Anda di halaman 1dari 3

TUGAS MATEMATIKA

LIMIT

Nama : Susanti
Kelas : X
Kejadian teu disangka sangka
Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, abdi ngapalkeun.
Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di
sakola. Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka
bumi amangna, margi bade sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga
mios ka bumi amangna, iwal abdi sorangan. Soalna, saupami ngiring,
tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-enjing pisan
kedah tos ka sakola.

Wengi eta abdi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo
enjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh
asa gampil nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan.

Tabuh 06.00 WIB pas, abdi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi
PR anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun
naha aya ulangan henteuna. abdi yakin yen dinten harita mah moal aya
ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari ngantos bel disada.

Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet
ka kelasna sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika.
Bapa Eki guruna teh. Barudak simpe, margi Bu Adel tos lebet ka kelas.
Wilujeng enjing Bu!

Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan! saur Bu Adel.

Haaahh, pan teu diwartosan Bu, dinten ieu ulangan! barudak reuwas bari
protes.

Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan


matematika. Soalna mah teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap
dua lambar. Tegang, deg-degan, stress campur jadi hiji.

Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi
wengi tos dipelajari, nuhun gusti gerentes hate abdi.

Ketatna Bu Adel dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan.


Teet...teet...teet sora bel disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak
pasrah iwal ti Abdi, kertas ulangan dadakan dikempelkeun.
Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi
kacida reuwas nembe dugi kasakola, Alhamdulillah abdi kenging nilai nu sae.

Anda mungkin juga menyukai