Anda di halaman 1dari 2

Angklung jadi salah sahiji 46 nominasi warisan budaya tak benda

dunia

Lamun ngadangu klentringna sora awi anu disusun harmoni birama jeung tangga
nadana teras bari kadangu alunan tembang Es lilin, komo tiasa oge lagu-lagu ti kulon
sapertos "Bohemian rapsodia" pasti matak muringkak bulu punduk, matak nyurudcud
cai soca, ngarasa bangga jadi urang sunda, sok sanajan rumasa teu bisa ngajaga, boro-
boro ngaropea.

Muhun angklung teh seni asli pituin urang Sunda anu pernah di-claim nagri jiran,
Malaysia, tapi alhamdulillah kaping 16 November 2010 unesco ngaresmikeun alat
musik warisan karuhun Indonesia di bumi pasundan, Jawa Barat. Minangka "warisan
budaya takbenda Indonesia" dina Sidangna nuka-5 Komite Antar-Pamarentah dina
rangka ngaropea warisan budaya takbenda(Inter-Governmental Committee for the
Safeguarding of the Intangible Cultural Heritage (IGC-ICH) anu dialaksanakaeun di
Nairobi, Kenya, pada 16 November 2010, ngukuhkeun 46 nominasi mata budaya
takbenda ti 31 nagara, di antarana teh Angklung ti Indonesia.

Harita teh Sidang UNESCO dibuka ku Wakil Presiden Kenya, Stephen Kalonzo Musyoka
anu didampingi Direktur Jenderal UNESCO Irina Bokova sareung Dr. Jacob Ole Miaron,
Ph.D minangka chairperson (presiden persidangan) ti Kenya. Kirang langkung 460
peserta hadir minangka utusan/wawakil ti Negara-negara Pihak, juru tinjau (observers),
wawakil organisasi internasional, wawakil LSM/NGO, jeung para pakar budaya.

Angklung diponten Unesco teh ceunah, ngandung nilai-nilai dasar kerjasama, saling
ngaragangan, jeung sugih ku nilai harmoni sosial, anu jadi dentitas budaya masyarakat
Jawa Barat sareung Banten. Unesco oge nganilai angklung teh ngan ukur aya di
Indonesia, tiasa ditinggal dina catetan Prasasti Cibadak taon 1030 Masehi. Prasasti
nyatat, angklung biasana digunakeun raja Sunda Sri Jaya Bupati kanggo acara
kaagamaan.

Pangakuan Unesco teh manjangkeun kakayaan budaya warisan asli budaya Indonesia
minagka pangkuan dunya nu samemehna keris, batik jeung wayang. Departemen
Kebudayaan dan Parawisa nargetkeun 10 warisan budaya Indonesia lainna supados
diakui dunia dugi ka taun 2014.

Diasupkeunana angklung ka representative list of humanity tiasa ningkatkeun


kasadaran jatidiri urang Sunda kumaha pentingna ngamumule warisan budaya tak
benda sareung ngenalkeun nilai-nilai sabilulungan diatara masayrakat sunda anu beh
dieu beuki leungit kahalimunan ku kamajuan teknologi jeung asupna budaya barat.

Langkah-langkah pikeun ngamumule budaya bangsa teh kedah ngalibatkeun kerjasama


para seniman, pamarentah jeung mayarakat kalayan tujuan utamana ngadorong
wawasan angklung dina konteks formal jeung informal, terus dikemangkeunana karajian
angklung jeung ngarawat supaaya taneman awi teu punah minangka bahan baku keu
angklung.

Pertimbangan lain, nominasi angklung mencerminkan luasnya partisipasi komunitas


baik dalam usaha-usaha pelestarian dan dalam proses penyusunan nominasi angklung
ke UNESCO, yang dilaksanakan melalui konsultasi formal.

"Dilebetkeunana angklung minangka warisan budaya takbenda teh tiasa masihan


dampak positif kanggo upaya ngalestarikeun ditataran nasional jeung regional.
Masayrakat di Indonesia jeung nagara tatangga tiasa ninggal uapaya ngalestarikeun
anu diudkung ku Unesco anu aplikasina kumaha ngalaksnakaeun konvensi Unesco
kanggo ngalestarikeun warisan budaya tak benda." Pokna Tjetjep Suparman, Dirjen
Nilai Budaya, Seni dan Film (Ditjen NBSF) Kemenbudpar anu mimpin delegasi RI dina
sidang IGC-ICH. Delegasi RI anu ngawakilan ti unsur Kantor Menko Kesra, Dit Sosbud
OINB Kemlu, ahli budaya, KBRI Paris, jueng KBRI Nairobi.

Tjetjep Suparman mere pendapatna, disupkeunana angklung Indonesia pastina tisa


ningkatkeun katarikna para generasi muda kanggo diajar jeung mainkeun angklung di
sababraha institusi pendidikan di Indonesia jueng luar negeri, minangka wawasan nu
aya hubnganna jeung angklung teras dimumule jeung dikembangkeun .Saterusna,
tiasa kabentuk lingkungan anu kondusif anu tiasa ngadukung ngawangun karaker
bagsa, oge ruang kanggo ngembangkeun kreatifitas sababaraha komunitas nagklung.
sadayana dampak anu gadoorng ngalestarikeun jeung promosi warisan budaya
angklung.

Sakabeh upaya pamarentah Indonesia salah sawios ngawujudkeun komintment salah


sahiji anggota konvensi UNESCO dina ngamumule warisan budaya takbenda tina taun
2003 anu diratifikasi ku 132 negara, kasup indoensia anu tos ngaratifikasikeun taun
2007. konvensi unesco leuwih nekenkeun upaya ngamumule warisan bduaya tak benda
nyaeta tradisi nyarita jeung berekspresi, ritual jeung festival, karajinan leungen, musik,
tarian jeung ngagelarna seni tradisonal.