Anda di halaman 1dari 2

Soekarno & KAA

Knging Abdullah Mustappa

Sanggeus 60 taun, rada dienyakeun sigana mah miling Konfrnsi Asia Afrika taun
ieu th. Lumangsungna di Jakarta jeung di Bandung. Di Jakarta konfrnsina di Bandung
mah mulangkeun panineunganana. Nu matak Bandung g dibebenah, babakuna mah di
sabudeureun Gedung Merdka.
Nya di dinya, 60 taun ka tukang, para pamingpin ti nagara-nagara di Asia jeung di
Afrika ngahaja jauh-jauh daratang ka Bandung pikeun baradami. Nagara-nagara anu alanyar
merdka th ngarasa sanasib, nya babarengan ngabadamikeun pikahareupeunana. Dasasila
Bandung, minangka kasapukan KAA, ayeuna mah geus jadi dokumn anu ngan perlu dibaca
deui sakali-kalieun.
Sedengkeun harita, 60 taun ka tukang ta, Soekarno diajnan ku sarra. Moal
daratang para pamingpin ti nagara-nagara Asia jeung Afrika anu alanyar merdka th, lamun
maranhna henteu sapuk yn kudu sapamadegan. Mungguh harita, Perang Dunya nu kadua
kakara anggeus. Tapi Uni Soviet (katut balad-baladna papada nagara komunis) jeung
Amrika Serikat (jeung sekutuna anu anti komunis) langsung adu hareupan. Maranhna anu
nyekel kakuatan, boh konomi, boh pulitik kitu deui militr. Hayangna mah saalam dunya th
ngan dibagi dua ku maranhna.
Nu ngaranna Republik Indonsia harita, umurna kakara 10 taun. Nagara nu salila-lila
dijajah ku Walanda jeung ku Jepang th keur mimiti bebenah. Mun dibandingkeung jeung
Uni Soviet atawa AS, RI th jauh tangh. Kitu deui nagara-nagara sjn, boh di Asia boh di
Afrika, anu kakara merdka. Bari jeung apan terus dihihileudan ku urut penjajahna.
Ari Soekarno, Nehru, Nasser, Zhou Enlai, kitu deui umumna para pamingpin nagara anu
sjnna, digedkeunana th dina alam perjoangan. Merjoangkeun kamerdkaan bangsana. Ari
anu jadi modal utamana, sumanget, anu euweuh eureunna terus ditpakeun ka bangsana.
Lamun dibabandingkeun jeung ayeuna, sanggeus liwat 60 taun lilana, sigana nya
sumangetna ta anu geus dipopohokeun th. Bandingkeun w sumanget para pamingpin dina
taun 1955 jeung para pamingpin ayeuna, taun 2015. KAA 1955 th pilar sukssna diplomasi
RI, anu tacan aya babandinganana, nepi ka ayeuna. Harita aya kasadaran nempatkeun posisi
RI dina hirup kumbuh internasional sangkan bisa diajnan malah dipikasrab.
India jeung RRT, meureun bisa dipak babandingan. Harita, Nehru jeung Zhou Enlai
th daratang ka Bandung, milu ngarumuskeun Dasasila Bandung. Ayeuna, sanggeus 60 taun
ta, boh RRT boh India, ayana geus di ditu, di hareup. Malah, urang, Republik Indonsia,
tinggaleunana rada jauh. Ayeuna mah apan mun nyaritakeun naon ba anu aya patalina jeung
kamajuan jaman, urang th sakecap kadua cina. Sagala rupa kaperluan sapopo, urang th
gumantung pisan ka Tiongkok.
India, sanajan henteu ngabelesat saperti RRT, tapi sarua, ayana di hareupeun urang.
Taya salahna, lamun dina kasempetan miling KAA anu ka-60 ayeuna, soal ta th dipikiran,
babakuna ku para pamingpin anu ayeuna keur boga kasempetan pikeun ngurus nagara jeung
bangsa. Naon sababna urang tinggaleun?
Waktu Soekarno diruntagkeun tina kakawasaan, nu jadi alesanana th lantaran geus mawa
bangsa jeung nagara kana jalan anu salah. Minangka tarkah pikeun memenerna, nya setir th
dipngkolkeun. Tapi naha geuning Suharto th ahir-ahirna mah diruntagkeun og? Naha
Suharto g geus mawa bangsa kana jalan anu salah deuih? Sabada Suharto, kumaha?
Aya anu ngaranna otokritik. Ngiritik diri sorangan. Salasahiji anu harita ditabeuh,
waktu Soekarno dirurud tina kakawasaanana, nyata hutang luar negri anu ged. Basa
kakawasaan Suharto runtag, hutang bangsa Indonsia th kalah leuwih ged. Malah aya
tambahna, korupsi mahabu di mana-mana. Ayeuna, sanggeus ganti pamarntahan sababaraha
kali, hutang th tambah ged deui. Ari korupsi, beuki mahabu deuih. Malah aya mbohna,
nurutkeun Wakil Presidn Jusuf Kalla, sumber minyak di urang bakal bak dina waktu 30
taun.
Ngan nysa 30 tauneun deui nya? Atuh ta mah moal lila deui. Mangkaning hutang
sakitu gedna. Mangkaning korupsi sakitu meuweuhna.
Pikeun urang ayeuna, KAA th geus jadi sajarah. Kitu deui Soekarno. Kitu deui
Suharto. Naha ta sajarah th aya knh hargana, atawa pulungeunana? Atawa mending
knh dipopohokeun lantaran dianggap teu penting?
Di batur g, boh Nehru boh Zhou Enlai, sarua, geus jadi sajarah pikeun bangsana
masing-masing. Naha maranhna geus dipopohokeun ku bangsana sorangan? ***

Anda mungkin juga menyukai