Anda di halaman 1dari 5

BIOGRAFI BASA SUNDA

Dina warsih 1998, posabtu tanggal 09 Mei, lahir saurang orok


aww. Nyaeta kuring , Ismi Aulia. Kuring nyata putri ka tilu ti
pasangan Jenal Aripin Dwiprana sareng Bu Engkoy. Bapa kuring
turunan Sunda pituin di wewengkon Garut, Jawa Barat. Ibu kuring
turunan Sunda pituin Garut. Bapa kuring didambel janteun guru
olahraga di SDN Cikedokan II, Ibu kuring oge sami guru di SDN 1
Bayongbong. Kuring ngagem ageman Islam. Sarta cicing di hiji imah
anu basajan di wewengkon Andir, Garut.
Kuring teu ka TK heula, tapi dina taun 2004 kuring asup sakola formal
cicing di kelas 1, tempatna nyaeta di SDN Cikedokan III. Ti leutik,
kuring resep kanu ngarana olahraga, salahsahijina badminton.Bapa
kuring osok ngalatih kuring badminton, nepi ka kuring bisa. Gumbira
rasana lamun keur dilatih ku bapa kuring. Walau cape oge. Sawaktu
SD, kuring sok ngiluan lomba-lomba nu di ayakeun ku sakola tiap taun,
nyaeta SPKS Badminton. Alhamdulilah kuring kenging juara, nyaeta
pas kelas 3 juara 2, kelas 4 juara 2, kelas 5 juara 3. Nepi ka lulus SD,
kuring masihsok badminton keneh.
Warsih 2010, kuring lulus SD sarta nuluykeun ka SMP 1
Bayongbong. Sawaktu kelas 1 SMP, kuring ngiluan ekstrakulikuler
badminton jeung paskibra nu diayakeun ti sakola.Kuring pernah tilu kali
ngiluan lomba paskibra. Nu ka hiji di PPI Garut tapi teu meunang juara,
nu ka dua lomba di SMAN 19 Garut, ti sakola kuring ngirimkeun dua
pasukan, tapi ngan pasukan hiji nu meunangna, tuluy kuring ngiluan
deui lomba di PPI Garut, alhamdulilah menang juara ka tilu mah.
Sanggeus ta kuring nuluykeun ka SMAN 19 Garut. Nyaeta sakola
kuring ayeuna. Kuring cicing di kelas X-1.Di SMA, kuring nuturkeun
kagiatan ekstrakurikuler Paskibra. Kusabab geus ngadarah daging.
Kuring sakola didieu loba harapannana, kuring hayang jadi jalma nu
bener, pinter tur bisa ngabahagiakeun kolot.
Dina taun 1994, dinten salasa kaping 19 April salah saurang istri anu nuju ngandung salapan
bulan saparantos anjeunna masak patuanganna musial hante raraos, tos kitu anjeunna wawartos
ka mitohana. Teu lami tos kitu mitohana langsung nyauran paraji. Teras paraji dongkap, paraji
nyaur yen istri eta bade ngalahirkeun. Tabuh 10.39 wanci pecat sawed istri eta ahirna
ngababarkeun saurang anak istri anu ku carogena dinamian Ai Nyimas Fitriah.

Anak istri anu namina Ai Nyimas Fitriah nyaeta abdi. Abdi nyaeta putra bungsu ti pasangan laki
rabi anu namina Udin Joharudin jeung Ihah Solihah. Kalahiran abdi mangrupakeun kalahiran anu
pang diantos-antosna kusabab abdi benten sapuluh taun ti pun raka.

Saparantos abdi lahir, pun ibu masihan ASI sareng tuangeun anu ngandung gizi. Mangsa abdi
umur 3 bulan abdi diajar ngorondang ku pun ibu, pun bapa, sareng wargi-wargi anu caket. Umur
12 bulan abdi diajar mapah, diajar nyaur nyebat sasauran anu saderhana sapartos mamah, bapa,
aa jeung salainna.

Ti mulai umur sataun abdi sering ameng sareng rerencangan. Amengna sok bobonekaan,
dadagangan ku teneh, babajuan, susumputan, jeung anu sanesna.

Umur 6 taun abdi disakolakeun di SDN Banjaransari III ti taun 2000-2006. Mangsa abdi nuju SD
abdi kalebet anak cicingan sareng isinan pisan. Salami sataun di kelas hiji abdi sadidintenna sok
dianterkeun ku pun ibu atanapi ku pun bapa. Prestasi abdi mangsa SD ngan pernah juara kalima
mangsa kelas II SD sareng juara katujuh mangsa kelas V SD. Salain sakola abdi oge lebet ka
Pondok Pasantern Asy-Ariyah anu ngaosna ti mulai tabuh 03.00 sonten dugi ka tabuh 05.00
sonten.

Saparantos lulus SD, abdi ngalajeungkeun sakola ka SMPN 2 Cikijing ti taun 2006-2009. Salami
SMP abdi mulai aya kanaikan tina hal prestasi ti mulai kelas VIIE semester II abdi pernah juara
katilu, kelas VIIID semester I juara kadua, kelas VIIID semester II juara katilu, jeung kelas IXE
semester I juara kaopat. Mangsa kelas IX nyaeta mangsa-mangsa anu paling deg-degan kusabab
kelas IX mangrupakeun panentuan lulus hanteuna. Dina mangsa eta abdi giat diajar kangge
nyiapkeun Ujian Nasional. Mangsa dibagikeun amplop kelulusan, abdi narima amplop, bari hate
deg-degan abdi muka eusi amplop eta.
Alhamdulilah pas dibuka eusi amplop eta nerangkeun yen abdi lulus. Abdi langsung sujud
syukur ka Allah SWT sareng ngagabrug ka rerencangan.

Lulus SMP abdi daftar janten siswa anyar di SMAN 1 Talaga, tanggal 4 juli 2009 abdi narima
surat yen abdi ditarima di SMAN 1 Talaga. Tanggal 13 Juli 2009 abdi ngiringan MOS (Masa
Orientasi Sekolah) anu kedah ngangge acuk seragam SMP, make topi tina wadah sangu, make
benten tina tali rapia, make selendang tina waring sapertos putri Indonesia, poko na mah
panampilanna pikaseurieun.

Di SMA abdi lebet di kelas X-2, anu kasebatna mah kelas unggulan. Prestasi di kelas X dina
semester I abdi tiasa juara katilu teras dina semester II na abdi tiasa juara kadua. Mangsa kelas X
oge abdi tiasa ngiringan olimpiade tingkat Kabupaten sareng tingkat provinsi dina widang
geoscience/ilmu kebumian.

Kelas XI abdi milih jurusan ipa, lebet ka kelas XI IPA 3. di kelas XI ieu abdi ngan tiasa juara
kaopat di semester I.

Di SMA abdi icikibung dina kaorganisasian PMR jeung DKM. Alasan abdi ngiring PMR nyaeta
kusabab abdi hoyong terang sareng hoyong diajar kumaha cara-cara nolongan jalema anu nuju
sakit atanapi anu butuh portolongan. Sedengkeun alasan abdi ngringan DKM nyaeta kusabab
abdi hoyong lewih neleuman agama Islam, salain ti eta seur elmu-elmu agama islam anu
parantos abdi terang ti para ustadz sareng ustadzah di DKM.

Ti keur alit abdi resep maen boneka-bonekaan anu boneka na Barbie. Pun bapa sering
mangmeserkeun boneka Barbie sareng alat-alat bumina. Biasa na abdi maen bobonekaan bisa
dugi kasapopoe sareng rerencangan. Karesep abdi maen boneka-bonekaan dugi ka kelas 2 SMP.
Salain bobonekaan abdi oge resep ngumpulkeun gambar-gambar bumi, interior bumi, jeung
gambar raksukan. Abdi pangsieunna ku badut kusabab dangdananna pikasieuneun. Abdi
mangrupakeun tipe anak anu rada sesah caket sareng jalmi-jalmi anu anyar.

Pangajen (panghargaan) anu kungsi ditarima ku abdi nyaeta piagam penghargaan juara III
Olimpiade Sains Nasional (OSN) widang Geoscience/Ilme Kebumian tingkat Kabupaten
Majalengka taun 2010 ti Bupati Majalengka, piagam penghargaan ngiringan seleksi tingkat
provinsi Olimpiade Sains kebumian jeung Geografi sa-pulau Jawa anu di laksanakeun tanggal 16
Mei 2010 ti Badan Geologi, Kementrian Energi jeung Sumber Daya Mineral, jeung sertifikat
peserta Olimpiade Sains Nasional (OSN) widang Geoscience/Ilme Kebumian tingkat provinsi
tanggal 02 Juni 2010 ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Fuad lahir di Cimahi, 8 Mei 1997. Ngaran lengkapna Fuad Hasan. Fuad miboga sodara 2, nyaeta
Faris Hamzah (24) sareng Lukman Hakim (20). Sakaluarga Fuad teh lahir di Purbalingga, Jawa
Tengah. Kacuali Fuad (cimahi) sareng Bapana (Jepara). anak Bungsu. Umur Fuad ayeuna 15
Taun.

Fuad mimiti sakola nyaeta pas taun 2002 nepika 2003 di TK Namira. Terus Dilanjutkeun
ka SDs Budhi Luhur taun 2003 nepika 2008. Fuad kabiasaana maen bal jeung babaturanna.
Salain eta Fuad osok maen BMX jeung kaka na nu kadua. Nepika labuh sampe kulit tulang
keringna robek.

Di Taun 2009 Fuad asup ka Sakola SMPN 9 Cimahi, didinya Fuad asup ka Kelas 7B, 8A,
sareng 9G. Di Smpn 9 Cimahi Fuad Ngiluan loba Ekstrakulikuler, nyaeta Futsal, Bal, Voli, jeung
sajabanna. Tapi nu disariuskeun ngan Futsal wungkul.

Pas Aya seleksi tim Futsal Smpn9 Cmh jadina Kapilih. Ngan prestasina kirang.

Nincak ka taun 2012 Fuad Hasan ngalaksanakeun Ujian Nasional (UN) di Smpn 9
Cimahi, didinya teh Fuad Lulus, neruskeun ka SMAN 3 CIMAHI. Di MOPD Fuad asup ka
kelompok (kelas) X-1 alias Rock n Roll.

Kelas eta teh pang kompakna, hasilna Kelas Rock n Roll nyabet kabeh gelar lomba
kakompakan, keramean, jsb nepika aya 5 hasilna.

Geus selesai MOPD Fuad Asup ka Kelas X-3, didinya Fuad ngilu maen Futsal di X-3. Aya
Lomba Futsal antar Kelas X di Sman 3 Cimahi X-3 Teh Juara, Fuad didinya dijadikeun Kiper.
Fuad Ge baheula pas SD kelas 6 pernah Juara Lomba Cerdas Cermat bergengsi.
Ekstrakulikuler nu di seriusan ku Fuad ayeuna nyaeta Divisi ICT, kusabab Fuad leuwih lancar
ngeunaan computer.

Anda mungkin juga menyukai