Anda di halaman 1dari 5

Anu Sholat Antara Bagja Jeung Cilaka

Posted on October 7, 2008 by binadakwah


Jamaah jumah anu dimulyakeun Alloh!
Al-hamdulillah, sagala puji sinareng syukur ta tetep

kagungan Alloh Anu Maha Ghofur, anu kalayan kanyaah


katut kaasih Mantenna urang tiasa tepang tur ngeusian sasih
Romadlon, shaum sabulan campleng. Mudah-mudahan shaum
Romadlon geusan ngajadikeun urang minangka golongan
muttaqin. Beresih tur suci tina sagala dosa.
Sholawat miwah salam mugia salawasna dilungsurkeun
Alloh SWT ka junjunan urang Rosul Muhammad SAW,
minangka uswah katut qudwah urang, ka kulawargana katut
para sahabatna sareng jalma-jalma anu nuturkeun tapak
lacak aranjeuna.
Hadirin, khotib og moal bosen-bosen pikeun terus
nglingan utamana ka diri khotib sorangan umumna ka
jamaah sangkan terus ngamumul jeung ngaronjatkeun iman
katut taqwa, demi iman jeung taqwa ta panghad-hadna
bekel urang dina nggoning nyorang kahirupan nu pasti bakal
datang, nyata po kiamah.
Hadirin jamaah jumah rohimakumulloh!
Moal luhur anu dipihatur dina khutbah anu ayeuna, tapi
urang ngmut-ngmut deui kana pagawan urang salaku
muslim, anu mana ieu gaw th minangka kawajiban urang
salaku muslim anu teu bisa ditinggalkeun, nyata sholat.
Aya dua rupa nasib anu bakal karandapan ku jalma-
jalma anu sholat. Aya jalma anu ku sholatna th bakal
meunang kabagjaan, og aya jalma anu ku sholatna th bakal
meunang kacilakaan. Ari jalma nu sok sholat tur meunang
kabagjaan, ieu diuningakeun ku Alloh SWT dina surat al-
Muminun, ayat 1 jeung 2 nu unggelna;
Kacida bagjana jalma-jalma mumin th. (Nyata) jalma-jalma
anu khusyu dina sholatna.
Hadirin jamaah jumah rohimakumuloh!
Khusyu dina sholat ta lain hiji pagawan anu ntng.
Demi sering kaalaman ku urang, nalika mmh sholat pikiran
teu loba kumalayang teuing. Tapi nalika geus prak sholat,
sagala rupa anu asalna teu inget dina sholat mah jadi inget.
Nepika teu saeutik jalma anu keur sholat ngajanteng salila-lila,
lain ku alatan bacaanana panjang, tapi malaweung ngalamun.
Kumargi kitu Rosululloh SAW maparin wawadi ka urang
sangkan urang bisa ngamumul khuysu nalika sholat.
Diantarana, Rosululloh SAW nyaram ka jalma anu hayang
kahampangan atawa kabeuratan pikeun ngalaksanakeun
sholat. Naon margina Rosul nyaram kitu? Ku urang tiasa
kasawang. Kumaha jadina upama hiji jalma diantara urang
ngalaksanakeun sholat bari nahan kahampangan. Geus tangtu
dina sholatna th moal aya kakhusyuan, demi pikiran jeung
perhatianana kabngbat ku hayang ka Wc.
Kitu deui Rosul ngawagel jalma nu ngaos al-Quran,
jalaran aya anu keur sholat. Lain teu meunang maca al-
Quran, demi maca al-Quran th kaasup ibadah, tapi ngajnan
ka jalma anu keur sholat, bisi kaganggu sholatna alatan
leungit kakhusyuna.
Hadirin jamaah jumah rohimakumulloh!
Khusyu dina sholat ta lain teu inget naon-naon, nepika
diciwit atawa dicabok teu karasa, saperti ceuk dina dongng,
lain kitu. Tapi khuysu th nyata ngetrukkeun sakabh
perhatian urang, anu keur sholat kana ta pagawan sholat.
Upama urang keur nyupiran, cs urang kudu sadar, yn
urang th keur nyupiran lain keur gaplh. Upama urang
leungit kasadaran nalika keur migaw hiji pagawan, geus
pasti bakal tinemu jeung kacilakaan. Malah dina ayat sjn,
kakhusyuan urang diperedih lain ba nalika urang keur sholat
wungkul, tapi diluar sholat og urang diperedih kudu khusyu.
Sakumaha pidawuh Alloh anu unggelna;
Naha acan datang waktuna pikeun jalma-jalma anu ariman
hat-hatna khusyu pikeun ling ka Alloh.
Hadirin jamaah jumah rohimaumulloh!
Ari kabagjaan anu bakal kahontal ku jalma-jalma nu
harusyu dina sholat, ta ngawengku kana kabagjaan lahir
katut batin, dunya jeung akhrat. Kabagjaan dunya,
maranhna bakal bisa ngahudangkeun dina dirina sumber
daya manusia nu utama. Nepika bisa jadi manusa anu
produktif, jalma anu bisa ngahasilkeun, lain jadi jalma anu
konsumtif, jalma nu salawasna diladangan batur. Hal ieu bisa
kaaos ku urang dina ayat saterasna tina surat al-Muminun
ayat ka 3 dugi ka 9 di luhur.
Hadirin jamaah jumah rohimakumulloh!
Golongan anu kadua, nasib jalma anu sok sholat th
nyata diancam ku kacilakaan. Sakumaha pidawuh Alloh
SWT. (QS. Al-Mauun : 4-5)
Poho, kaliru jeung salah ta mah geus jadi sifat jeung
watek manusa. Teu aya hiji og jalma nu teu kungsi poho.
Malah Nabi Muhammad ku anjeun kantos ngarandapan
kahilap. Sakumaha kasauran anjeuna;
Satemenna kaula th manusa saperti maranh. Kaula og sok
poho saperti pohona maranh. Jeung upama kaula poho, prak
ingetan ku maranh.
Hadirin jamaah jumah rohimakumulloh!
Poho nu diancam ku kacilakaan, ta lain poho dina
waktu keur sholat. Tapi poho sanggeus sholat. Upama kajadian
poho dina waktu keur sholat, nya bisa diganti ku sujud
sahwi sakumaha nu kantos karandapan ku Rosululloh SAW.
Anjeuna kantos sholat berjamaah anu kedahna mah opat
rokaat, malah mung dua rokaat. Nalika rngs sholat para
sahabat silih taros, nyirikeun aya anu bad ditaroskeun ka
Rosul, mung teu warantuneun.
Tapi aya hiji sahabat nu naroskeun ka Rosul ngeunaan
sholat anu dua rokaat, padahal kedahna mah opat rokaat.
Rosul ngawaler: Enya kaula poho! lajeng Rosul sareng para
sahabat nambahan deui dua rokaat nu kirangna, bari
dipungkas ku sujud sahwi. Pon kitu deui upama aya imam
poho anu kuduna mah tasyahud awal dina dua rokaat, ari ieu
kalahka jung nangtung, nya anu jadi mamum kudu nglingan
ku ucapan subhaanalloh!. Atawa imam poho dina maca
surat, nya mamum kudu ngabjaan, ulah ngantep. Turta si
imam og kudu beunang dibjaan, ulah noyod wa. Kitu
upama poho nalika waktu sholat.
Hadirin jamaah jumah rohimakumulloh!
Tapi upama poho sanggeus sholat, poho kana sagala rupa
anu diikrarkeun dina waktu sholat, demi sholat ta euyeub ku
jangji pasini urang ka Alloh SWT, nya anu kitu pisan nu bakal
diancam baris cilaka. Sabab poho sabada sholat ta
nuduhkeun hiji jalma nu teu boga tanggung jawab kana nu
geus diucapkeun jeung dipigawna. Dina surat al-Khasyr,
Alloh ngandika:
Jalma anu poho ka Alloh nyata jalma anu poho kana nimat ti
Alloh, sakaligus poho kana jangji anu geus dikrarkeun ku
manhna nalika sholat.
Hadirin jamaah jumah rohimakumulloh!
Kasadaran umat Islam di urang geus bisa disebutkeun
aya ronjatanana. Ti mimiti pajabat nepi ka rahayat, teu
sirikna nu getol sholat th stu teu kendat-kendat. Sok aya
kabjakeun ku media masa pajabat nu getol sholat tahajud,
getol shaum senen kemis, getol silaturrahim ka pasantrn-
pasantrn. Pikeun urang salaku rahayat nu dihandap atoh
upama para pajabat geus garetol sholat, sugan ba diturutan
ku rahayat anu balangsak bari tara sholat. Demi sagala urusan
di urang mah biasana kumaha nu di laluhur jeung kumaha
usum.
Upama anu di luhur garetol shaum senn kemis, ram
kahandap og getol shaum. Upama para pajabat loba nu
ngukut dukun, getol datang ka kuburan, nya ram di handap
og milu ngukut jeung daratang ka kuburan. Kitu watek jeung
talajak di urang mah. Mudah-mudahan ba ramna para
pajabat sarolat tahajud atawa shaum senen kemis, jeung loba
silaturrahim ka majlis talim atawa pasantrn-pasantrn th
ta lain saukur mode, lain saukur hayang nguseup sora pedah
bad mayunan pemilu atawa pemilihan umum.
Hadirin jamaah jumat rohimakumulloh!
Upama para pajabat geus getol sholat, komo mak sholat
tahajud mah, urang kudu bungah, demi sholat mibanda
tanaga pikeun ngaleungitkeun pirang-pirang kamasiatan
jeung kadorakaan. Pidawuh Alloh. Satemena sholat th bisa
negah fahsya jeung munkar.
Fahsya nyata hiji pagawan doraka anu teu bisa
dilampahkeun ku sorangan, saperti ngadu, jinah, pasa,
korupsi ngagerejud harta rahayat. Sedengkeun munkar mah
nyata kadorakaan anu bisa dipigaw ku sorangan, saperti
maling, jeung sabangsana. Pikeun ngukur nepi ka mana sholat
urang bisa mibanda kakuatan jeung henteuna, urang bisa
nempo kana euyeub jeung teu euyeubna kadorakaan
disatengahing urang.
Upama kamasiatan masih knh mahabu disatengahing
urang, saperti judi, ngadu, korupsi jeung sabangsana,
nuduhkeun yn sholat urang th teu mibanda kakuatan.
Cindekna mah acan aya hartina. Sabab sholat anu geus
ngandung harti, nyata sholat anu bisa ngaleungitkeun pirang-
pirang kamasiatan.
Hayu urang muhasabah kana diri urang sorangan. Naha
sholat urang th geus bisa nyegah kana kamasiatan. Boh
kamasiatan nu aya dina diri urang sorangan, atawa
kamasiatan anu aya di tengah-tengah masarakat. Upama
jawabanana th teu acan aya kakuatanana, nya hayu urang
sami-sami ronjatkeun. Margi, teu acan sampurna sholat urang
upama saukur menerkeun kaifiyatna wungkul tapi hapa tina
buahna.
Buah tina sholat, nyata hudang jeung ngagedurna ruh jihad
pikeun ngalawan jeung ngaleungitkeun sagala
kamasiatan.

Anda mungkin juga menyukai