Anda di halaman 1dari 2

NASKAH DRAMA

KABAYAN GOES TO HOLYWOOD

Adegan 1

Kabayan ngalamun bari sura seuri sorangan di saung.

Nyi Iteung: Duh eta si Akang meuni sura seuri kitu ka Iteung, tara tara. (Nyi Iteung ngomong
sorangan bari leumpang ngadeukeutan Kabayan)

Nyi Iteung datang ka saung, tuluy gek diuk di deukeuteun Kabayan. Nyi Iteung teu apaleun
yen si Kabayan teh keur ngalamun.

Nyi Iteung: Kang, ah akang ulah sura seuri kitu, mun ceuk budak ayeuna mah Iteung the jadi
salting alias salah tingkah.

Si Kabayan teu ngajawab. Tuluy Nyi Iteung ngomong sorangan.

Nyi Iteung: Kang, ayeuna kan urang geus lulus SMA, Iteung mah embung kuliah ah, lieur kuliah
mah. Lamun Iteung kuliah, Iteung kudu papanggih jeung matematika deui, kimia, komo fisika,
puguh teu belul kanu kararitu the. Matak Iteung mah sigana rek satuju wae ka ambu. Ambu the
bakal ngasupkeun Iteung ka kursus ngajait, jadi engke Iteung rek nyieun butik. Ari Akang rek
naon? Eh kang, tapi mending urang kawin heula weh, engke akang bisa muka warung seblak,
baso, tahu bulat, atawa bacil. Kumaha? Tukang bacil maleer ge beunghar, sugan weh urang ge
jadi beunghar. Jadi, bari nungguan Iteung bisa ngajait jeung muka butik, urang usaha nu kitu
heula, engke Iteung nu masak, akang bisa ngabantuan ngaladangan atawa tukang deliperi. Da
gening jaman ayeuna mah usumna deliperi. Kang? Kumaha kang, satuju teu? (Ngomong bari
ningali ka sawah nu endah)

Nyi Iteung karek nyadar yen Si Kabayan titatadi ngalamun, teu merhatikeun naon nu
diomongkeunana.

Nyi Iteung: Iyeuh! Gusti nu agung, titatadi the ngalamun gening. Teu kadenge saeutik eutik
acan nu ku Iteung omongkeun? (Nyi Iteung ngambek bari nepak kana suku Si Kabayan
satarikna)

Kabayan: Alah nyeri!


Kabayan: Eh Teung, nyeri atuh Teung, teupupuguh jol ngambek ka Akang, jeung jol jol aya
didieu, kawas jurig wae. Kalem, ulah ambek ambekan bisi tereh kolot! (Ngajawab kalem,
pikasebeleun kawas biasana)

Nyi Iteung: Duka ah, Akang mah kitu..! (jamedud)

Kabayan: Ih ulah baeud ah, dieu Akang boga rencana. Kan urang the nya karek lulus SMA, tah
akang the rek jadi artis Holywood. Kumaha?

Nyi Iteung: Astaghfirullah kang, akang the katumpangan jurig naon? Rupa pas pasan, bahasa
inggris was wes wos teu puguh, rek kumaha jadi artis? Komo artis Holywood. Turun kang, ari
ngimpi the meuni jauh jauh teuing

Kabayan: Teuh maenya kabogoh akang ngaremehkeun kitu, piraku salila ieu sapopoe ningali
beungeut nu kasep jeung babarengan wae the teu apal talenta akang? Yeuh nya teung, akang
aya babaturan nu gawe diditu jadi menejer artis, kamari akang papanggih, ceunah rek
ngabantuan akang jadi artis oge diditu, asal boga modal daek wungkul. Kieu teung, lamun akang
engke sukses, Iteung oge pan bangga, Iteung engke jadi pamajikan terbahagia di dunya, si Abah
jeung si Ambu rek dijamin oge hirupna ku akang, pokona Iteung ge teu kudu gawe, cukup
satuluyna jadi pendamping hirup akang.

Nyi Iteung teu jamedud deui, manehanana sura seuri ngabayangkeun jadi pamajikan artis
Holywood

Nyi Iteung: Tapi kumaha lamun akang teu balik deui kadieu?

Kabayan: Rek kumaha akang teu balik deui, ari aya Iteung nu hiji-hijina dipikacinta ku akang.
Paling mun akang teu balik deui, akang geus paeh sabab kaliwat sono ka Iteung. Iteung kudu
percaya ka akang nya, pan ieu ge demi Iteung. Kumaha?

Nyi Iteung: Muhun atuh kang, Iteung percaya ka akang salawasna.

Adegan 1

Ami pepe diza, berkumpul cari mangsa buat ditipu. Diza ngomong ka ami jeng pepe

Anda mungkin juga menyukai