Anda di halaman 1dari 2

PRAS PRIS

Pras pris, hujan soré


Rus ras, inget baé
Dag dig dug ratug haté ah...
Sok aya-aya baé

Pras pris, hujan soré


Inggis, henteu sumping
Panutan buah haté ah...
Piraku jalir jangji
Kapan cenah kanya’ah
moal kahalang ku hujan
Kapan cenah miasih
moal kagémbang nu lian
Kapan cenah mihéman
tumerus na lelembutan
Kapan cenah micinta
lahir tumekaning batin

Pras pris, hujan soré


Rus ras, inget baé
Deg degan seseblakan ah...
Teu puguh rarasaan

MIÉLING BUDAYA
MUPUSTI ADAT SENI SUNDA

Pras pris, énjing-énjing


Haté jadi melang
Nungguan haté manteng ah...
Kunaon jadi bimbang

Pras pris, tengah dinten


Ngumbar panglamunan
Sawangan panineungan ah...
Jadi bingung sorangan

Naha enya asmara gumulung sajuta rasa


Naha enya micinta ditalang rasa cangcaya
Naha enya katresna pinuh liku romantika
Naha enya satia bakal jadi pamatrina

Pras pris, sora kalbu


Ngentring jadi lagu
Maturan rasa simpé ah...
Sing surti nu nampina

Naha enya asmara gumulung sajuta rasa


Naha enya micinta ditalang rasa cangcaya
Naha enya katresna pinuh liku romantika
Naha enya satia bakal jadi pamatrina

Pras pris, sora kalbu


Ngentring jadi lagu
Maturan rasa simpé ah...
Sing surti nu nampina

Anda mungkin juga menyukai