Anda di halaman 1dari 1

BIANTARA KABERSIHAN SAKOLA

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bapak kepala SMA Negeri 1 Parigi nu ku sim abdi dipihormat, Ibu miwah Bapak Guru
anu dipihormat, para staf Tata Usaha nu sami-sami lingsih, kanca mitra, rerencangan
saangkatan sareng adi-adi kelas anu ku abdi dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu
parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu
acara. Teu hilap mugia shalawat sinareng salam urang sanggakeun ka junjungan urang
Nabi Agung Muhammad SAW.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat.


Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang
sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak
nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang
kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina hadits oge diterangkeun, nyaeta :
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits di luhur, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang
teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman
ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa
hadas ageung, nu sangkan nyebabkeun urang teu suci. Bersih tina eta sadaya teh nu
didasarkeun tina bersihna sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Urang kudu
mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Para wargi anu mulya.


Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih
raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu
bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup
sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu
Maha Welas tur Maha Asih.

Para wargi anu mulya.


Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu
kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa
ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb.

Wasta: Anisa Siti Rofiatul Arafah

Kelas: XII IPS 3

Anda mungkin juga menyukai