Cukuran/Marhabaan
Upacara cukuran dimaksudkeun pikeun mersihkeun atanapi nyucikeun rambut orok tina
sagala rupi najis. Upacara cukuran atanapi marhabanan the mangrupi ungkapan sukur ka
gusti nu maha agung anu parantos masihan putra anu parantos babar ku jalan salamet.
Upacara cukuran dilaksanakeun dina waktos orok yuswana 40 dinten.