Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh

Puji sinareng sukur mangga urang sanggakeun kahadirat gusti nu maha suci ku lungsurna
rahmat sareung kurnia anjeuna dina dinteun ieu urang tiasa pateupung lawung paamprok
jonghok dina acara paturay tineung tkit husnul khotimah !
Langkung tipayun sim kuring ngaharturkeun nuhun ka rerencangan walimurid anu parantos
maparin kapercanteunan ka sim kuring kanggo ngadugikeun kereteg ati minangka wawakil ti
wali murid. Teu hilap deuih sim ku ring oge ngahaturkeun nuhun ka panata calagara anu
parantos maparin ka sempetan ka sim kuring kanggo sasangem dina ieu acara.
Para hadirin hormateun sim kuring
mungguh ari waktos teu karaos nyerelek na teh asa kamari murangkalih sim kuring
saparakanca lebet janteun murid di ieu sakola .ayeuna tos keudah ngantunkeun deui ieu
sakola padahal sa tahun atanapi dua tahun teh sanes waktos anu sakedap. Sasareungan
diaping sareung dijaring ku ibu guru didieu 1 tahun murangkalih sim kuring saparakanca
dipaparin rupi rupi elmu sareung kaparigeulan pibeukeuleun murangkalih sim kuring sa
parakanca kanggo neraskeun sakola ka tingkat anu langkung lu hur
kiwari cunduk kana waktu ninggang kana mangsa urang kedah papisah aya kabingah sareng
ka sedih gumulung jadi hiji bingahna sim kuring saparakanca tos tiasa lulus di ajar di ieu tkit
husnul khotimah. Ari sedihna sim kuring sapara kanca kedah ngantunkeun ieu sakola
abotna mah kalangkung langkung kedah ngantunkeun ieu sakola teh, namung kumaha atuh
da murangkalih sim kuring saparakanca kedah neraskeun deui ka sakola nu langkung luhur .
Ku margi kitu neda piduana kasadayana supados murangkalih sim kuring saparakanca tiasa
ngahontal citacita sareng tiasa babakti kalemah cai bangsa sareng agama
rumaos salami murangkalih sim kuring saparakanca sakola didieu seeur pisan kaleupatan
malih seuring matak repot sareung jengkel ibu guru kukituna sim kuring atasnami wali murid
saparakanca neda dihapunteun. Sawangsulna sim kuring saparakanca henteu tiasa males kana
kasaean ibu guru. Mugia gusti allah maparin ganjaran anu satimpal kana kasaean ibu guru
sadayana .
Teu hilap ka adi adi kelas hapunteun murangkalih abdi miwah murangkalih rerencangan
upami salami urang sasarengan seer kalepatan boh anu karaos boh anu henteu karaos oge
ngahapunteun kana kaleupatan adi adi sadayana. .para hadirin hormateun sim kuring
seeur panineungan endah salami murangkalih sim kuring saparakanca nyuprih elmu di ieu
sakola panineungan anu baris teteup nganteung keun rasa sareung hate murangkalih sim
kuring saparakanca sanaos urang tos paanggang.
Rupina sakitu pasanggeum ti sim kuring minangka wawakil ti wali murid hapunteun bilih aya
cariosan anu kirang merenah matak resag kana manah .
Akhirul kalam wabillahi taufiq walhidayyah wassalamualaikum warroh matullohi
wabarokatuh

Anda mungkin juga menyukai