DRAMA
Wangenan Drama
Drama mangrupa salasahiji cabang tina kesenian saperti seni rupa, seni musik, seni tari jeung
seni sastra. Di antara cabang-cabang kesenian éta, seni sastra raket patalina jeung seni drama. Sacara
etimologis, drama asal kecapna tina basa Yunani Kuno draomai anu hartina gerak. Satuluyna
wangenan éta mekar (dina masa Aechylus, 525 – 456) jadi hiji kajadian, risalah, atawa karangan.
Drama hartina dialog dina wangun puisi jeung prosa kalayan katerangan laku (Putu Wijaya dina Teater).
Wangenan drama numutkeun sababaraha ahli diantarana:
a) Moulton nétélakeun yén drama téh mangrupa kahirupan nu di"gambarkeun ku gerak.
b) Brander Mathews nétélakeun yén drama nya éta konflik tina sifat manusa anu mangrupa sumber
poko drama.
c) Balthazar Verhagen ngébréhkeun yén drama mangrupa kasenian anu ngagambarkeun sifat
jeung sikep manusa ku gerak.
d) Iskanarwassid (1996: 32) ngébréhkeun yén carita drama nya éta karangan sastra anu medar hiji
carita atawa lakon ngaliwatan dialog anu diperankeun ku para pamaén (aktor) dina hiji pagelaran.
Dumasar kana sababaraha definisi drama di luhur bisa dicindekkeun yén drama nya éta
lalakon kahirupan manusa anu dipagelarkeun dina hiji panggung ngaliwatan media dialog, gerak,
jeung tingkah laku dumasar naskah tinulis (minangka hasil sastra) kalayan maké musik, kakawihan,
atawa tarian anu bisa disaksikeun ku panongton.
Sajabaning ti unsure-unsur diluhur, aya ogé nu ngébréhkeun drama leuwih écés deui, nya éta:
A. Tokoh
Tokoh nya éta salasahiji unsur drama nu digunakeun ku pangarang pikeun ngébréhkeun peristiwa
atawa kajadian dina wangun plot, konflik, ide, struktur, lakon, setting sarta tema.
1. Jenis-jenis tokoh:
a. Protagonis, nya éta tokoh utama nu dicaritakeun dina lakon
b. Antagonis, nya éta tokoh nu jadi lawan tina tokoh protagonis
c. Deutragonis nya éta tokoh nu aya dipihak protagonist, tapi fungsina teu sapenting
protagonis.
d. Foil nya éta tokoh nu aya dipihak antagonis, tapi teu boga fungsi nu sapenting antagonis.
e. Confidant nya éta tokoh nu jadi sasaran utama dina nepikeun pamadeganna protagonis
atawa antagonis, éta pamadegan umumna teu bisa dipikanyaho ku tokoh séjénna.
f. Raisonneur nya éta tokoh nu jadi alat atawa media pangarang dina nepikeun amanatna ka
panongton.
g. Utility nya éta tokoh nu miboga fungsi pikeun ngalakukeun sarupaning hal-hal leutik, saperti
muka panto, ngirim surat jsb.
B. Peristiwa
Peristiwa mangrupa salasahiji unsur drama nu digunakeun ku pangarang pikeun nepikeun watak
para tokoh. Peristiwa nya éta kalakuan atawa adegan tokoh nu aya dina hiji lakon boh paguneman,
boh gerak-gerik nu bisa ngarangsang tokoh séjénna sangkan nyieun hiji adegan anyar.
1. Jenis-jenis peristiwa dina lakon:
a. Peristiwa awal nya éta peristiwa nu masih aya dina kerangka.
b. Peristiwa pertengahan nya éta peristiwa anu boga tujuan ngamekarkeun lakon ku
pertentangan antara tokoh protagonis jeung antagonis.
c. Peristiwa ahir nya éta peristiwa anu ngajelaskeun pertentangan-pertentangan serta
ngahadirkeun sarupaning ajén inajén.
C. Plot
Plot nya éta hubungan hadirna peristiwa nu hiji ka peristiwa nu séjénna, atawa adegan nu hiji ka adegan
nu séjénna dina hiji lakon.
D. Setting
Setting nya éta kasang tukang ngeunaan waktu kajadian atawa jaman, tempat kajadian, sarta cara
hirup hiji lakon.
E. Konflik
Konflik nya éta pertentangan antara dua tokoh atawa leuwih. Konflik jadi hiji kaniscayaan dina unggal
lakon sabab ngadatangkeun hiji ajén tina lakon.
F. Tema, ide, premis, gagasan
1. Tema nya èta judul aksi atawa kaayaan, nu terus jadi patokan nepikeun ka bérésna hiji lakon.
2. Ide nya èta pikiran pangarang nu dikarakteristikeun ka tokoh-tokoh.
3. Premis nya èta pendapat / pamadegan pangarang nu disimpulkeun ngaliwatan peristiwa ahir
nu aya dina lakon.
4. Gagasan nyaèta anjuran atawa ajakan pangarang ka panongton.
G. Dialog, Monolog, Soliloqui, Aside
1. Dialog nya éta paguneman antara dua tokoh atawa leuwih.
2. Monolog nya éta lakon nu dijieun ku pangarang husus dibawakeun ku saurang aktor.
3. Soliloqui nya éta obrolan eusi hate hiji tokoh.
4. Aside nya éta obrolan hiji tokoh diantra obrolan tokoh séjénna.
1.3 Bagbagan Drama
A. Saperti dina genre fiksi, dumasar kana panjang pondokna carita, drama ogé dibagi jadi dua:
1. Drama panjang nya éta drama nu biasana kawangun tina tilu-lima babak.
2. Drama pondok nya éta drama nu diwangun dina sababak, sok disebut ogé drama sababak.
B. Dumasar kana sifatna:
a. Komedi, nya éta drama nu dipungkas ku kabungahan panongton nu ngarasa dihibur, biasana
dina adegan-adeganna loba adegan nu pikalucueun.
b. Tragedi, nya éta carita drama nu dipungkas ku suasana sedih. Biasana tokoh utamana
ngarandapan kaayaan nu nyababkeun sedih, kuciwa, malahan nepi ka maot. Peristiwa atawa
kajadian nu aya dina ieu drama disebut kajadian tragis.
c. Tragikomedi, nya éta drama nu eusina nyaritakeun suasana sedih campur bungah. Panongton
kadang-kadang sedih jeung kadang-kadang bungah. Di ahir carita biasana tragis, atawa bisa
ogé pikabungaheun.
d. Melodram,. Ieu drama loba mintonkeun carita dina wangun patalékn, sakedik pisan dialogna.
e. Farse (farce), Drama nu sifatna ngan lelucon, tingkahlaku pamaénna karikatural, tapi tetep aya
flot carita sanajan leuwih deukeut kana unsure ngabanyolna. (Racikan Sastra ).
C. Dumasar kana pintonanna:
a. Longsér
b. Ubrug
c. Topeng banjét
d. Ronggéng gunung
e. Jipeng
f. Betok
g. Gekbreng
h. Réog Cirebon
i. Ketoprak
j. Wayang
k. Tarling
l. Sandiwara
m. Pantomim
n. Langenswara
o. Drama radio
p. Gending karesmén
D. Dumasar kana eusina:
Dumasar kana eusina, drama kabagi jadi drama prosa, puisi, sajak, kawih, sisindiran, jsb.
E. Dumasar kana wangunna, dibedakeun jadi drama lisan jeung drama tulisan.