Anda di halaman 1dari 1

KARANG TARUNA SEKAR NONOMAN

Sekretariat : Jalan Pakujajar 25, Bandung

Nomer : 05/KTSN/VIII/2011 Bandung, 1 Agustus 2011


Perkawis : Gempungan

Kahatur :
Saderek Gigin Ginanjar
Jalan Pakujajar II/12
Bandung

Kalayan hormat,
Hatur uninga, kanggo ngareuah-reuah HUT Kamerdekaan RI anu ka-66, Karang
Taruna Sekar Nonoman bade ngayakeun kagiatan pagelaran kasenian. Ku margi kitu,
peryogi diayakeun babadantenan antawis pangurus.
Eta gempungan teh bade dilaksanakeun :
dinten : Senen
kaping : 5 Agustus 2011
waktos : tabuh 08.00 - 12.00
tempat : Kantor Sekretariat Karang Taruna Sekar Nonoman Jl. Pakujajar
No. 25 Bandung.
Kalintang bingahna upami Saderek tiasa sumping dina waktosna. Langkung ti payun
ngahaturkeun nuhun kana perhatosanana.

Pupuhu,

Agus Suparman

Anda mungkin juga menyukai