A. Pengertian Dongeng
Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh
kacida pisan lobana, diantarana nyaeta dongeng. Dongeng nyaeta carita anu
teu asup akal jeung teu bener-bener kajadian, biasana osok nyaritakeun
kajadian-kajadian zaman baheula.
Tapi mun ningali kaayaaan zaman ayeuna mah barudak teh, khususna anu
cicing di Tatar Sunda loba anu teu wanoh-wanoh acan kana dongeng.
Kukituna urang salaku kaum muda anu gelar jeung cicing di Tatar Sunda
boga kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak sangkan resep kana Sastra
Sunda utamana kana dongeng. Jenis dongeng teh loba pisan rupana
diantarana aya fabel, parable, legenda, mite, sage, pamuk jeung dongeng
pieunteungeun.
B. Ciri-ciri Dongeng
1. Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung
pondok. Ari nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok
didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa
jeung caritana kawatesanan.
2. Aya bagian anu pamohalan.
3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan,
protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepikeuna
sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi
jeung pieunteungeun.
6. Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
7. Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
8. Pola ngadongéng sok angger.
C. Papasingan Dongeng
1. Dongéng Sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun
moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan,
waték, jeung budi manusa, tapi diperankeun ku sato. Ilaharna dongéng sato
(Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna kawas manusa, upama baé
bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongéng sato biasana
watek palakuna geus dipola. Contona carita Sakadang Kuya jeung Sakadang
Monyet.
Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet téh mangrupa dongéng
sasatoan asli ti Sunda. Bénteun jeung dongéng anu palakuna sato séjén.
Contona dongéng Sakadang Peucang, hirupna dina sastra téh mangrupa
pangaruh ti sastra Jawa.
2. Dongéng Babad (sage)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun
kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Sagé mangrupa carita
peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta
panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu
pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.
3. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji
jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi
ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta
dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina
sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si
Congcorang,jjrd.
4. Dongéng Mite
Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu
dianggap karamat ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina
jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna
ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana nu maot. Aya ogé
mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, jeung tanda-tanda
alam. saperti sangu, jagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi Sri, Dongéng Nyi
Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng
Ngipri.
5. Dongéng Pieunteungan
Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan
pikeun kahirupan manusa. Bisa dongéng jalma biasa atawa sasatoan. Contona
Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
6. Dongéng Pamuk
Dongéng pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén
hiji jalma tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto
carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu
Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa
Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu
pernah maréntah wewengkon Pasundan.
7. Dongéng Légénda
Dongéng légénda nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat,
barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa golongan
carita anu geus turun tumurun, anu geus jadi milik sagolongan masarakat.
Palaku utama dina legenda jalma biasa.
Papasingan Legenda :
a. Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama
islam. Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana:Syéh Siti Jenar di
Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan
Arang dari Tembayat, jste.
b. Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma
ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.
c. Legenda tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu
dianggap kungsi aya kajadianana.
d. Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya
patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi,
upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona nyaeta saperti
Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.
D. Unsur-Insur Intrinsik
1. Téma, nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku
pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca
atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.
2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian
anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita.
Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku
pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi
tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur
campuran.
3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina
hiji carita.
4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
5. Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca.
Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus
réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.
F. Kacindeukan
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok
nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula. Dongéng kacida pentingna
pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongeng bisa
dipaké pikeun ngadugikeun pesen saperti pesen moral. Kusabab kitu bisa di
peka pangajaran ogé di sakola
G. Lampiran
1. Dongéng Sasatoan (Fabél)
KUDA HADE BUDI
Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar
handapeun tangkal kai bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang
kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung nu keur gegerungan tea.
Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal
aya nu nyaaheun ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari
ngagadil nu keur gegerungan.
Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya
sareuri akey-akeyan.
Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat,
kajaba sakadang Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna
mah ukur gogodeg.
Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh
tah si Belang teh ku sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal
Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana kalakuan Maung teh.
Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur
sakarat, sakeudeung deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat
teh ulah dihareureuykeun kitu.
Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!”
Sanggeus ngadenge omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya
jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui.
4. Dongéng Mite
MAUNG KAJAJADEN
Cigorowong nukatelah lembur misteri atawa kasohor mistik kacatur di
eta dusun aya beja ti jelma nu beunang dipercaya pak ujang arana.
Dina mangsa harita poe kemis malam jumaah pa ujang kadatangan tamu
nu ngahaja ngadeuheus ka dusun cigorowong bah genta jeng sobatna
mang hasan.
Cunduk kana waktu ninggang kamangsa, bah genta keketrok kana
lawang imah pak ujang, sampurasun... Sampurasun... Rampes dijawab ku
pamajikan pak ujang!
Krekekkkk tuluy pok bah genta tumanya
Punten bu dupi ieu leres bumina pak ujang tea? Sumuhun leres pisan
upami dipercanten mah abdi pisan bojona pak ujang teh!
Wah sae atu upami ieu leres bumina pak ujang mah, bari nembongkeun
beungeut anu atoh!
Yap mangga kalebet panginten, ahhh didieu weh kuring mah enakeun
bareu ngareureuh kuen kacape.
Bah genta tuluy pok nyarita.
Punten bu dupi pak ujang na nyondong? Kaleresan pisan kang ujang
nembe pisan mulang tileuweung, aeh aeh naha wayah kiwari can
mulang? Kitu tea weh kang ujang mah sok mulang burit wae!
Punten iyeu teh saha tea nya meni asa rareuwas kieu? Upami dipercanten
mah abdi teh bah genta nu ngahaja hayang panggih jeung pak ujang, tah
iyeu batur kula mang hasan ngarana! Ohhh sumuhun atuh antosan
sakedap bade ngawartosan kang ujang wireh ayna nyondong tamu!
Teu kungsi lila pak ujang ka luar ti jero imah, aeh geningan aya tamu nu
timana tea ieu teh?
Bah genta pok ngawaler bari nyerengeh
Hehehe abdi bah genta nu datang ngahaja datang kadieu, punten bah aya
pamaksudan naon nya nepika namu wayah kiwari? Kieu pak kula datang
kadieu teh aya maksud wireh di lembur ieu teh aya beja sok nembongan
maung kajajaden
Pak ujang ngahuleng teu gancang ngabandungan patanyaan bah genta...
Bari ngarenghap pinuh kareuwas pak ujang nyarita!
Aeh aeh naha bet apal bah ka eta beja?
Muhun kusabab abah mah pinuh kupanasaran hayang ngamprokan
jirimna maung kajajden teh kawas kumaha da ceuk beja mah eta maung
teh sok ngamangsa ka jelma-jelma baleungahar.
kitu tah beja nateh bah, malahan mah kula kadieu teh bareng jeung batur
kula rek newak eta maung kajajaden nu keur geunjleung di unggal
lembur!
Pak ujang pok nyarita!
Kieu bah riwayatnamah eta maung teh lain sembarang maung tapi maung
anu sakti mandra guna geus teu bisa ditandasa ku jelema
Ahhh kula mah can waka percaya saencan kula nyanghareupan eta
maung ayeuna kula kadieu teh ukur rek ngajajal sajauh mana eta
kasaktian su mangkeluk maung kajajden teh pokona kula ayneuna keneh
hayang di anteur ka pak ujang sangkan nuduhkeun panyumputan si
maung daek nganteur kula ngandung harti pak ujang sakaluarga salamet,
lamun teu nganteur keun kmula ka tempat panyumputan eta maung
ngandung harti pak ujang sakaluarga dipodaran ayeuna keneh!!!
Bah genta pop[olotot ka pak ujang bari nalenkeun bedok ka beuheuh pak
ujang.
Pak ujang kasieunan sabab di ancam ku bah genta jeung mang hasan rek
ditandasa!
Mangsa eta keneh aya jirim nu kokolebatan di buruan imah pak ujang
bari gegerem hhhhaaauummm hhaaauummm
Bah genta tuluy ngareret kasabeulah kenca sing horeng kasampak aya
muang bodas keur gegerem kawas anu rek ngamangsa, panon buncelik
nyorot ka bah genta bari ngagerem hhheeemmmm hey manusa ulah coba
coba nangtang ka kula bisi di teureuy ku kula.
Hhhaa hhaa hhaa haaaaaa bah genta jeung mang asan seuri ngagakgak
atoh semu nagtang ka maung, hey sakadang maung kula teu sieun ka
mahluk model kitu kula datang kadieu jeung batur kula ngahaja rek
modaran mahluk nu model sia hahahaha
Pak buktikeun manusa tandasa kula prak pegatkeun tikoro kula
Pak ujang teu eling pingsan kasieuna ku nembomgana macan kajajden!
Bah gente nyerepet keun bedogna kitu deui mang hasan, hayu hasan
urang kepung iyeu mahluk hayu bah urang uyup iyeu getih macan model
kieu, mang hasan ngabelesan nyabetkeun bedogna ka beuheung maung,
sagilek eta maung ngelok bari nyaakarkeun kukuna ka bitis mang hasan
wadawww kurang ajar siah maung
Bah genta ngablsat ti tukang nyerepetkeun bedogna ka hulu maung,
ciiiiiaatttt plosss ngeplos aeh kurang ajar sia maung!
Blesat sakiceup eta maung ngagabruk ngarontok mang hasan nu keur
nahan kanyeri bllleess sihung maung abus kana tikoro mang hasan,
hadeuuuhhh tobatttttt
Bah genta napsu ambek nyedek ningali sobatna ditandasa ku maung!
Bangkawarah teh siah maung bari metakeun ajian pamungkasna,
siiiiaaaattttt crok prat pegat ceuli ngenca maung hahaha beunang sia
maung ku aing moal dililakeun deui.
5. Dongéng Pieunteungan
MANUK GARUDA JEUNG GAGAK
Aya garuda tarik pisan nyamberan anak embé. Disamber, diranggeum,
tuluy dibawa ngapung. Harita, aya manuk gagak nyahoeun. Manéhna
kabitaeun hayang nurutan kalakuan gagak.
Ceuk manuk gagak, “Katurutan moal nya lamun aing siga kitu?”.
Kabeneran, sanggeus nyarita kitu, gagak nempo aya embé badot. Gagak
tuluy hiber luhur pisan, sanggeus di luhur monteng nutug ka handap.
Bari nurutan garuda, gapruk nyamber embé badot sarta diranggeum ku
cakarna.
Barang rék dibawa hiber, sukuna tikait kana bulu susuri embé. Atuh teu
bisa hiber deui. Nu ngangon embé nyahoeun. Gancang baé gagak téh
ditéwak, diteukteukan bulu jangjangna, sarta tuluy dibikeun ka anakna,
dipaké kaulinan.
Ceuk anak nu ngangon, “Bapa éta manuk naon?”
Témbal bapana, “Ieu manuk téh hayang bisa nurutan garuda, tapi tétéla
ieu téh manuk gagak!”
Hartina ieu dongéng: ulah wani-wani nurutan kalakuan batur nu moal
katanagaan ku awak urang. Moal aya nu bisa nulungan kana sial jeung
wiwirang urang, iwal akal urang nu kudu ngira-ngira, ngukur ka kujur
nimbang ka awak.
6. Dongéng Pamuk
MUNDINGLAYA DIKUSUMAH
Aya hiji nagara, nagara subur ma’mur kartaraharja, gemah ripah
lohjinawi, katelahna Pajajaran. Ari Raja Pajajaran harita anu nelah Prabu
Siliwangi, raja adil paramarta tur dipikanyaah ku rahayatna.
Permaisurina nya eta Padmawati.
Permaisuri teh keur kakandungan. Anjeunna nyiram palay buah honje.
Terus bae nitah lengser pikeun neangan honje. Teu ku hanteu, harita teh
di Pajajaran kacida hesena manggihan honje. Atuh kapaksa Lengser
mapay-mapay nagara neangan honje.
Sanggeus lila neneangan, ahirna lengser teh manggih hiji tangkal honje.
Tapi pikeun meunangkeunana kudu parebut heula jeung Lengser Nagara
Muara Beres. Manehna oge sarua deuih keur neneangan honje pikeun
permaisuri Muara Beres nu keur nyiram. Dua Lengser parebut honje,
nepi ka galunganana. Gelutna euweuh nu eleh euweuh nu meunang,
sabab sarua bedas jeung saktina. Duanana ngalungsar nahnay bakating
ku cape. Antukan buah honje teh dibagi dua. Sabeulah keur permaisuri
Pajajaran, nu sabeulah deui keur permaisuri Muara Beres.
Sanggeus datang mangsana, permaisuri Pajajaran ngalahirkeun budak
lalaki, dingaranan Mundinglaya di Kusumah. Ari permaisuri Muara
Beres ngalahirkeun budak awewe, dingaranan Dewi Asri. Geus
ditangtukeun ku Dewata, eta dua budak teh bakal ngajodo.
Kocapkeun Mungdinglaya teh geus gede, geus jadi pamuda anu gagah
tur sakti. Hiji peuting Padmawati nempo Lalayang Salaka Domas di
Jabaning Langit. Mundinglaya dititah nyokot eta Lalayang Salaka
Domas. Tapi samemehna kudu ka Muara Beres heula neang
pipamajikaneunana, nyaeta Dewi Asri.
Mundinglaya indit ti Pajajaran dibarengan ku Gelap Nyawang jeung
Patih Kidang Pananjung. Barang nepi ka Muara Beres, harita keur aya
dina kaayaan teu aman. Muara Beres dikepung ku raja-raja salawe
nagara, pedah lamaranana ditolak ku Dewi Asri. Raja salawe nagara hiji-
hiji diperangan ku Mundinglaya. Antukna kabeh taluk.
Ti Muara Beres, Mundinglaya indit neangan Lalayang Salaka Domas.
Ari eta Lalayang Salaka Domas teh anu Guriang Tujuh. Barang datang
ka Jabaning Langit, atuh der bae perang. Mundinglaya dihurup ku Yaksa
Maruta, Jonggrang Kalapitung, jeung Guriang Tujuh. Ahirna
Mundinglaya unggul sarta bisa mawa Lalayang Salaka Domas.
Ti dinya mah terus bae atuh Mundinglaya teh mulang ka Jabaning
Langit. Lalayang Salaka Domas dipasrahkeun ka bapana. Mundinglaya
kawin jeung Dewi Asri. Teu lila ti harita Mundinglaya di Kusumah
jeneng raja di Pajajaran.
7. Dongéng Légénda
SANGKURIANG
Dina hiji mangsa, dicaritakeun aya sahiji putri raja di jawa barat
ngaranna dayang sumbi. Dayang sumbi boga anak lalaki nu kasep
ngaranna sangkuriang.
Sangkuriang kareseupna ngaburu sasatoan di leweng. Sangkuriang
dibaturan ku hiji anjing nu ngaranna tumang, anjing eta lain sawajar
anjing, nu sabenerna anjing eta titisan dewa nu mangrupakeun bapana
sangkuriang.
Tina hiji poe, sangkuriang jeung tumang mangkat ka hiji leweng, naha
kunaon pas sangkuriang nitah si tumang ngudag buruan ka leweng, si
tumang embungen nuturkeun kahayang sangkuriang, nah akhirna si
tumang diusir ka jero hutan ku sangkuriang.
Sa entos sangkuriang balik deui ka istana, sangkuriang nyaritakeun
kajadian eta ka indungna nyaeta dayang sumbi.
Ngadenge carita eta, dayang sumbi teras ngambek kacida, teu sadar
akhirna dayang sumbi nakol sirahna si sangkuriang make sendok sangu
anu keur di cekelna nepi ka aya urutna.
Sangkuriang ngambek, terus akhirna langsung mangkat ngembara
ninggakeun istana karajaan na. Saprak kajadian eta dayang sumbi nyesel
ka anu tos naon dilakuken nana ka sangkuriang.
Sa entos kajadian eta, dayang sumbi terus nga-doa jeung tapa. Tina hiji
wangsa, dewa-dewa masihan hadiah ka dayang sumbi nyaeta rupa awet
ngora jeung kageulisan anu abadi.
Entos lami pisan sangkuriang mangkat, akhirna sangkuriang mutuskeun
balik dei ka istana. Sa entos nepi ka istana, sangkuriang ningali kerajaan
eta teh tos beda pisan.
Di dinya oge, sangkuriang ningali aya hiji awewe anu geulis kacida nu
teu lain padahal mah indungna.
Ningali tina kagelisan nana, akhirna sangkuriang niat rek ngalamarna.
Sabalikna oge, sangkuriang teh sosok jalmi anu kasep, nu mantak nyien
dayang sumbi oge reseupen ka pamuda eta teh.
Dina hiji poe, sangkuriang caritana arek pamit menta izin rek ngaburu di
leweng. Sangkuriang menta dayang sumbi pang ngarapihan keun tali nu
ditalian dina sirahna.
Dayang sumbi rewaseun pas ningali aya urut bared tina sirah
sangkuriang nu arek jadi calon suamina eta teh.
Urut bared eta, persis pisan kos anakna nu tos ngarantau bahela. Dayang
sumbi merhatikeun terus, dipikir-pikir beungetna oge mirip pisan jeung
anakna nu mangkat harita.
Dayang sumbi mulai ngarasa curiga, akhirna dayang sumbi niat rek
ngagagal keun perkawinan eta teh, dayang sumbi teras ngajukeun dua
syarat ka pamuda eta, nyaeta:
Ka hiji, dayang sumbi hoyong pamuda eta teh ngabendung cai citarum,
kadua na, dayang sumbi hayang hiji sampan parahu anu gede pikeun
nyebrang cai citarum.
Kadua syarat eta kudu tos di lakukeun saencan panon poe mulai bijil.
Nah dina peting eta keneh, sangkuriang mulai ngalakukeun dua syarat
eta.
Sangkuriang mulai tapa jeung ngerahkeun makhluk-makhluk gaib pikeun
ngabantuan ngawujudkeun dua syarat eta.
Dayang sumbi, mulai ningali lalaunan pagawean sangkuriang nu
sabenerna ampir beres di lakukeun.
Dina waktu eta keneh, dayang sumbi oge mulai marentahkeun pasukan
nana pikeun ngabentangkeun laon sutra nu warna beurem ti sabelah kota
timur, sa olah-olah okos panon poe nu karak bijil.
Sangkuriang terus ningali warna bereum eta, jeung ngira panon poe tos
mulai bijil. Sangkuriang akhirna teu jadi neruskeun pagawean nana,
ngambek lantaran nganggap teu bisa ngabulkeun dua syarat eta.
Make kakuatan nana, akhirna sangkuriang ngabobol bendungan anu
entos di jienna, teu lila jadi banjir gede jeung nendang sampan parahu nu
tos dijienna.
Sampan parahu eta ngalayang jeung akhirna ragag dina hiji gunung nu
ayena disebut "gunung tangkuban parahu."
KIRAI
Kirai nyaeta solokan anu rada gede nu di tutupan sabagian tempatna
ambeh caina jadi kakeueum. Tempat eta atos aya 50an. Sacara turun-
temurun osok diaranggo ibak, nyeuseuh jeung sajabana. Alesan na
tempat eta dibere ngaran kirai kusabab baheulana aya hiji tangkal kirai
nu nyurungkun kana lurureun cai solokan na. nepi ka ayeuna tempat eta
ngarana Kirai.
Didinyateh sakapeungmah osok aya kajadian anu aneh-aneh. Mantak tara
aya nu wanieun jalma cicing di tempat eta nepi ka peuting.