Anda di halaman 1dari 2

Rumasa Gusti, Ibadah Jarang,

Pagawean ukur nu di Gugulung teh


Kadosa we nu di gugulung teh
Urusan dunya we. Lunca Linci Luncat Mulang
Udar tina tali gadang, lali tina purwadaksi.

Luncat ti jalan nu geus di tangtukeun ku anjeun.


Rumasa gusti diri the ukur lamokot ku dosa,
rumasa ucap jeung lampah kuring
sok nganyeri hatekeun sasama, rumasa gusti rumasa.
Ditampi gusti sagala oge di tampi ku simkuring

Hirup kuring, paeh kuring anjeun nu kagungan.


Pasihan simkuring hidayah, kasabaran, sareng sifat-
Sifat anu sae, ngarah hirup kuring waspada dina
Ngolah rasa, saimbang dina tangtuna, merenah dina usikna,
Panceg dina lengkahna. Ngarah ngabogaan sifat anu
hormat ka saluhureun ngajenan kasahandapeun.

Leungitkeun sifat sirik pidik nu ngancik dina ati,


Aral subaha nu nyayang dina dada. Sabab mung anjeun
anu tiasa ngusik malikeun jalmi.

Ibu sareung Bapak..


Hampura sok cidra basa....
tara ngaguugu ka papagah anjeun.
Jarang ngalaksana ka papatah anjeun
lain maksad teu nyumponan lain teu hayang ngalakonan
Rumasa can bisa nangtung ajeg..
mere pangarti komo kudu mere bati..

Hampura Bapak sareung Ibu


Paniatan mah gede, ngan meureun can pareng
ukur niat jeung tekad anu hade
Hatur nuhun Bapak sareng Ibu
Geus ngaamprokeun ieu rasa,
rasa nu tadina biasa ayeuna robah jadi asa
nu ngungkit batin mapag bulan anu suci

Ibu.. Bapak Bulan Ramadhan teh..


laksana imah kadua pasuliwer jalma
nu matak hate leuwih rumasa..
yen Ramadhan lain bulan anu biasa.

Hatur nuhun Ibu.. bapak


geus ngamprokeun ieu duriat keur Bulan Ramadhan..
muka lambaran nu can tangtu batur ngalaman
Hatur nuhun Ibu.. Bapak
geus midangkeun pangresep ka nu jadi anak
pangubar lara mugi panyipuh kokotor basa

Ibu Bapak Mugia Anjeun sehat salawasna..


tebih tina cocoba dunya.. anggang tina katugnenah rasa.
Amin.

Anda mungkin juga menyukai