Jelajahi eBook
Kategori
Jelajahi Buku audio
Kategori
Jelajahi Majalah
Kategori
Jelajahi Dokumen
Kategori
PATURAI TINEUNG
DISUSUN KU:
Ai Sopiah
XIIA
PANGJAJAP
Pihatur nu ngarang
di anggo sadidinten
Bismillahirohmanirrohim.
Bapa Pupuhu MA Bojongjati anu mulya, ibu miwah bapa
guru anu ku sim kuring dipihormat. Parasiswa rerencangan
simkuring anu sami-sami hadir dina ieu acara.
Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda
sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik,
ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya
dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu
kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung
sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng Ibu guru teh
sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu
janten muridna. Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci
nu mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana
waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di
sakolah dasar kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina
kasuksesan, ku kituna sim kuring sabadana, mengingat,
menimbang sareng memutuskan yen pada putra putri Bapak ibu
sadaya dinyatakan LULUS 100 %.
Para Ibu Bapak sadayana kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak
Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui
pala putra putri Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut, di
handap sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar,
ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, bobodoran,
kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga nyanggakeun.
Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja
neungteuk ranggeuy, nilas manggaran mungkasna mangsa
diajar di sakola dasar, supados ngajirim eusi, subaya mibanda
nyata, taya deui bahasa anu utama, iwal ti sisng lantip budi,
hade tata, hade basa sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira, sing
nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka sasama, ka kadang
warga, ka masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng agama.
Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu
Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak
nyanggakeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui
sumangga nyanggakeun.
Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda
jembar hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak
tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa
basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu,
tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur
silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.
Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan
sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus
ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala
gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna,
bagja dunya rawuh akheratna.