Anda di halaman 1dari 8

Carpon Dadi Margana

Korupsi Mah Tos Biasa

Meunang bja Bupati Emuh di twak KPK tadi subuh, sammh

solat ! Bjana ngaliwatan s m s ti Gofar. Katangen Inyana ngirim s m s-na

kacatet dina Hp jam dua welas peuting. Kakara kabuka jam setengah lima

subuh ! Ban kitu og kagareuwahkeun ku alarm Hp, anu jengr ninitah hudang.

Brs solat subuh nu karasa asa teu husu kagoda ku pikiran cus-cos

inget wa ka Kang Emuh ! Kuring maksakeun nelepon langsung ka jinisna.

Nyamos, Hp-na teu diaktifkeun ! Nelepon ka Gofar sarua teu nyambung.

Pastina og Gofar bakal jadi hs ditelepon. Kacipta mereunan manhna milu

sibuk cuh-cih marengan Kang Emuh nu keur meunang musibat. Kuring nyaho

kumaha blana Gofar ka Kang Emuh ! Ti mimiti salaki kapi lanceuk, nyatana

Kang Emuh dijadikeun bakal calon nepikeun ka kabiruyungan kapilih jadi

Bupati. Gofar kalayan satia paeh poso merjuangkeunana. Ladangna teu

gaplah, sabata teu mangkuk sataun satutasna Kang Emuh jeneng Bupati, Gofar

mah geus geugeuleuyeungan dina Fortuner weuteuh.

Kajudi lamun Hp-na Gofar teu diaktipkeun ! da meureun bakal krung-

kring wartawan media narelepon ka manhna nalngtng ngeunaan kasus nu

ngabeungbeuratan Kang Emuh. Sageuy lamun dianggap leuwih ti nyaho atawa

boa wartawan mah nganggapna Gofar sailon.

Ka tilu kalian nyobaan nelepon Ceu Imas. Nyambung jeung anu ieu

mah. Tapi asa teu paruguh teteleponan th ! Obrolan loba kateugna, asa loba

ngadngkeun ceurikna kapilanceuk tibatan sora obrolanna. Telepon

ditutupkeun ! Ka teu ari- ari nelepon jeung anu keur bangreung kitu.
Carpon Dadi Margana

Kasebut aww anu keuna ku babasan heureut deuleu pondok

lengkah. Salaki dituduh jadi sakitan ngan ukur bisa lwh, samarukna ku

ngaluarkeun cimata sagala rupa pasualaan bakal brs. Teu ngabibisani

ktang ! Ceu Imas, putrana Ua Rahli ti Gandrung ngarasa reuwas, hareneg

jeung sedih bakal pagalo, ngadeng ingkang caroge katuduh korupsi. Kecap

korupsi anu ceuk ukuran kulawarga kuring mah kacida nista jeung hinana.

Saliwat Ceu Imas ngbrhkeun kahariwangna lamun ta mah bener salakina

kabaud kana kasus korupsi. Kakawasaan jeung pangkat salakina anu salila ieu

nakeun harkat darajat kulawarga, tinangtu bakal ngurangan anu teu mustahil

musna sama sakali. Pangkat anu digunakeun keur kapentingan korupsi, ana dina

kapanggihna ngan ukur mawa panyecelh jeung panghina ti jalma ra.

Nepi ka jam genep isuk-isuk, encan meunang katerangan anu jentr.

Kajurung panasaran ngorlng ka parapatan megat tukang koran. Ngahaja meuli

koran th sabebedan. Tina sakitu jumlah koran anu dibeuli, aya tilu koran anu

hiji koran lokal, dua deui mah koran nasional ngamuat warta ngeunaan

ditangkepna Bupati Emuh.

Nurutkeun warta tina ta koran, tadi jam dua belas peuting Bupati

Emuh kacerek deleg ku KPK. Ngaliwatana ajudana inyana mikeun duit

panyogok ka jaksa nu nungtut perkara.

Keur nengetan warta saterusna, teu kanyahoan pamajikan

ngagareuwahkeun.

Iyeuh..manhna ! naha moal nganteurkeun budak ? Si Opik-

na mah geus saged di saragem ti tadi mula.


Carpon Dadi Margana

Teuing asa hoream rk indit-inditan th, puguh meunang bja

piteugeunaheun,

Baruk.naha bja naon kitu ?

Kang Emuh ditangkep KPK, tah baca tina koran ieu !

Ceg Pamajikan ngarongkong koran anu dituduhkeun ciknh, terus

nelek-nelek warta ngeunaan Kang Emuh nu keuna ku Operasi Tangkap

Tangan KPK.

Mangkarunyakeun puguh g, Ceu Imas pastina og geus nyahoeun

meureun nya ?!

Enya, enggeus !

Urang ka Barukai atuh Kang meungpeung isuk knh, piraku dulur

meunang musibah teu nempo mah ? Barukai th lemburna Ceu Imas

Satutasna nganteurkeun jajap anu jadi anak ka sakola, biur kuring

jeung pamajikan ngajugjug ka lembur Barukai. Kasampak di buruan imah Ceu

Imas geus ra smah. Ngan pribumina mah suwung, malah panto imahna g jiga

anu di gembok. Kuring jeung pamajikan ukur cingharintul hulang-huleng teu

puguh pipeutaeun. Ku kebeneran aya lalaki tengah tuwuh nyampeurkeun, Kang

Eman kapidulur knh ! Manhna ngadeukeutan huruwas-harewos ngabejaan,

Ceu Imas mah ayeuna th keur di imahna Wa Rahli. Inditna tadi subuh

nyingkahan wartawan anu mimiti ngabrul maluruh kaayaan kulawarga Kang

Emuh ayeuna.

Brs nganuhunkeun ka Kang Eman, laju ngajugjug imahna Wa Rahli

di Gandrung. Enya aya Ceu Imas th didinya, malah Gofur g kasampak.


Carpon Dadi Margana

Sabada uluk salam, teu talangk kuring jeung pamajikan munjungan

ka anu araya didinya.

Meunang musibah lanceuk manh th sujang ! Wa Rahli

ngabageakeun ku omongan anu geus kajudi ti anggalna knh og.

Muhun Ua, sing salabar wa,

Teraskeun wa Ua babadantenana ulah kaganggu ku kadongkapan

abdi. Kuring nyusul tepus omongan tiheula sabab riungan jadi simp.

Baeu atuh ! Sukur hidep datang ka imah ua, nambah reugreug loba

batur pakumaha. Tadi Gofar geus nyebutkeun, kakara bisa besuk minggu

hareup ! Saterusna urang th cenah keur saheulaanan mah tenang-tenang wa.

Ngan ari keur kulawarga ua mah rk kumaha bisana tenang.

Enya ti tatadi ngomong th ngan tenang-tenang wa Gofar mah, teu

ngarasakeun pisan. Euceu moal nangan paneumbleuhan, kusabab salila ieu

Gofar anu mimindengna gaganttan jeung Kang Emuh. Naha lain lingan atuh

basa Kang Emuh salah th. Ceu Imas mani nengtrwelang mnta tanggung

jawab ka Gofar. Mufakat pisan jeung hat ! Babarengan th ulah ukur keur

genahna wa. Ayeuna Gofar kudu nembongkeun bblana ka dunungan anu keur

nandangan kasusah.

Sanajan teu di sungkeun ku Euceu, geus sawajibna kuring nulungan

Kang Emuh. Peuting g sabrsna ti kantor KPK, kuring terus nepungan

Ketua Party. Inyana nyanggupan moal cicingeun rk mlaan Kang Emuh.

Tah kitu Ceu, ngan ari sual nglingan Kang Emuh mah kuring teu boga

kawenangan, sabab ta mah urusan pulitik, ari pulitik ta..


Carpon Dadi Margana

Heup.heup ! rk pulutak rk pulitik eceu mah teu perlu nyaho.

Rumasa euceu mah jelema bodo taya kanyaho. Anu aya dina uteuk euceu lamun

enya Gofar sakirana bela ka Kang Emuh, tangtuna og moal kabuktian

korupsi jiga ayeuna.

Istighfar Imas ! Urang kudu sadar kana milik diri, kulak canggeum

bagja awak. Ayeuna mah da geus kieu kabuktian. Urang ngadoa bae mudah-

mudahan naon-naon anu dituduhkeun ka Muhtar th nyalahan. Kang Barnas,

Putra Ua Rahli anu cikal meper amarah adina.

Keur sa-kuringeun mah jigana bisa wa narima kana takdir anu

ayeuna tumiba ka kulawarga. Anu ngaririwaan wa th kumaha engkna nasib

pikahareupeun barudak. Saprak ngadeng bapana di twak KPK, gawna ngan

luh-lah ba. Nu panggedna mah malah ngancam rk kaluar sakolana og.

Majarkeun th ra cenah boga bapa koruptor, Kakara kasawang. Lamun ta

mah nepi ka tulusna Kang Emuh di bui, kumaha nasibna anu jadi alo.

Maranhna tangtu bakal gejed ngalngkah, moal sabbas jiga mmhna. Bakal

mindeng kabeungbeuratan ku kecap : Anak koruptor, naon beunghar g ladang

korupsi, naon bapana og di penjara, jeung ra-ra deui omongan jelema anu

matak pikanyeurieun hat.

Ti heula og teu pati atoh Kang Emuh dijenengkeun Bupati th, geus

loba conto jaman ayeuna mah kabjakeun pejabat tikosewad unggah

balewatangan. Dngkeun Gofar ! Lamun Kang Emuh teu di ojok-ojok jadi

Bupati ku manh, meureun moal kieu nasib kulawarga kuring th ! Ceu Imas

nyeuneu deui bari tutunjuk ka Gofar.


Carpon Dadi Margana

Eheh, eling Masitoh ! Tong neugtreug kitu, cing inget kana tujuan

mimiti, ayeuna ngariung th lain rk silih salahkeun. Tapi nangan cara pikeun

ngungkulan masalah anu tumiba ka kulawarga urang. Can tangtu deui Muhtar

th salah : boa aya anu mitenah, salah nwak, atawa batur nu salahna. Encan

aya putusan ti pangadilan mah can tangtu salah ! Wa Rahli kacida benduna

ka Ceu Imas, katangn nyebutna og ngaran anu sabenerna.

Ceu Imas teu nembalan dikitukeun ku bapana th, beungeutna

bereubeu nahan piceurikeun. Kuring hideng noel ka pamajikan. Pamajikan

surti jung cengkat ngalelemu Ceu Imas, saterusna dicengkatkeun di ajakan ka

pangkng.

Saditinggalkeun Ku Ceu Imas. Gofar neruskeun deui cacarita :

Sakaterang, biasana Ketua Party ngayakeun sawala anu diluuhan sakumna

pupuhu party saterusna nangan cara sangkan caina hrang laukna beunang.

Tina babadamian tadi peuting mah isuk jam sapuluhan di Jakarta rk diayakeun

gempungan tokoh party ngabahas masalah Kang Muhtar. Kuring og tangtu

ngahadiran, hayang nyaho bul hideungna,

Sarerea unggut-unggutan ngabandungan omongan Gofar. Nyaan pedor

Gofar mah, sakitu mentas dicarekan ku Ceu Imas dihareupeun jalma ra, ih da

teu rongrt-rongrt ! Roman beungeutna tetep ayem nyaritana tatag.

Tangtuna og salaku politisi manhna mah geus mindeng nyanghareupan situasi

samodel kitu th.

Malahan kuring yakin, ti ayeuna oge lobi-lobi ti party mah geus

mimiti dijalankeun. Bur-ber aya anu ditugaskeun ka KPK, Awak Media,

Kepolisian atawa ka Kejaksaan. Gofar neruskeun deui caritana. Paingan loba


Carpon Dadi Margana

di wartakeun koruptor anu geus jadi tersangka sok barisa bbas tina dakwaan,

da meureun sakti ngalobina.

Sapok-pokeun rk ngilu nyarita, teu kuhanteu ti jero enggon kadeng

ceurikna Ceu Imas narikan, tayohna mah kasuat-suat deui meureun. Atuh

obrolan th kandeg saharita. Eukeur mah kaganggu ku Ibu-ibu anu cing torojol

ti dapur.

Kang Barnas nol ka kuring ngajak pindah ka tras imah, karrt ku

juru panon Gofar og ngilu nuturkeun.

Jang, akang mah palaur kababawa w, mangkaning nya rumasa

mindeng kaceprtan. Sanggeus mernahkeun diuk Kang Barnas ngamimitian

cumarita.

Tamaha bongan akang atuh, kuring mah pan geus ngawawadian ti

anggalna og, tong haripeut teuing !

Ari Kang Barnas naha sieun-sieun teuing, korupsi di jaman ayeuna

mah tos biasa. Gofar ngilu nimbrung

Kumaha baruk geus biasa ?!

Sok mamandaluan akang mah, dina tivi, dina koran loba berita

ngeunaan pejabat anu korupsi. Pejabat korupsi tos sanes aeb deui kang,

parantos lumbrah, prah di unggal daerah ! Dipikir aya benerna omongan

Gofar th, di ditu-didieu anu korupsi mahabu antukna anu ngalakukeun

korupsi teu boga kara sabab geus ngarasa biasa ta.


Carpon Dadi Margana

Anda mungkin juga menyukai