Anda di halaman 1dari 3

A.

Dongeng Mite

Ratu Inten Dwata

Seueur nu nganggap yn carios Ratu Inten Dwata th mung saukur dongngan legnda
wungkul, margi taya buktos nu pasti atanapi data mpiris nu leres-leres tiasa dipercanten.
Sanaos kitu, carios Ratu Inten Dwata masih tetep ngarupikeun dongng karuhun nu masih
dipercanten ayana, utamina ku masarakat Tarogong, Garut, salaku carita sasakala karuhun
karajaan Timbanganten.

Taun 50-an pribados kantos ngahaja ngadongkapan ka sababaraha situs nu dianggap patilasan
karajaan Timbanganten. Di antawisna lokasi Korobokan, Cipanas, sareng Gunung Putri.
Hanjakalna, maksad ngajugjug ka puncak gunung Guntur mah teu laksana, jalaran kaayaan
kaamanan waktos harita pikarisieun, ku mahabuna gorombolan.

Waktos ngajugjug ka lokasi Korobokan teu tebih ti kacamatan Tarogong kiwari, taun 50-an
mah masih knh aya seueur gundukan batu. Katingal pabalatakna gundukan babatuan,
sapertos patilasan bangunan lami. Sabudeureunnana seueur kakaian sarupaning tatangkalan
arageung, pacampur jeung eurih. Oge aya sababaraha kuburan lami nu teu kapiara, pating
solengkrah. ta lokasi th aya dina pasir luhur bukit alit. Leumpang ka punclutna th asa cap
da nanjak.

Cenah di ta lokasi th aya dugaan patilasan karajaan Timbanganten. Nanging upami urang
kadinya waktos ayeuna tahun 2008 mah, eta situs teh tos moal katingal deui. Nu aya mah
seueur bangunan enggal diantawisna bangunan sakola sareng bumi-bumi mani pasedek-
sedek. Teu kapendak deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi diduga patilasan
karajaan Timbanganten.

Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wetan sareng kidul, plung plong
pikawaaseun. Palih wetan, dihandap teu tebih, katingal atra pamandian Cipanas, rada tebihan
wetaneunana muncunguk kacamatan Tarogong. Palih kidul rada tebih, nanging eces katingal
bumi-bumi, bangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang ieu tempat teh
taya sanes dalah situs patilasan kanjeng Ratu Inten Dewata nu kantos ngababakan di ieu
tempat.

Karajaan Timbanganten teh sakawitna puseur dayeuhna teh di Korobokan, lajeng ngalih ka
Tarogong saparantosna gunung Guntur bitu. Karajaan Timbanganten kalebet nagara madeg
mandiri, hartina teu kaereh/kajajah ku nagara deungeun. Tanahna subur makmur gemah ripah
lohjinawi, murah sandang murah pangan, rea ketan rea keton. Sepi paling towong rampog teh
lain ukur ngan babasan. Rajana katelah Rangga Lawe, hiji raja nu adil palamarta, gede
wibawa tur dipikacinta ku rahayatna.

Saleresna nu kedah nyekel kadali pamarentahan teh sanes Rangga Lawe, nanging rakana nu
kasebat Ratna Inten Dewata. Hiji istri geulis camperenik, salirana jangkung alit, kulitna
koneng. Rambutna hideung meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu
hoyongeun nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka raina Rangga Lawe, hiji jajaka nu dedeg
sampe rupa hade rancingeus, pertentang tur parigel.

Ceuk sakaol, sateucanna Rangga Lawe jeneng raja, nu nyepeng karajaan Timbanganten teh
ramana suargi nu jenengan Rangga Raksa Nagara. Ti parameswari Dewi Gandani anjeunna
kagungan dua putra. Nu cikal jenengannana Ratna Inten Dewata, ari raina mah Rangga Lawe.

Sawaktos raja sepuh bade ngantunkeun alias tilar dunya, kantos mantenna masihan bewara
dina hiji riungan rehna mantenna bade masrahkeun karajaan Timbanganten ka putrana nu
cikal nyeta Ratna Inten Dewata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging kalayan lantip,
Ratna Inten Dewata ngawaler:
Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg hate, upami diparengkeun abdi
panjang umur, Ama sareng Ibu parantos teu aya, abdi hoyong nyirnakeun pikir, ngahenang-
ngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu hoyong kadali pamarentahan. Kukituna,
sanes nampik pangasih Ama, bawiraos sae pasihkeun bae ieu karajaan teh ka pun adi Rangga
Lawe. Kalintang pantesna upami pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gede wawanen,
perceka dina sagala rupa hal. Tah, ku kituna ka rayi Lawe, prak geura tampa amanat jeung
kaasih ti Ama jeung ti lanceuk. Geura cekel ieu karajaan Timbanganten.

Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratna Inten Dewata angkat ka gunung Kutu nu kiwari
disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih, nu bumela ngaping ngajaring sang
putri. Mangtaun-taun marantenna ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri.
Tempat nu kalintang pikabetaheun. Hawana seger. Komo mun pareng kekembangan
nyambuang sarareungit. Manuk-manuk recet disarada. Ngerelekna sora pancuran nu ngocor
kana empang matak betah tumaninah.

Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan cocobi nu kalintang ageungna. Nyeta halodo
panjang, dugi ka masyarakat karajaan Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti
para gegeden karajaan supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi
ngabedol babakan Putri nu waktos harita ngarupikeun padepokan Ratna Inten Dewata.
Kalayan teu ngemutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan ingkang raka, Rangga
Lawe nyaluyuan pikeun ngabongkar babakan Putri, nu caina engke baris dikocorkeun ka
bendungan karajaan Timbanganten. Tempat anu dipikabetah ku Ratna Inten Dewata teh
lajeng dibukbak, teras didamel tambak, teu tata pasini heula kanu kagunganana.
Ratna Inten Dewata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub nutup buana
Timbanganten jeung sabuderna. Kawitna mah rahayat Timbanganten suka bungah. Angot
Rangga Lawe mah, dikintenna hujan bakal turun, katurug turug tambak cai tos bade rengse.

Tapi kasuka jeung kabungah harita keneh sirna, sabab ngadak-ngadak taneuh oyag. Gunung
Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gede mimiti karasa. Taneuh inggeung. Gelap pating
burinyay. Bumi genjlong asa digunjang ganjing. Gunung Guntur ngabudalkeun batu pating
saliwer. Langit asa tungkeb. Pating jelegurna sora gelap dina ponclot gunung Guntur beuki
motah. Tatangkalan pating dorokdok raruntuh, pareunggas katebak angin tarik naker.

Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu kadieu. Pating
jarerit, pating koceak. Rangga Lawe kakara sadar, yen eta kajadian kitu teh mangrupa
bebendon ti dewa, dumeh geus wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak
pamajikan, Rangga Lawe seja milarian Ratna Inten Dewata, rek mundut dihapunten.
Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk.

Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawe tepang jeung Ratna Inten Dewata. Kudupruk bae
anjeunna nyuuh kana dampal sampean Ratna Inten Dewata, sabari nyarios dumareuda: Duh,
Mbok, hapunten jisim kuring rumaos lepat. Ieu teh bebendon Hyang Widi ka jisim kuring, nu
bedang wangkelang ka salira Mbok.
Satutasna Ratna Inten Dewata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawe, ngadak-ngadak lini
teh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui leutak panas. Batu gede, batu leutik geus
taya nu pating belewer deui. Langit ngadak-ngadak lenglang, angin leler. Ciri Dewata
nyakseni kana kabersihan hate Ratna Inten Dewata.
Ceuk sakaol, Ratna Inten Dewata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih wetan nu
dituju nyeta gunung Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun ngasakeun tatapana.
Sarta didinya pisan marantenna tarilem.

Ari Rangga Lawe mah, angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai. Rangga Lawe nya
ngababakan deui. Lila-lila eta babakan teh beuki rame batan Korobokan kapungkur. Nepi ka
kiwari babakan enggal teh katelah Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat
dayeuh Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui.Tapi ari ngaranna mah masih
keneh tug nepi ka ayeuna.

Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawe nu dijenengkeun raja deui ku rahayat Tarogong,
sabada bumen-bumen di dinya, tilem teu ngantunkeun tapak. Cipanas ayeuna jadi
pamungpungan ti mana mendi, mangrupa wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan,
atawa ngadon tatamba pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu
deui Tarogong ayeuna leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal samemehna mah
Korobokan teh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran
kampung. Tarogong mah beuki lila beuki rame. Garut katelah jadi Kota Inten.

Anda mungkin juga menyukai