Anda di halaman 1dari 1

Asal mula desa Bayuning

Sajarah Bayuning moal bisa dipisahkeun jeung sajarah Kuningan, sabab ditempotina wewengkonna
kaasup wewengkon Kuningan, sarta teu jauh, ngan saukur kaheuleutan ku pasir bungkirit
wungkul.Lamun dina taun 752 Masehi, atawa dina awal abad ka 8 di Kuningan geus ayakarajaan, anu
harita anu jumeneng rajana kakasihna Seuweukarma, ngagem agamaHindu, tangtu bae Bayuning
oge kaasup wewengkon karajaan Kuningan, anurahayatna ngagem agama Hindu.Unggal-unggal
wewengkon pasti aya anu pangheulana bumen-bumen ditempat eta,anu saterusna jadi kokolot
atawa anu ngababakan didinya.Di urang, di Bayuning ayeuna, anu harita ngababak-babakna teh
nyaeta SenapatiArtawiguna, katelah Pangeran Bayuantara, ari istrina kakasihna PangeranAndayasari
atawa Pangeran Bayuningsih.Istri sareng pamegetna the estuning sauyunan pisan, dina
kahirupananangaluyukeun kana kaayaan alam harita, cai curcor ti unggal ci nyusu, cainacanembrang
herang, pantes lamun anjeunna betah bumetah di tempat ieu.Nurutkeun unggeling carita mah,
garapana oge dibagi wewengkon sewang-sewangan, carogena nyaeta Pangeran Bayuantara Beulah
wetan, ari istrina nyaetaPangeran Bayuningsih Beulah kulon.Ari nu disebut beulah wetan nyaeta
wewengkon cipulus ka wetankeun, anu ayeunadisebut Birit Dayeuh. Hanca garapan istrina, nyaeta
pangeran bayuningsih beulahkolon the pusatna di Karamat, kampong Pahing ayeuna, sok disebut
oge BujalDayeuh.Di Cibayuning, tapi ka kiwari masih keneh aya ciri, tutunggul batu jeng
tutuwuhanpipireunana., hanjuang jeng kacapiring, mun teu salah baheulamah didinyateh ayabalong,
anu caina tina ci nyusu.Aya Birit Dayeuh, aya Bujal Dayeuh, tangtu bae aya Hulu Dayeuh, anu
pernahnakuloneun lembur ayeuna.Ceuk dongeng kolot baheulamah, yen Bayuning teh nu
ngagegeuhna istri, jenenganana Pangeran Andayasari, mun aya nu pareng
ngawenehankeunmahgeulis ka wanti-wanti, rambutna ngarumbay panjang kacida.Ku hal-hal anu
tadi bisa nyieun kacieundeukan, yen bayuning teh nyandak tinangaran anu ngababak-babakna,
nyaeta bangeran Bayuningsih.Bayuning teh ngandung harti, arti bayu hartina angina, ning tina
bening atawawening, hartina beresih, harti sagemblengnamah nyaeta angina anu beresih, muga-
muga bae saterusna Desa Bayuning teh desa anu angina beresih, disinglar tinapolusi.Aya oge anu
nyebutkeun yen Bayuning teh tadinamah Banyuning, ngandung harticai anu beresih atawa herang,
ieu oge teu salah sabab Bayuning teh beunghar ku cinyusu, anu caina canembrang herang.Di unggal
tempat cinyusu, sok disebut oge hulu cai, baheula mah geueuman,pikakeueungeun, sabab harieum
ku tatangkalan anu galede, kayaning bunut,caringin, pulus jalatong jeung rea-rea deui samalah
tempat anu sarupa kitu teh sokdianggap sungil, taya jalma nu ngulampreng, komo ngaganggumah
kana tatangkalananu aya didinya estu di pahing pisan.Eta teh akal karuhun urang sangkan ulah aya
nu ngaganggu, tepikeun ka caina tetepngagolontor, mereun ayena mah disebutna teh hiji usaha
ngalestarikeun alam.Anyar keneh pisan, hulu cai cigugula, anu pinuh ku tatangkalan galede, nyaeta
pulus jalatong, di barukbak dijieun sawah, atuh dina parengna ayeuna butuh ku cai teh,hese bari
jeng leutik.Numatak taya bayana urang anu jadi pangwaris karuhun urang, kudu aya hojahpikeun
mulasara unggal-unggal hulu cai pikeun kahirupan balarea

Anda mungkin juga menyukai