Anda di halaman 1dari 1

Gingseng Pemere

Harita waktu kuring keur rineh diharepeun imah keur ngopi bari
jeung udud daun kawung, teu ngahaja katingali aya hayam keur
kawin meuni ku lila, dabiasana ari kawin hayam mah mun kawin
ngan sajorelat, atuh puguh kukuring diperhatikeun saecesna.
meuni heran teu kapikir ku akal. ah teu gujrud ka batur da era
bisi jadi matak.

Poe isukna kitu deui eta hayam malah leuwih lila ti kamari, jadi
kuring panasaran arek gujrud ka batur era bisi majarkeun mata
karanjang kajeun ningali hayam oge.

Kitu jeung kitu deui eta hayam teh, kuring panasaran nya akhirna
kuring betus bebeja ka kang Maman tatangga sabeulah imah,
malah kang Maman oge panasaran naha bener omongan kuring
kitu teh, naon anu jadi cukang lantaranna.

Sore na waktu kuring arek ka cai tukangeun imah ngarasa kaget,


yen pelak gingseng anu dina kaleng urut biskuit pamere Kang
Husin oleh oleh ti Korea tea geus burundul dipacokan hayam, euh
pantesan hayam ge sakitu kuatna ngahakanan gingseng pelak
kuring !
Sent by: Doddy Handdy posted on 22 June 2014

Source: https://www.ketawa.com/2014/06/10236-gingseng-
pemere.html

Anda mungkin juga menyukai